LANGIT
usum katiga warna pulas bulao. Kira-kira wanci haneut moyan. Srangéngé moncorong geus dua tumbak luhur mumunggang Gunung Arca. Nu tatanén geus arindit ka sawahna séwang-séwangan. Sora embé pating bérélé silih témbalan jeung batur-baturna. Kaambeu seungit haseup durukan. Kabiasaan di lembur, sésa jukut nu teu dihakan ku embé jeung domba atawa Ingon-ingon séjénna sok langsung diduruk. Mang Kardi keur ngageberan baralak anu dibeungkeut tuluy disundut, bener, kamari pisan manéhna ngagali lombang tempat meuyeum cau. Teu maké karbit, tapi dipeuyeum kucara dikubur. Lilana kana tilu poé, cau langsung asak.
usum katiga warna pulas bulao. Kira-kira wanci haneut moyan. Srangéngé moncorong geus dua tumbak luhur mumunggang Gunung Arca. Nu tatanén geus arindit ka sawahna séwang-séwangan. Sora embé pating bérélé silih témbalan jeung batur-baturna. Kaambeu seungit haseup durukan. Kabiasaan di lembur, sésa jukut nu teu dihakan ku embé jeung domba atawa Ingon-ingon séjénna sok langsung diduruk. Mang Kardi keur ngageberan baralak anu dibeungkeut tuluy disundut, bener, kamari pisan manéhna ngagali lombang tempat meuyeum cau. Teu maké karbit, tapi dipeuyeum kucara dikubur. Lilana kana tilu poé, cau langsung asak.
Lembur Kapitan, pernahna kiduleun kampung Cibodas. Ngan aya tilu puluh suhunan imah. Tilu diantarana masih panggung. Jalma nu boga pangaruh di éta lembur, anu disebut kokolot lembur nyaéta Ki Méméd. Dipikolot da mémang geus kolot, umurna nincak 82 taun. Tapi katénjona masih jagjag waringkas, tangginas, tur gesit. Teu éléh ku jalma anu umurna tilu puluhan sok sanajan pangawakanna teu pati jangkung.
Bisa menca, lain kembangna wungkul ogè katut eusina. Aya bédana menca kembang jeung eusi. Menca kembangna wungkul mah ku diajar saminggu lilana ogé arék budak atawa anu geus sasawa bisa langsung makalangan di luhur panggung. Sedengkeun menca eusi mah, saha baé nu diajar kudu ngaliwatan hambalan - hambalan, ti mimiti diajar menca, diatik kakuatan, nepi ka kudu bisa ngagulingkeun batu sagedé munding kucara ditajong atawa diteunggeul. Lain supaya meunang pangajén jeung pangakuan ti balaréa salaku jalma sakti, utamana mah sangkan bisa ngabéla ka diri sorangan. Cukup sakitu.
Loba carita ngeunaan Ki Memed salaku kokolot lembur. Ngaranna ogé kolot, kudu sagala ngawasa kana widang-widang kahirupan. Ngeunaan kasaktén mah lain caturkeuneun. Dina zaman gorombolan jeung usum werit kusabab PKI terus-terusan nyieun pacogrégan, Ki Méméd mindeng nyalametkeun lemburna sorangan jeung wewengkon séjén tina kajahatan gorombolan jeung PKI.
Carita ti urang Kapitan, lima gorombolan dipaksa kudu nyuuh nalika ku Ki Méméd disebut ; manusa-manusa lumpuh teu boga rasa kamanusaan! Lima urang gorombolan tapak deku, leuleus, kawas kapuk kaibunan. Ti harita, euweuh jalma anu kumawani macem-macem ka Ki Méméd. Ku urang Kapitan dijadikeun kokolot lembur, anu boga pancén lain ukur jadi pupuhu lembur ogé kudu bisa ngaréngsékeun sagala pasoalan nu disanghareupan ku urang lembur.
Dina widang politik kungsi diparebutkeun kudu asup ka partéi itu ieu dina taun 60-an. Euweuh anu ditarima. Ngan dina mangsa Orde Baru mah, Ki Méméd diperenahkeun jadi "Dewan Panaséhat " partéi pamaréntahan, teu nolak lain teu wani, tapi keur ngajaga lembur tina pacékcokan politik anu karék anyar beunta. Nepi ka taun 70-an, partéi pangawasa pinunjul baé dina tiap Pemilu. Minangka sikep males budi ka urang Kapitan, réngsé Pemilu, Pa Camat méré bantuan ka masarakat, wargad keur nyieun MCK umum.
Geus puguh dina widang kaagamaan mah. Ki Méméd bisa kawilang jalma sagala bisa. Ti mimiti ngawurukan ngaji nepi ka ngimaman solat berjamaah. Saminggu sakali sok ngeusi pangajian mingguan, sakali séwang jeung Kang Ocep. Dina poé jumaah ogé sok kapancénan ngeusi khotbah di masjid désa, can aya masjid jamé di lembur Kapitan mah, da jumlah wargana can cukup keur ngayakeun jumaahan. Teu pati jauh ongkoh deui masjid jamé désa ti éta lembur. Di Kapitan karék ngadeg masjid leutik, disebut langgar mah lain, da ukuranna leuwih gedé tibatan langgar, geus aya kulahan ongkoh. Di éta masjid pisan, Ki Méméd namplokkeun pangartina ka masarakat Kapitan. Sebutan ka dirina, kajaba kokolot lembur sok aya ogé anu nyebut ahli hikmah.
Ahli hikmah lain dukun -ceuk salah saurang anu kungsi ngobrol jeung Ki Méméd. Jauh pisan bédana antara dukun jeung anu sok ngahikmah. Enya ogé sok maké jampé pamaké, samodél jangjawokan, tapi jampé- jampé nu dibaca ku Ki Méméd mah geus nyurup jeung ayat anu aya dina Quran. Dimimitian ku maca bismillah tuluy ditungtungan ku maca alhamdulillah. Ari dukun mah siga Ki Janali, dina nambaan batur sok ngukus menyan, maké keris diacung-acung sagala, malah aya anu kungsi kudu aya iketan jeung Nyi Mas Putri lamun panyakit hayang geura cageur. Loba ogé anu datang timana-mendi anu ménta kadigjayaan, kadugalan, jeung kabeungharan. Nya kitu, kudu tapa jeung semedi sagala di guha Kutamaneuh atawa kudu dibarengan ku nyuguh di Gunung Arca. Kitu ceuk masarakat di éta wewengkon ngeunaan ahli hikmah jeung dukun, antara Ki Méméd jeung Ki Janali.
Sakumaha anu kungsi diobrolkeun jeung mualim Oléh, Kang Acip kudu tatanya ka jalma ngarti, dina poé éta, wanci haneut moyan manéhna ngagidig leumpang ka kidulkeun, arék nepungan Ki Méméd. Béja ti mualim Oléh kénéh, salah saurang jalma nu kawilang bisa maca kahirupan jaman anu geus kaalaman tèh nyaéta Ki Méméd pisan. Dina pikiran Kang Acip, teu salah meureun lamun dicobaan, nanya sagala rupa anu kungsi diomongkeun ku jinat bapana sababaraha taun ka tukang.
Pakarangan imah Ki Méméd lega tur lalening, pikabetaheun. Aya tangkal balingbing, sirsak, jeung dipager ku hanjuang. Sampeu jeung lalab-lalaban mah tong dicaturkeun, tangkal waluh siem ogé gomplok ku daun, ngarambat kana awi anu ngahaja dipasangkeun luhur pakarangan anu dipinuhan ku tutuwuhan sabangsa sayuran. Imahna panggung julang ngapak.
" Assalamualaikum, sampurasun."
" Waalaikumsalam, aéh, Aya sémah. Yap asup, Dén." Ceuk hiji kolot, marahmay béar budi.
Sanggeus ngajelaskeun pamaksudanna, Kang Acip neuteup Ki Méméd. Daria pisan, diuk ogé teu usik. Talupuh ditilaman ku samak salambar.
" Karuhun..." Ki Méméd ngagerendeng. Tarang kerung. " Ceuk aki mah teu pati penting urang ngungudag lélépén anu kungsi diobrolkeun ku pun bapa ka hidep, Dén. "
" Mung panasaran baé abdi téh. Da sakur anu nyarios ka abdi, sok omat-omatan miwarang ngajaga Si Aim. Mualim Oléh ogé sami kitu."
Ki Méméd ngarénghap panjang.
" Nya, mémang bener, lamun ditarik garis ka luhur mah aya kénéh kakaitan jeung raja Sunda buhun kulawarga ujang téh, ti garis turunan bapa. Teu kudu jadi soal anu gedé, ayeuna mah kumaha carana sangkan budak ujang jadi naon anu dipiharep ka hareupna. Sing getol baé dzikir, amalkeun baé ieu bacaan tiap janari. Baca ku ujang, syahadat jeung surat Fatihah. "
" Sabaraha kali, Ki?"
" Samampuhna baé."
" Teu nganggo bacaan séjén siga jampé pamaké atanapi jangjawokan?"
" Nya ari ujang resep jeung daék ngamalkeun jangjawokan engké ku aki dibéré lah, lima nepi ka sapuluh mah. "
Balik ti Ki Méméd, Kang Acip langsung ka cai, beberesih, da pesen Ki Méméd sorangan lamun arék ngadeuheus kanu kawasa kudu tarapti dina beberesih. Méméh wanci lingsir ngulon, Kang Acip geus ngampar sajadah di kamarna. Diniatan arék dzikir jeung macakeun jangjawokan, moal sapoé dua poé, tapi arék terus-terusan. Nénjo aya anu robah dina diri salakina modél kitu, pamajikanna ngabati seuri baé. Ceuk pikirna, geus waktuna insyaf meureun. Teu loba tatanya, bisi salah jeung jadi matak.
Kang Warsa
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar (Hanca 4) "