AYA kajadian anéh di Kampung Cibodas, kajaba babalik pikirna Kang Acip anu asalna bolostrong teu daék ka masigit-masigit acan ujug-ujug jadi getol, malah getolna ogé lain gegetolan. Masigit jadi raresik da unggal isuk disapuan, diepél ku manéhna. Asalna mah, masarakat ogé ngarasa héran ku robahna sikep Kang Acip modél kitu. Sawaréhna nebak-nebak, meureun hayang beunghar ku cara ngadeukeutan anu Maha Beunghar. Ceuk mualim Oléh, ngaranna ogé jalma pasti kakeunaan ku robah. Naon niat anu sabenerna, ngan Kang Acip wungkul jeung Pangéran anu nyaho. Saha anu apal jeung nyaho kana eusi haté jalma?
" Ah, anu bener, Ma Biot leungit?"
Masarakat Cibodas gandéng nalika meunang béja ti Néng Asih, incu Ma Biot pituin, cenah ninina leungit. Ti wanci janari gedé nepi ka isuk can balik deui ka imah. Da tétéla wanci janari leutik téh anu jadi nini bébéja rék ka cai, rék beberesih. Nepi ka wayah kieu can mulang deui. Ngaranna ogé masarakat, nya kitu, hirupna dipinuhan ku sikep panasaran, hayang nyaho sagala rupa, antukna neguh. Rupa-rupa.
" Kasarung meureun, ngaranna ogé nini-nini!"
" Wah, moal mungkin, paling ogé tigebrus kana gawir."
" Atawa dirawu sandékala!"
" Ah, palangsiang bener ceuk manéh Upay, kasarung, ngaranna ogé nini-nini, leumpang wé meureun sakarepna, jigana brasna ka leuweung kiduleun Cimandiri!"
Kitu ramé jeung éarna urang lembur. RW Apud ngajak ka masarakat anu salsé, néangan Ma Biot, teu kudu ngaduga-duga jeung nyangka itu ieu. Dina poé éta pisan masarakat anu teu boga kasibukan naréangan Ma Biot. Tiap gawir ditalungtik, sumur jeung susukan disasar teu nyésa. Da bisi dirawu ku sandékala téa, tiap tangkal badag ditaékan, bisi disumputkeun dina tangkal atawa digantungkeun dina dahanna. Geus puguh rungkun jeung dapuran awi mah disingraikeun. Lebeng, teu kapanggih, euweuh laratanna.
Di lembur sorangan teu kapanggih, masarakat nyungsi ka lembur séjén, ditanya-tanyakeun, sugan nénjo hiji nini-nini anu ciri-cirina modél kieu: buuk geus pinuh ku huis, kolot, leumpangna semu bongkok, jeung kulitna péot. Nya heueuh atuh, ngaranna ogé nini-nini. Urang Cibodas - anu diluluguan ku RW Apud - ku urang Santiong dituduhkeun, aya hiji tempat anu baheulana dianggap tempat sandékala nyumputkeun manusa. Di Leuwiheulang.
Masarakat di éta wewengkon mah geus pada apal kumaha sangetna Leuwiheulang, moal aya anu kumawani ngulampreng atawa ngahaja ngaliwat ka éta tempat. Loba carita, jalma anu ngaliwat ka éta tempat, komo sosoranganan, jarang bisa balik deui.
Ngan ari kadinyana lobaan mah meureun anu ngaranna jurig ogé bakal sieuneun, komo ieu mah beurang. Moal aya jurig kabeurangan. Leuwiheulang disebut tempat anu sanget mémang bener. Masih hieum, katutup ku rupaning tangkal. Wanci panon poé satumbak mah cahaya srangéngé ogé teu bisa asup norobos ka éta tempat kusabab tangkal-tangkal ngajajar rapet. Keur néangan Ma Biot, sugan aya didinya, masarakat di éta wewengkon tumplek ka Leuwiheulang, tiap tangkal diriksakeun.
Angger suwung.
" Lamun enya mah, loba jalma anu kungsi disumputkeun ku sandékala di ieu tempat, meureun aya laratanna, geuning euweuh tapak-tapakna acan, ah!" Ceuk salah saurang jalma ngagerendeng ka baturna.
" Husss, ulah ngomong sagawayah, bisi manéh aya anu néang peuting engké!"
" Asa ku piraku baé, juring maké kudu tuang-téang sagala.."
" Heueuh, arék ngajak ulin ka manéh meureun. Baraya kénéh pan jeung jurig manéh téh?"
Plakk!!!. Sirah anu ngomong ditakol ku baturna.
Kabéh ngusap dada nalika kaluar ti Leuwiheulang. Dunya ssa lega deui. Salamet geuning euweuh anu kasasar. Ngan Ma Biot tetep can kapanggih, euweuh laratanna. Aya anu ngomong, bener sangkan salamet mah urang téh kudu rempug jukung sauyunan. Buktina? Ku cara lobaan asup ka tempat anu salila ieu dianggap sanget jeung pikasieuneun, geuning bisa kaluar deui ti éta tempat.
Nepi ka wanci manceran, Ma Biot can kapanggih kénéh. Urang Santiong teu milu nuluykeun néangan éta nini-nini. RW Apud ngajak masarakat Cibodas nuluykeun néangan Ma Biot ka lembur-lembur peuntaseun Cimandiri. Lamun perelu mah nepi ka gunung ogé kudu dilakukeun, demi saurang nini-nini! Da sarua pada jelema, kudu disalametkeun.
Lembur-lembur sisi gunung: Cipeueut, Bangbayang, Ciwangun, nepi ka Wangunreja disasar, ditéang, diaprak, sakur jelema ditanya. Kari capéna, Ma Biot angger teu kapanggih. Anu asalna néangan nini-nini arék dituluykeun sanajan nepi ka gunung jeung leuweung ogé antukna mah teu jadi. Ku akal séhat ogé geus kapikir, asa pamohalan saurang nini-nini anu tanagana geus rarémpo ari kudu bisa asruk-asrukan ka gunung jeung leuweung mah. Baralik deui baé ka lembur.
Di kampung Cibodas sorangan, nalika masarakat - utamana kaum lalakina - naréangan Ma Biot, ramé. Ceu Koyah haruhah-haréhoh ngomong ka Bu RW, majar nénjo Ma Biot keur diuk nyorangan di jalan satapak anu brasna ka astana gedé.
" Naha diantep atuh ku manéh, Koyah?"
" Ahh, sieun, jeung bisi salah téténjoan..!"
" Bener, jigana manéh salah téténjoan, da ku RW Apud saparakanca kabéh tempat anu aya di ieu lembur geus didatangan, kaasup astana gedé!"
Ngadéngé aya béja kitu, waktu nepi ka lembur, RW Apud jeung anu séjénna méakkeun rasa panasaran langsung ngajugjug ka astana gedé, sugan bener Ma Biot aya di éta tempat.
" Wah, ngabohong meureun Ceu Koyah mah!"
Suwung, di astana gedé euweuh sasaha.
Wanci tunggang gunung, hawa usum katiga karasa haneut, dibarengan ku hiliwir angin. Karasa pisan ku kabéh jalma. Moal aya kanyaah Pangéran anu bisa dibohongkeun ogé disumput-sumput. Barudak motah arulin di buruan imah. Bah Uman geus maca barjanzi jeung solawatan di masigit. Manuk kapinis nerus layung jeung méga. Alam anu matak pikabetaheun.
" Itu geuning siga Ma Biot, ditungtun ku Kang Acip!" Ceuk salah saurang awéwé.
Rob Ma Biot jeung Ka Acip pada ngariung. Ma Biot sorangan rawah-riwih teuing sedih teuing bungah. Urang lembur pada nyabak.
" Parantos ti mana atuh ema téh, pikamelangeun baé?!" Ceuk RW Apud. " Kapanggih dimana, Jang Acip?"
" Di Jalan Palabuan, waktu kuring balik ti imah babaturan katingali ieu Ma Biot keur diuk wé di sisi jalan..!"
" Asih, anu matak lamun nini manéh arék ka cai téh anteur geura, ngarah teu luas-léos ka mana-mendi, pan ngariweuhkeun jalma salembur tngtungna mah!" Ceuk RW Apud antara keuheul jeung bungah, pacampur.
Ma Biot pada nyalaman, teu béda jeung lebaran. Ma Biot sorangan teu ngarti, kunaon jalma-jalma ngadadak jadi bageur, nyabakan, malah nyalaman manéhna. Da mémang geus pikun téa, kakurung ku umur anu arék nincak saabad.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.
Posting Komentar untuk "Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 5) "