Aksara Sunda Keur Pamilon Atikan



Henteu gampang ngatik barudak sangkan bisa nyerat hiji kalimah komo alinéa ku aksara Sunda lamun henteu dimimitian ku ngawanohkeun éta aksara ka pamilon atikan (siswa/barudak). Tapi henteu hésé ogé, sabab lamun ditengetan kalawan maké panalungtikan basajan, jinis jeung karakter aksara Sunda geus deukeut jeung budaya urang salaku jalma anu dumuk di tatar Sunda.

Pangalaman anu karasa ku kuring, ngatik barudak sangkan bisa kana aksara Sunda dimimitian ku ngawawuhkeun heula barudak kana éta aksara. Métode anu nerap ka barudak sangkan wawuh jeung apal cangkem kana éta aksara ku cara ngahubungkeun aksara Sunda jeung jinis aksara séjén utamana aksara Latén. Umpamana, aksara Sunda keur Ka, Ra, jeung Sa, ampir sarua jeung angka 7 dina aksara latén atawa Arab. Kecap KARASA saluyukeun jeung angka 7, ku cara kitu barudak henteu kudu hésé sangkan apal kana aksara ngalagena Ka, Ra, jeung Sa.

Di sagigireun éta, aya hiji métode anu lumrah dilakonan ku para guru ngaji, ngajarkeun aksara Arab sangkan bisa maca Quran ku métode IQRO. Bacaan bisa ditransliterasikeun kalawan ngabandingkeun antara aksara Arab, Sunda, jeung Latén. Ngan, keur métode samodél kieu merlukeun waktu keur nyusun helua léngkah-léngkah ogé fase dina méré atikan ka barudak dina bentuk buku atawa tulisan anu geus dibukukeun. Tangtu, ieu lain pagawéan énténg.

Lamun ditalungtik, ku pamikiran basajan, ngatik barudak jeung pamilon atikan sangkan bisa jeung apal cangkem nyerat ogé maca aksara Sunda wungkul mah moal merlukeun waktu anu lila. Ku sabulan ogé, barudak bakal bisa nyerat jeung maca aksara Sunda. Anu hésé téh nerapkeun pangabisa barudak kana kahirupan sapopoéna. Naon pentingna aksara Sunda kudu dipikawanoh, dipikabisa, jeung kudu ngajadikeun tulisan sapopoé? Maksud anu utamana henteu lain keur nanjeurkeun budaya Sunda sangkan dipikaresep ku urang Sunda sorangan.

Anu ka-dua, urang kudu boga rasa kareueus, sabab lamun niténan kana sababaraha peradaban dunia, morfologi aksara anu ayeuna digunakeun ku pangeusi alam dunya ngan opat jinis aksara; Hieroglif- Fenisia-Etruska anu diadopsi jadi aksara Latén, Aramia-Nabatae anu diadopsi jadi aksara Arab, aksara Kanji-Mongoloid anu diadopsi jadi aksara China, Jepang, Koréa, jeung Mongolia, jeung aksara Pallawa-Hindustanik anu diadopsi ku sababaraha nagara saperti; India, Pakistan, Nepal, Viet, Thai, jeung nagara-nagara anu aya di wewengkon Asia Selatan jeung Asia Tenggara.

Nagara-nagara anu aya di wewengkon Amerika Tengah jeung Selatan (Latin) ogé miboga aksara-aksara tradisional/kuno anu dipaké ku sababaraha séké-sélér saperti; Maya jeung Aztéx, ngan lamun niténan kalawan taliti, jinis jeung karakter aksara dua séké-sélér éta can némbongkeun hiji aksara anu patén jeung baku. Karék nepi kana proyéksi kahirupan kana bentuk simbul-simbul.

Di sababaraha piramid kuno anu kapanggih ngan saukur simbul-simbul anu dihijikeun ngébréhkeun carita jaman baheula, bentukna ogé masih relief basajan can kompléks saperti relief anu aya dina candi-candi di Indonesia. Hartina, simbul-simbul anu digunakeun ku masarakat Maya jeung Aztéx can ngalaman évolusi anu balukarna ngarobah morfologi simbul jadi aksara.

Aksara Sunda mémang mibanda karakter anu ampir sarua jeung aksara Pallawa-Hindustanik, tapi mibanda hiji ciri, jinis jeung karakter aksara Sunda henteu némbongkeun kakomplékan, wangunan aksara dipinuhan ku garis-garis anu lempeng. Ieu nandakeun, aksara Sunda ti mimiti aya jeung digunakeun ku karuhun-karuhun sunda henteu ngalaman prosés évolutif jeung robahna morfologi aksara anu kuat, robah dina simbul kana aksara. Lamun dibandingkeun jeung robahna aksara Hieroglif kana aksara Fenisia, tina aksara Fenisia-Etruska kana aksara Latén kaciri pisan robahna.

Jaman mémang geus maju, aksara Latén anu diasimilasikeun ku Peradaban Romawi ka nagara-nagara deungeun saolah geus jadi aksara pergaulan di dunia. Ampir kabéh juru kahirupan; ti mimiti cangkang manggula karét nepi ka seratan anu minuhan gedong-gedong di nagara urang ngagunakeun aksara Latén. Ieu mangrupa hégémoni anu alus, bangsa Romawi nyebarkeun aksara Latén tangtu henteu asal-asalan, tapi dilakukeun kalawan sistematis, sarua jeung tarékah anu geus dilakukeun ku para ulama di Nusantara dina ngajadikeun Basa Melayu jadi basa sapopoé di Nusantara.

Lain harti urang Sunda kudu antipati kana aksara bangsa deungeun - da puguh dina ieu seratan ogé aksara anu digunakeun lain nanaon - tapi aksara Latén. Hartina, aksara anu dipimilik ku urang sorangan ulah nepi ka diapilainkeun, anu balukarna tileum, tuluy henteu kapanggih laratanna. Sarua jeung ulah antipatina urang kana barang-barang anu dijieun ku bangsa deungeun da puguh ari bangsa urang mah ngan saukur bangsa anu siap maké jeung ngagunakeun barang, nya kudu dibeuli tangtuna. Urang anti kana produk-produk anu dijieun ku Israél nalika can pernah kacaritakeun Blackberry atawa iPhone dijieun ku urang Cianjur atawa Sukabumi. Apan Cianjur mah katelahna ogé ‘Kota Taucho’, Sukabumi katelahna ‘Kota Mochi’.

Lamun diitung nurutkeun kana waktu ti mimiti nyebarna aksara Latén tug nepi ka jadi aksara anu dipaké ku pangeusi alam dunya henteu sakeudeung, ti taun 3.000 SM nepi ka ayeuna, ampir 5.000 taun. Lamun diitung ti mimiti diadopsina aksara Etruska jadi aksara Latén ti taun 500 SM nepi ka ayeuna geus 2.500 taun. Lain waktu anu sakeudeung. Tong miharep, dina waktu anu sakeudeung aksara Sunda ogé bisa nerap jeung jadi aksara sapopoé urang Sunda lamun henteu dimimitian mah.

Geus dijéntrékeun pan dina Perda Provinsi Jabar No. 5 taun 2003. Yén urang kudu miara basa, sastra, jeung aksara. Aksara mana?. Nya aksara Sunda. Anu kiwari sok disebut aksara KaGaNga téa. Kasauran Dr. Undang Ahmad Darsa, Dosen Pascasarjana Élmu Budaya Unpad, nétélakeun ngudal jeung miara aksara Sunda bakal méré rohangan anu lega pikeun nanjeurkeun jati dirina. Sababna ku ngawawuhkeun sajarah kabudayaan (aksara) jeung generasi bihari ka kiwari, bakal manteng sajarah jeung peradaban anu moal kapotong ku kaperluan séjén iwal kaperluan nyuprih pangaweruh sacara tuluy -tumuluy ngajadi budaya anu utuh.

Cutatan-cutatan sajarah, kalan-kalan sok jadi mengkol tina kapentingan. Tah ku ngudal kamekaran Aksara abad ka 14 M mangrupa ciri kamotékaran masarakat Sunda bihari anu méré ka generasi kiwari mangpaat anu saéstuna.

Para ménak pamangku kawijakan kahirupan hususna di Kota Sukabumi, mugia tiasa ngayakinkeun. Budaya Sunda ulah nepi keuna kana paribasa Jati kasilih ku junti. Peun.

Posting Komentar untuk "Aksara Sunda Keur Pamilon Atikan"