Barudak ayeuna can sabaraha bangor dibandingkeun barudak baheula. Teu baheula-baheula teuing, sebut baé barudak taun 70-80an. Ngan dina palebah telenges mah, moal éléh barudak ayeuna. Jigana – da can ditalungtik – tarelenges téh kusabab kadaharan anu asup kana awak anu mahabu ku rupaning zat kimia.
Ieu seratan lain arék ngaguar naon bédana bangor jeung telenges, keun baé hal éta mah urang teundeun heula sampeureun teuing iraha boa. Naha bener barudak baheula leuwih bangor tibatan barudak ayeuna? Bener, lain ngan ukur bangor ogé bisa disebut baong.
Bangorna produktif – kitu wé sebutna -, hartina bangor anu ngahasilkeun hiji hal dina kahirupan. Conto, dina taun 1993, nalika kuring karék nincak umur 14 taun. Harita bulan puasa, geus jadi kabiasaan, sakola peré sabulan lilana. Anu dipigawé ku barudak harita dina wanci manceran rupa-rupa, anu jelas can usum internét. Pagawéan – lain pagawéan sabenerna – anu dilakukan wanci manceran méméh lohor dina bulan puasa disebut ngabeubeurang. Kecap ngabeubeurang teu pati populér dibanding ngabuburit jeung nyubuh.
Dina wanci manceran barudak geus sariap-siap arék nedunan solat lohor. Saméméh solat - kitu ari kana hal anu dianggap alus mah - sok sing laliud heula, tuluy ngadon gogoléran dina talupuh téras imah Ma Aum. Masigit ath-Thahiriyah ogé masih basajan teu kawas kiwari.
Pikiran baong – jadi lain panon wungkul anu teu nempo téh – kaluar ti salah saurang babaturan nalika Kang Pa’i ngaliwat, sarua rék nedunan solat lohor. “ Urang heureuyan, Yu!” cenah. Kuring teu apal naon anu arék dilakonan ku barudak keur ngaheureuyan Kang Pa’i.
Biasa ti sasari, Bérés adan lohor nu aya di masigit ngalakonan solat Qobliah - ku urang lembur anu daék ngaji jeung rada nyantri mah disebut solat kobla – heula. Béda jeung bulan séjén, dina bulan puasa mah anu milu solat berjamaah sok leuwih loba. Ngan ari keur ukuran masigit ath-Thahiriyyah mah, nepi ka sajajar pinuh ogé bisa disebut alus atawa meueusan.
Geus jadi kabiasaan di lembur, jalma anu disebut kolot – siga Kang Pa’i – lamun arék solat sok muka calana jero atawa kolor jeung sontog. Bakating ku apik bisi aya najis mukhoffafah jeung mutawasithah anu napel meureun. Calan jero, kolor, jeung sontog sok disempélkeun dina liang naon baé anu aya di masigit atau diteundeun deukeut panto masigit. Didadamping téh teu maké calana jero, nya lamun teu kahalangan ku samping mah disebut ulad-alid téa.
Solat geus tilu roka’at karék barudak riab ka masigit. Wudu di kulah jeung pancuran. Salah saurang babaturan tap kana panakol bedug, kabeneran aya dua panakol. Nu hiji diasupkeun kana calana kolor Kang Pa’i, panakol kadua mah dibabawa baé ka jero masjid. Waktu sujud rokaat ka-opat, panakol bedug ku Si éta diasupkeun kana samping di antara lolongkrang dua pingping Kang Pa’i. Kabayang, kumaha akibatna nalika diuk tahiyat?
Bener, éta panakol bedug kadiukan ku Kang Pa’i pas éta-na pisan. Bener.. pasti seueul. Bener ogé ngaheureuyan anu keur puasa komo keur solat téh bisa disebut pagawéan atah adol. Anu paling bener mah , bérés solat, Kang Pa’i culang-cileung satengah lumpat ka luar, gantawang ngagorowok.
“ Kéhéd, saha sia anu kumawani ngasupkeun panakol bedug kana pingping aing?!”
Nya moal aya anu ngaku saurang ogé.
Kang Pa’i asup deui ka masigit, rék maké kolor. Teu kungsi lila, kaluar deui ti masigit bari ngacungkeun panakol beduk.
“ Bebenyit, haram jadah, kalakuan anak Si Bunoh sia nya?”
Belewer panakol bedug dialungkeun kana rungkun. Barudak? Sabari nyempod dina dapuran kibeling pating cirihil.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Barudak Baong"