Keur meujeuhna ramé game "Pokémon Go", lain di urang wungkul, malah keur ukuran sadunya. Loba anu ngajak jeung nitah: " download atuh dina google-play!". Kamari ngahaja noong kana sababaraha iber ngeunaan kamotékaran téknologi, Euh bener geuning keur aruplek wé ngaguar Pokémon Go.
Geus teu dibéré resep kana game ti leutik ogé. Baheula aya anu disebut game-watch sok dibaca jimbot, anu nyéwakeunna ngampar di sakola, game-watch ditalian ku tambang leutik da bisi aya anu maok jigana. Nyéwa game-watch teu dipakét sajam atawa dua jam, tapi ku sababaraha kali game-over. Harita ogé geus mikir, arék naon duit dilelebar keur mayar anu kitu, teu kudu nyéwa cukup nénjokeun anu maén wé.
Dina taun 80-an mahabu game séjén anu disebut dingdong. Resep kana dingdong lain kusabab resep kana game-na, kajaba resep kana monitor anu leuwih gedé jeung miboga warna teu kawas game-watch layarna monokrom, hideung jeung abu-abu. Lamun ulin ka dayeuh ogé lain maén dingdong, tapi ngadon nénjokeun anu keur muter-muter sabari mencétan dingdong. Anu gedé adat mah sok tarik mencétna, sataker kebek bari ngucapkeun: sétan téh!
Taun 80-an katompérnakeun mimiti mahabu Nintendo. Ieu mah game saperti vidéo. Diséwakeunna teu di sakola, tapi di imah ku anu boga ieu device. Kusabab dihirupkeun ku listrik arus bulak-balik (AC), ngitung nyéwana geus di-jam atawa diwaktu. Tug nepi ka ayeuna, révolusi game jeung média-médiana geus henteu kaitung deui, aya PS, PSP, X-box, jrrd.
Teu goréng lamun urang resep maén game. Nu salah mah nalika urang poho waktu jeung kamalinaan kusabab game. Teu resep kana game téh lain nanaon, kuring boga pikiran asa nyaah waktu dimonyah-monyah keur saukur ngembangkeun otak hareup. Ah, da enya atuh, hasil panalungtikan sababaraha taun ka tukang, anu ngaran game téh geuning ngarangsang tumuwuhna otak hareup anu miboga tugas maréntah hal-hal anu sifatna khayali jeung angen-angen.
Geus aya kajadian ahéng, saurang budak ngagebugan nini ku iteuk nepi ka perlaya. Pamuda di Cina perlaya kusabab over-dosis maén game bari poho kana dahar.
Game téh kaulinan. Réa pisan sabenerna kaulinan barudak di Tatar Sunda anu sifatna édukatif, ngarangsang psikomotor barudak, jeung ngagerakkeun réspon diri. Ngan kamajuan jaman geus mawa pangaruh kana diri jalma sangkan milampah hal anu basajan tur gampang. Keur maén game mah teu kudu silih téang heula, cukup kari ngahurungkeun hp, bisa panggih jeung babaturan dina game online. Béda jeung kaulinan barudak lembur, arék ucing-sumput baé kudu silih téang heula.
Anu jelas, Pokémon Go jeung game séjénna geus nyéréd kaulinan barudak Sunda dina mangsa kiwari. Otak hareup anu tumuwuh mawa pangaruh kana méntal anu beuki barangasan, galak, teu kaop kasigeung jeung kasindir langsung gaplok. Teu jauh béda jeung naon anu aya dina game, lolobana meredih jalma sangkan bisa ngéléhkeun musuh, lain batur pangulinan tapi "musuh". Nandasa jalma ogé dikudukeun dina game mah.
Kabéh anasir kudu boga kahayang, kumaha cara ngaronjatkeun deui rupa-rupa kaulinan tradisional. Barudak kudu wanoh deui kana bébénténgan, ucing sumput, kecap Hong, gatrik, galasin, éncrak, sondah, luncat tinggi, paciwit-ciwit lutung, jrrd. Teu mahal tapi geus hésé dilakonan, da kecap-kecap kaulinan tradisionalna ogé geus henteu dipikawanoh sagemblengna ku barudak ayeuna.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Pokémon Go "