Carpon: Jalma Kucel

Keur sagala hésé, ceuk iber dina TV mah ékonomi keur sulit. Nya bener sagala hésé. Naha atuh, ongkoh sagala hésé tapi pasar jeung toko mah heurin usik ku anu baralanja? Jadi sagala hésé téh palebah mana?

" Keur déwék wé meureun sagala hésé téh! " Gerentes Si Kemed. Udud anu dikempet dina sela curuk jeung jajangkung diilikan. " Kari saparapat deui?"

Ngarahuh. Wanci pecat sawed, barudak sakola geus bubar. Arélég di jalan. Hawa usum ngijih karasa ngelekeb. Langit geus ceudeum, hujan sok turun méméh lohor, geus biasa. Anu keur moékeun paré sakapeung sok dibarengan ku kukulutus, nyawad ka alam, ngan hujan wé!

" Ba'da lohor déwék rék ka dayeuh, rék nyoba kana pakasaban anyar, ahh wegah, arék ngalamar gawé ka pabrik semén baé, lumayan cenah rada gedé gajihna, Si Atip ogé kagajih kana lima yuta sabulanna." Pelenyun ngudud. " He-eh, pan Si Atip mah sarjana, ari déwék? SD ogé teuing dimana ijazahna?"

" Tong sok ngalamun wayah kieu, bisi kaasupan jurig jarian, Kemed!"

" Euh, silaing geuning, Ocim. Puguh geus kaasupan jurig déwék mah ti baheula ogé. " Semu ngabalieus. " Udud?" Bari ngasongkeun udud anu geus téréh béak.

" Ah, keur peré ngudud déwék mah." Ceuk Si Ocim. " Haram!"

" Haji Sukri sok ngudud, manéhna pan Kyai di ieu lembur, can pernah ngaguar dina tiap minggonan lamun ngudud téh haram." Si Kemed mencrong Si Ocim. "Heueuh haram ah, haram udud téh! " Pokna, udud anu kari puntung dileyek, ditincak kawas nu ambek. " Deuleu, ieu udud ku déwék dileyek!"

Si Ocim diuk gigireun Si Kemed. Dina saku Pangsi ngaluarkeun udud sabungkus. Udud disundut, haseup diseuseup, peledug kaluar tina baham jeung liang irung.

" Ari silaing kawas anu teu cageur, cenah haram?"

" Haji Sukri sok ngudud, manéhna pan Kyai di ieu lembur, can pernah ngaguar dina tiap minggonan lamun ngudud téh haram."

" Heueuh jadi kumaha atuh? Haram atawa henteu?"

" Dina cangkangna euweuh labél halal jeung haram."

" Jadi?"

" Nahaon silaing téh nananya halal haram udud ka déwék? "

" Rék milu moal?" Si Kemed ngéléhan. " Ka pabrik semén. "

" Arék naon?"

" Ngalamar gawé. Rieut déwék, kana tatanén hasilna kurang mucekil."

" Ari sawah arék diantep?"

" Antep wé, da moal kamamana meureun."

" Heueuh, hayu. Sakalian déwék ogé rék tatanya, hayang gawé, sarua euy, ngebon cabé kurang tarik hargana."

" Ari kebon rék diantep?"

" Antep wé, da moal kamamana meureun."

" Boloho ngan tuturut munding baé silaing mah!"

" Pikir ku manéh, ngan urang duaan nonoman di lembur Cihérang anu masih usaha kana tatanén. Anu séjén mah gawé ka dayeuh,ka pabrik, jeung ngumbara sagala ka ibukota. Sataun sakali baralik ka lembur, sagala dibawa. Si Uu mah geus kabeuli wahon sagala. Ari urang duaan? Ngan boga bati awak lestreng jeung bau hapeuk!"

" Heueuh, anu matak hayu urang robah hirup téh, urang gawé di pabrik semén jeung déwék. "

Paralak hujan turun. Si Kemed jeung Si Ocim ngésod ka tepas imah deukeut panto.

Ba'da lohor hujan root, siga ngahaja ieu alam, ngarojong kana maksud Si Kemed. Si Ocim bébéja arék mandi jeung nedunan lohor heula.

###

Di warung Mang Ujang aya anu diriung-riung. Hiji jalma diuk handapeun dipan, sakapeung ngagolér , buuk kucel, awak dekil, teu maké baju, awak ngan ukur dihalangan ku calana jero anu geus kotor. Teu eureun ngomong, sakapeung ngagalakgak seuri. Dibéré géhu hiji langsung disamualkeun tuluy ngomong.

" Nuhun, Lur!"

" Sami-sami, Lur!" Ceuk Mang Ujang.

" Saruana geuning, kalah ngadon dilayanan ku silaing mah, Ujang!" Bah Uko milu ngomong, melenyun ngudud.

" Handapeun ieu lembur, pinuh ku emas." Ceuk jalma kucel. " Sumpah, kuring mah moal bohong! "

Anu aya di éta tempat silih pelong. Mémang pernah baheula ogé aya anu ngomong kitu, kasang tukang éta lembur dibéré ngaran Cihérang ogé aya patula-patalina jeung kajadian rébuan taun ka tukang. Karuhun di éta lembur pernah nénjo emas mayakpak di tegalan kiduleun lembur. Cenah.

Ngan carita emas kasilih ku carita séjén anu leuwih "ngetrend " saperti kajadian di puseur dayeuh, kasus korupsi, skandal élit, gosip artis, jeung kahirupan sapopoé anu mémang kudu dipikiran kalawan daria. Lain saukur koréh- koréh cok, jaman ayeuna mah dipacok heula terus dikoréhan.

" Émang aya kitu anu gélo jujur?" Hansip Ika nanya, teuing kasaha.

" Atuh matak ngomong kitu ogé jujur meureun si éta téh, Ika." Hansip Adut ngomong bari nunjuk ka jalma kucel.

" Perlu bukti." Gerenyem Hansip Ika.

" Bener perlu bukti?" Jalma kucel nanya. Kabéh nu aya di éta tempat dipencrong imeut, euweuh anu kaliwat.

Jalma kucel ngarawu batu laleutik, tuluy kunyam-kunyem, teuing maca naon. Batu dikeupeul, dibuka, kabéh nu aya di dinya molotot mata simeuteun.

" Emas???"

Diawurkeun deui, ngawujud jadi batu.

" Tah, dilembur maranéh téh emas wungkul, wewelek!!!" Jalma kucel nangtung, tuluy ninggalkeun éta warung. Hansip Adut muru kana batu anu jadi emas tuluy jadi batu deui. Dikoréhan diilikan. Dicokot, terus disakuan. Jalma kucel terus leumpang ka kalér.

" Adut, udag itu jalma, deuleu!" Ceuk Hansip Ika.

###

" Kedah sarjana, Kang." Ceuk HRD pabrik semén.

" Jadi kumaha atuh?" Tanya Si Kemed.

" Muhun, upami sanés sarjana mah teu tiasa ngalamar sareng damel di ieu pabrik."

" Kudu sarjana cenah, Cim. Manéh sarjana lain?"

" Boro-boro, ijazah SD gé teuing dimana?"

" Jadi kumaha atuh? Euweuh alternatif séjén? "

" Kedah sarjana." HRD nyéréngéh, tétéla urang lembur mah parolos jeung rada boloho.

" Apan ieu pabrik aya di wewengkon kuring, naha kuring maké teu bisa gawé di dieu? Teu adil atuh."

" Tiasa damel, mung kedah sarjana."

" Aturan timana?"

" Ti perusahaan, Kang. Abdi mah mung kapapancénan wungkul, upami hoyong damel di dieu Akang kedah sarjana heula." Keukeuh.

" Kadéngé ku silaing, sanajan urang anu boga ieu wewengkon ari lain sarjana mah teu bisa gawé di ieu pabrik. Non sarjana mah cukup jadi penonton, Ocim." Ceuk Si Kemed. " Hayu urang mantog, teu perlu ngalamar ka pabrik modél kieu lah."

" Hayulah, terus kumaha atuh?"

" Mantogggg!"

HRD ngabati nyéréngéh, ngarahuh nénjo kalakuan dua urang lembur.

###

Wanci harieum beungeut, kaayaan di Cihérang béda jeung sasari. Di tiap imah geus ramé ku rupaning babacaan. Imah anu biasa nyetél sinétron ayeuna mah ngadadak peré, diganti ku ngaji Surat Yasin. Nu teu bisa ngaji, babacaan sabisa-bisa, aya anu maca fatihah wungkul, ngan saratus balikan, aya ogé anu saukur kunyam-kunyem, pokona babacaan sabisa-bisa. Da kitu ceuk jalma kucel, lamun emas anu aya di ieu lembur hayang némbongan deui tur mayakpak kawas anu kungsi dicaritakeun ku kolot-kolot jeung kokolot lembur Cihérang.

“ Teu kudu loba paménta jeung sagala hayang itu ieu, prak baé anu ku kuring diomongkeun lakonan, tawasulan, tahlilan, anu jarang jarrah ka kuburan lakonan saminggu sakali, doraka siralaing jolédar ka karuhun jeung ka aki nini uyut, wewelek!” Ceuk Jalma Kucel dina hiji mangsa nalika diudag ku Hansil Adut terus dibawa deui ka warung Mang Ujang.

“ Kabéh percaya?” Tanya Si Kemed kanu aya di warung dina hiji poé.

“ Percaya atuh, da euweuh nu goréng. Batu ogé apan jadi emas!”

“ Percaya kanu gélo?”

“ Da jelema anu gélo ogé!” Ceuk Mang Ujang.

“ Nya sukur atuh. Da kuring ogé osok jarrah jeung tahlilan mah. Nu jelas mah lembur jadi haneuteun baé!" Ceuk Si Kemed.

Geus kana dua bulan urang Cihérang ngabiasakeun tawawulan, tahlilan, jeung jarrah. Aya anu béda, lembur anu asalna ramé ku dangdutan dina VCD Player diganti jadi ku réang sora anu ngaji yasin. Para nonoman loba anu ngahaja maraké kopéah hideung, ngariung di téras imah RW Apud dibarengan ku tahlilan, saminggu sakali. Sok sanajan emas can kaluar kénéh saheunteuna kaayaan lembur karasa beuki mabra. Caang teuing ku cahya naon. Balukarna, hasil tatanén ogé jadi alus, paré anu asalna mindeng ku hama, dina dua bulan ieu mah kaciri pialuseun.

Anu hajat ogé ngadak-ngadak hayang ngayakeun degungan, jaipong, penca silat , jeung pangajian. Organ tunggal teu dipaliré deui.

Kang Warsa



Posting Komentar untuk "Carpon: Jalma Kucel"