ISLAM NUSANTARA (HANCA KATUJUH)
Ku Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
Awal sajarah Islam di Nusantara miboga sababaraha pasualan anu hésé diudar. Pasualan anu kaluar nyaéta nalika urang ngabahas asal muasal jeung tumuwuhna Islam di ieu wewengkon. Hal ieu kusabab saeutik data anu bisa ngarojong "rékonstruksi" sajarah anu bisa dipercaya (reliable).
Teu saeutik sarjana jeung ahli sajarah can miboga kamandang anu jéntré dina méré harti kana kecap Islam, can aya kamandang anu sapuk sauyunan naon ari Islam anu sabenerna. Salah sahijina aya anu méré harti: hiji masyarakat disebut Islam lamun Islam sorangan geus miboga fungsi kalawan nyata dina sagala widang kahirupan.
Para sarjana Barat miboga maksud dina nalungtik Islam di ieu wewengkon - ti jaman penjajahan nepi ka kiwari - keur ngaleungitkeun atawa ngurangan lalakon Islam. Akibatna Islam ngan disebut mangrupa hiji kanyataan anu teu pati ngakar kalawan sampurna di ieu wewengkon.
Snouck Hurgronje dina bukuna, The Achehnese geus ngaréduksi Islam kujalan nyieun wates anu béda antara Islam jeung adat kabiasaan. Padahal teu saeutik adat kabiasaan lokal anu loyog jeung niléy Islam.
Conto séjénna, Clofford Geertz méré labél "Agama Jawa" keur ngagantikeun Islam nalika nalungtik hirup kumbuh ieu agama di wewengkon Jawa.
Islamisasi di ieu wewengkon geus pasti teu saragam. Islam ditarima ku masyarakat gumantung kana watek adat kabiasaan lokal anu aya di éta masyarakat. Di basisir, hiji wewengkon anu miboga budaya maritim jeung dagang, masarakat di ieu wewengkon bakal leuwih gampang narima Islam, aturan-aturan dagang syariah, kusabab masyarakat butuh kana aturan dagang anu sifatna universal.
Béda jeung wewengkon agraris, masarakat teu butuh kana aturan-aturan dagang, teu perlu aturan anyar. Masarakat agraris miboga sumanget anu kuat dina najeurkeun adat kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun ti mangsa ka mangsa. Kaasup kana pasualan kayakinan anu kudu diagem ku éta masyarakat.
Hal di luhur nandakeun ieu wewengkon Nusantara miboga kaleuwihan lain saukur tina pasualan georafis jeung demografisna ogé kaayaan sosio-kultural, ékonomi, jeung politik anu mawa kana hiji kacindekkan : pamohalan Islam bisa ditanjeurkeun nepi ka jadi hiji konsép tunggal anu disumebarkeun ku salah sahiji golongan. Maksakeun diri sangkan umat Islam saragam méré harti rék ngaleungitkeun tapak lacak sajarah Islam di ieu wewengkon.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Katujuh)"