Dina prungna sholat subuh, masigit ogé pinuh nepi ka térasna ari mimiti asup bulan puasa mah. Urang lembur tumplek, anu di panyabaan ogé bélaan baralik heula, da kudu - malah saolah jadi kawajiban ngumpul ngariung jeung kulawarga dina tanggal hiji bulan puasa. Dahar wanci janari gedé babarengan, rupaning kadaharan utamana daging hayang disayagikeun. Budaya anu nerap, dapur ngebul ku haseup téh béda jeung ti sasari, ayeuna mah disampurnakeun ku seungit opor hayam jeung asakan-asakan séjénna.
Sok sanajan sapéker masigit masih dihurungkeun ku accumulator (aki), wanci janari leutik geus réang kunu tarhiman, ngahudangkeun anu keur sararé. Kekecapan ti taun ka taun biasana kitu kénéh.
“ Garugah.. garugah.. garugah.. sahur.. sahur..sahur…!” Ceuk Bah Misna semu ngagorowok, padahal dina sapéker.
Kabiasaan di lembur, dina taun 70-80an dahar sahur téh sok paheula-heula, malahan aya anu ngahaja dahar dina wanci janari leutik. Henteu ari tengah peuting teuing mah. Aya alesan, bisi kabeurangan jeung kaporotan dahar, nyaah cenah moal enya puasa poé kahiji nepi ka ditinggal kitu baé. Hal séjénna, urang lembur masih nyekel pageuh kayakinan, dahar paheula-heula nandakeun kabungah jalma dina nyanghareupan bulan puasa.
Aya dina katerangan, sing saha jalma anu ngarasa bungah nalika asup bulan puasa, jasadna bakal diharamkeun asup kana naraka. Kaum ibu geus dukdek usukan-asakan dina wanci janari leutik ogé, manaskeun daging anu diopor jeung digoréng. Budak kebluk lamun hésé dihudangkeun sok langsung dibanjur ku cai sagelas, paling henteu diképrét ku cai.
Masarakat Cibodas ti Kamari kénéh geus katénjo garumbira, dina poénan munggahan. Dina wanci panon poé satangtung ampir kabéh masarakat geus mareuncit hayam jeung ingon-ingon séjén. Sawarénha anu can diangir jeung kuramas minuhan cubluk kiduleun lembur, Marandi pating gejebur disiukkan, diguyurkeun nyéblok kana awak, lantis, diruru ku batu, aya ogé anu ngahaja nutuan kenténg jeung bata beureum, tuluy ngosok huntu ku kenténg jeung bata beureum anu geus dilemeskeun. Diangit cukup ku sampo basajan atawa ku sapu paré, budak lengger mah diangir ku sabun mandi ogé teu jadi sual.
Radén Kanta teu bisa kukumaha nalika masarakat cuh cih puncat-peuncit jeung usukan-asakan téh. Pamajikan jeung budakna masih di indung bapana.
“ Kunaon katénjona ngan huleng jentul baé, anu séjén mah keur meujeuhna riweuh.” Ceuk Mualim Oléh.
“ Aéh, puguh keur kieu wé, ngudud, Mualim. Meungpeung can asup puasa apanan. Yap atuh kadieu heula.” Témbal Radén Kanta semu kagerewahkeun.
Mualim Oléh diasongan udud. Peledug ngudud.
“ Kuring téh keur boga karerepet , Mualim. Pamajikan jeung budak can balik kénéh . Cenah ka kolotna.”
“ Téang atuh lamun masih nyaah kénéh mah.”
“ Nyaéta sanggeus kajadian kuring ngéprét Si Papat téa apanan éar salembur, majar kuring rék ngagadabah manéhna. Timburu meureun pamajikan téh campur jeung éra.” Gerendeng Radén Kanta.
“ Nya alus wé. Éta sugan bener teu naon anu digunemkeun ku urang lembur téh?”
“ Naon téa?”
“ Didinya bener arék ngagadabah Si Papat?”
“ Wah, resep ngadoni wé urang lembur mah. Moal enya kuring salaku turunan ménak anu terhormat kitu peta, Mualim.” Pokna campur jeung bohong.
“ Nya geus baé, wayahna kudu ménta hampura ka Si Papat jeung Ambu Uju, meungpeung masih aya waktu sapoé deui méméh puasa. Sok puasa pan?”
Beungeut Radén Kanta semu beureum. Dina dirina ngagerendeng, engké heula ari kudu ménta hampura mah ka Néng Papat jeung Ambu Uju.
“ Teu kudu éra. Da teu hésé atuh ménta dihampura mah. Itu ogé da lain ririwa, tangtu bakal ngahampura.”
“ Gampang éta mah, Mualim. Ieu mah pasualan pamajikan jeung budak. Kumaha tah kamandang mualim?”
“ Heueuh téang wé ka Bojongloa. Apanan lain sasaha, anak jeung pamajikan pituin éta mah.”
###
Radén kanta nyusulan pamajikan jeung Néng Sekar. Lapur, teu daék balik. Manéhna ngabati jebi nalika pamajikan ngomong.
“ Béréskeun heula pasualan Si Papat, panas ceuli kuring ngadéngé masarakat nyebutkeun gudubah-gadabah kitu.”
Sok sanajan ku indung bapa dititah tuturkeun salaki, anu ngaran awéwé ari geus dikikitu ku anu jadi salaki mah tangtu mikir dua kali.
“éra ku batur, mending tuturkeun tuh salaki manéh. Éra ogé ku anu jadi budak.” Ceuk Bapana.
“ Anu isin mah abdi sareng Sekar, mangkana Sekar kadieu ogé, Apa.”
“ Atuh kumaha meureun salaki manéh, mangkaning isukan téh poé kahiji puasa. Dahar sahur kumaha?” Indungna milu nanya.
“ Tiasaeun nyangu sareng usukan-asakan nyalira da.” Pokna singket.
###
Dina ngalakonan sholat tarawéh dibarengan ku silih séréd, ma’lum urang lembur. Masjid ramé ku anu sing jorowok maca amin jeung asholatulillah. Anu jadi imam, Mualim Oléh – sakapeung - sok lieuk deui lieuk deui ka tukang, maksudna nyaram kanu arélég, ngan teu kedal ku ucapan. Cukup ngalieuk. Nya kitu wé, jep sakeudeung, kadieunakeun ramé deui ku sora pating gedeblug. Silih séréd jeung silih jijek suku.
Bérés tarawéh ditungtungan ku dunga niat puasa. Nawaétu souma godin. Barudak barandel mah sok patarik-tarik nalika dunga niat puasa nepi kana bacaan ‘godin’. Di wewengkon Sukabumi, kecap godin boga harti dahar beurang sabari susulumputan nalika puasa. Sok disebut ogé ‘nyémén’ di wewengkon séjén mah.
“ Disabulankeun wé maca niatna, ambéh tiap saur teu maca-maca deui lapadz niat puasa.” Ceuk Mualim Oléh.
Réngsé maca niat, brul jamaah kaluar ti masigit paheula-heula. Nyakitu téa, silih séréd dina lawang panto. Salah saurang jama’ah aya anu ngahaja ngahahalang. Jamaah metet deukeut lawang panto masigit.
“ Saha téh anu ngahalangan?”
“ Si Junéd, anak Kang Mumuh!”
“ Buruan bebel kaluar, lain ngadon ngajedog dina lawang panto!” Gantawang Aki Acip nyarékan. Si Junéd beuki ngahajakeun.
“ Samping aya anu nincakkk..!” Pokna bari medolan samping anu ngahaja ditincak ku jalma anu aya tukangeun manéhna.
Bereyek kabéh jamaah kaluar tina lawang panto nalika samping Si Junéd dileupaskeun kunu nincak. Aya anu labuh. Teu ngambek kalah ngadon pating aréak.
“ Kéhéd sia, Junéd!” Ceuk Aki Acip geus siap rék nampiling lamun Si Junéd teu kaburu lumpat.
Masarakat anu geus nincak umur lima puluh taun kaluhur lolobana milu tadarusan peuting kahiji bulan puasa. Anu teu bisa ngaji jeung maca Quran mah ngadon nyaranghunyar di sisi masigit, sabari nyarandé kana témbok, panon peureum beunta. Lamun diajak aub jeung milu tadarus aya baé jawabanna.
“ Teu mawa kaca panon.” Cenah, sabari karacam-kereuceum, gigisik kana panon.
“ Taqobbalallohu minnaa wa minkum taqobbal ya kariim..” Prung tadarus dimimitian. Aya anu anca, aya ogé anu tatarinjulan macana, tagégog, teu puguh idhar idgomna. Dina Surat Al-Baqoroh nalika nepi kana ayat ngeunaan Nabi Adam kabéh anu milu tadarus babarengan ngucapkeun. “ Alaihissalaaaaaam…”
Anu dariuk di sisi masigit culang-cileung. Tuluy pipilueun ngucapkeun, “ Waalaikum salaaaammm..” Dipelong kunu tadarus.
Kitu kaayaan di kampung Cibodas dina peuting kahiji bulan puasa. Radén Kanta teu tarawéh. Ngadon ngahuleng sorangan.
***
Posting Komentar untuk "Menak Anyar Hanca Tujuh Welas"