Sugan ari diolo ku manéh mah Néng Sekar jeung indungna daékeun balik deui ka ieu lembur, Jang." Ceuk Kang Acip ka Jang Aim.
" Isin ah, Pa."
" Alah, bapa ogé apal, Sekar téh aya haté kadua leutik ka manéh. Ngan ceuk bapa mah jununkeun heula baé sakola. Ulah waka bobogohan."
Diomongan kitu ku anu jadi bapa Jang Aim katénjo semu éra. Bener, haté leutik teu bisa ngabohong, manéhna ogé resep ka Néng Sekar. Ngan omongan anu jadi bapa ogé teu salah, mending junun heula sakola jeung ngaji. Inget kana ucapan Ki Méméd, jodo jeung pati geus aya anu ngatur.
" Jung geura ka Bojongloa."
###
" Arék nahaon maké balik deui?" Tanya Radén Kanta ka pamajikan jeung Néng Sekar. Wanci tunggang gunung, sakeudeung deui buka puasa.
Pamajikan teu ngomong nanaon. Ngarénghap, capé balas leumpang ti Bojongloa ka Cibodas.
" Manéh ogé sarua, Sekar! Arék naon maké balik deui ka dieu?"
" Ulah sok pura-pura, sapuluh poé ka tukang, Bapa apan néang Kami!" Ceuk Pamajikan.
Radén Kanta ngabalieus.
" Teu kudu api-api." Ceuk pamajikan. " Ngan didinya kudu nyaho, kami daék kadieu deui téh kusabab kuring ngawaro kana ucapan ti Jang Aim."
" Lah, budak satepak!"
" Heueuh, teu kawas didinya, kolot tapi kawas budak satepak!"
Radén Kanta teu bisa ngomong nanaon. Dina haté mah ngaku kana ucapan pamajikan, tapi beungeut angger nénjokeun sikep teu percaya ka jalma séjén, komo ka budak satepak pantaran Jang Aim.
" Isukan panén!" Pok Radén Kanta.
" Moal nungguan bérés lebaran?"
" Moal, bisi paré kaburu ayeuh. Keun baé bulan puasa ogé da anu kuli dibuat mah geus biasa capé." Radén Kanta ngilikan jam. " Sakeudeung deui buka, gancang sayagikeun kadaharan keur buka!"
" Kawas anu puasa baé."
" Sagawayah ngomong téh, kieu-kieu ogé kungsi ngaji. Lain Si Baén kuring mah!"
Jedur, bedug di masigit ditakol. Di masigit diumumkeun geus manjing waktu buka puasa. Barudak anu keur ngabuburit pating beretek lalumpat ka imah séwang-séwangan. Anu teu puasa ogé dina waktu buka mah pipilueun ngabatalan sabari pura-pura leuleus jeung lalungsé.
Lima belas menit tina ngabatalan, jelegur sora bedil lodong ti beulah kidul ditémbalan ku sora bedil lodong ti kalér. Kaayaan kawas keur perang . Euweuh anu nyawad saurang ogé, anu puguh mah pada ngadago-dago sora jeleger jeung jelegur bedil lodong jieunan Kang Entam, kasohor bedil lodongna alus. Hawar-hawar kadéngé sora pating aréak barudak anu keur nyundut bedil lodong.
Barudak séjén nyarundut pepetasan. Sora dar dér dor lain hal anéh salila bulan puasa, tanda saruka bungah. Jempé-jempé nalika adzan Isya geus dingongkeun di masigit. Barudak riab ka masigit, kudu cacap ceunah sholat tarawéh. Lain nanaon, da geus dibibita ku kolot-kolotna arék dipangmeulikeun baju dulag lamun puasa jeung sholat tarawéh cacap sabulan. Barudak satepak geus dialajar puasa, ti subuh nepi ka lohor, disebut puasa satengah poé. Sok pada moyok ku barudak anu puasa nepi ka maghrib. Puasa ayakan atawa puasa bedog, lamun aya hakan ngan lamun euweuh mah ngajedog.
Anu mindeng jadi pamoyokan barudak dina bulan puasa nyaéta Kang Baén, ku barudak sok kagerewahkeun keur ngadon cacamuilan barang dahar di saung. Jadi catur jeung kekecapan lamun aya budak teu puasa sok disebutan; Budak Si Baén. Lamun aya budak tara jumaahan – nya kitu – disebutan deui: Budak Si Baén. Budak lengger kungsi nanya ka Kang Baén.
" Ari agama Kang Baén naon?"
" Islam siah!"
" Geuning tara jumaahan jeung tara puasa, ongkoh agama Islam."
" Engké wé lamun geus kolot, jumaahan jeung puasa mah , siah!"
" Lamun maot isukan kumaha?"
" Dikubur wé deuleu!"
Barudak pating beretek sabari nyebutan.
" Baén Islam ngan Islamna tara jumaahan!!!"
Kang Baén kungsi diomongan ku Mualim Oléh, kudu daék atuh sakali-kali mah ka masigit, da moal dikukumaha, moal pada moyokan, jeung moal aya anu nyebutan nanaon. Sakali mangsa manéhna milu jumaahan. Kabéh jamaah neuteup manéhna.
" Geus insyaf sugan." Haréwos salah saurang jamaah.
" Pantesan angkeub!" Pok nu séjén.
Masigit jadi ramé di bagéan beulah tukang ku anu pating gerendeng, ngomongkeun Kang Baén. Kaayaan beuki riweuh, nalika khotib dina eusi khutbahna nepikeun pananya anu sifatna rétoris, teu kudu dijawab.
" Kunaon umat Islam dina mangsa kiwari kaséréd ku bangsa jeung umat deungeun?" Ceuk Khotib sabari ngarénghap.
" Sabab teu kompak saur Mualim Oléh ogé!!!" Kabéh jamaah anu dihareup ngalieuk ka tukang, jamaah séjén anu aya di tukang pating cirihil nyengseurikeun kalakuan Kang Baén. Mang Paung salaku Khotib ngan bisa baketut haseum. Ti harita mah, tiap poé jumaah, Kang Baén teu kungsi katénjo jumaahan deui.
Ku barudak dijieun bahan gogonjakan, " Sabab teu kompak saur Mualim Oléh ogé." Lamun aya barudak anu nanya ka baturna ngeunaan hiji pasualan.
" Kunaon Si Empud tara milu badminton deui?" Tanya saurang nonoman ka baturna.
" Sabab teu kompak saur Mualim Oléh ogé!" ditémbalan kunu ditanya.
" Keuna ku robah jalma mah!" Ceuk Mualim Oléh nalika ditanya ku Kang Acip ngeunaah Kang Baén dina hiji poé.
***
--
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ménak Anyar (Hanca Dalapan Welas)"