TERMINAL JALUR BALANDONGAN
Dua taun ka tukang kungsi diserat ku kuring ngeunaan Jalan Lingkar Selatan. Méméh ngawujud jadi jalan anu lega tur panjang kawas ayeuna, asalna pasawahan anu ngampar. Langka kasaba ku jalma, komo palebah anu ayeuna jadi terminal mah. Beulan kulonna hiji lapang - sok disebut lapang gedé -, taneuh beureum, asalna rék dijieun 'perumahan' dina taun 80-an.
Perumahan teu ngawujud, nya jadi lapang. Sok dipaké maén bal ku barudak di wewengkon Balandongan, Lio, Sudajaya, Cipanengah, Cikondang, urang Dayeuhluhur ogé sok ngadon maén bal. Beuki ramé nalika bulan Agustus, sok diimplik-implikkan ku "Hayam Cup" atawa "Domba Cup" sagala. Geus jadi biasa, marebutkeun hayam atawa domba tungtungna dipapaésan ku garelut, lain nu maén bal tapi supporterna nu ngadon buk-bek téh.
Loba carita, naha tempat beulah dinya jarang kasaba jeung kasorang ku jalma, komo dina wanci harieum beungeut. Kajaba tegalan anu hieum, saméméh taun 60-an éta wewengkon mangrupa astana jalma-jalma anu boga kadugalan. Euweuh kumawani jalma anu ngulampreng sorangan ka éta tempat, komo jalma borangan mah.
Dapuran awi jeung gombong ngéntép, eurih jeung jujukutan jimbrung. Kasohor loba méong congkok. Sakapeung sok némbongan manuk puyuh, geus puguh sabangsaning oray mah. Di Balandongan mah kungsi aya carita hiji jalma dirawu ku sandékala, disumputkeun dina dapuran awi, diselapkeun dina rorongkang tangkal awi. Carita beuki nambahan, jalma anu dirawu sandékala téh majar disusuan sagala ku Si Sandékala, da cenah, sandékala téh teu jauh béda jeung kalongwèwè, susuna gumbal-gambél, rayud meureun!
Jadi babasaan di Balandongan mah tinu jadi kolot ka budak, lamun budak can balik atawa ngampih ka imah dina wanci tunggang gunung ku kolot disingseunan: geura ngampih, bisi dirawu ku sandékala! Budak tara loba tatanya, pating beretek asup ka imah, da anu kabayang nyaéta jirim sandékala sakumaha tadi, jurig awéwé nu boga susu rayud.
Taun ka taun, pasawahan robah wujud jadi jalan lega tur panjang. Terminal ogé diadegkeun di éta wewengkon. Warung-warung, toko, jeung tempat kuliner beuki euyeub. Tara kungsi tiiseun kawas taun 80-an. Ramé ku sagala rupa, komo dina Saptu peuting mah, barudak ngora jeung anu masih parentil ngadon ngaramékeun éta tempat. Geus euweuh anu sieun ku kalongwèwè jeung sandékala deui.
Dina bulan puasa leuwih ramé deui ku anu nyubuh jeung ngabuburit. Terminal dipaké kagiatan sagala rupa, utamana dipaké tempat atraksi motor dijémpingkeun. Dilalajoan kunu séjén. Wewengkon Balandongan Wétan geus tompér ku jlug-jleg imah, geus pepek jeung heurin usik, loba jalma-jalma anyar, da dina sababaraha bulan ka hareup ku ayana terminal, éta wewengkon bakal ngajanggélék jadi puseur dayeuh kadua di Kota Sukabumi.
Kasieun ayeuna lain ku sandékala jeung kalongwèwè deui, tapi sieun ku hal-hal anu mindeng lumangsung di éta tempat, géng motor anu ngadon paraséa, lain nanaon sok murang-maring, jalma anu teu tuah teu dosa ogé sok kabarérang.
Carita ngeunaan dikurebkeun jalma-jalma anu boga kadugalan di éta tempat jadi hiji eunteung, atuh teu salah di éta tempat ngawujud terminal ogé. Geus biasa di urang mah, ayana hiji terminal sok dipapaésan ku ayana jalma anu nyekel éta terminal. Nya, teu bisa dipisahkeun jeung élmu kadugalan, elmu paséa jeung gelut. Saha anu kuat jeung teu neurak dikadék, éta pisan anu bakal nyekel terminal.
Cindekna, hirup kumbuh jalma jeung pasualan hiji tempat teu bisa dipisahkeun jeung pangalaman katukang, kungsi aya jeung jadi naon éta wewengkon dina waktu ka tukang. Kudu dikanyahokeun, jalur jeung terminal, lamun ditalingakeun dina Google Maps ngawangun bentuk huruf "b", bisa baé ditafsirkeun b keur Balandongan.
Kang Warsa
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Terminal Jalur Balandongan "