Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
I
SALAKU jalma anu cicing di Indonésia, urang -sabenerna mah- geus henteu kudu cuh cih deui mikiran hubungan antara agama, nusantara, jeung niléy kamanusaan. Da mémang geus ngahiji ti anggalna ogé. Hartina, agama - kusabab Islam mangrupa agama mayoritas - anu kudu dipintonkeun ka balaréa téh nyaéta agama anu pinuh ku sikep soméah, muka diri, inklusif, jeung kudu bisa méré solusi kana masalah-masalah anu keur disanghareupan. Agama anu "dinamis" jeung miboga toléransj ogé raket jeung kultur, sub-kultur, ditambah ku rupa-rupana atawa mahabuna hal anu aya di ieu nagara. Antukna anu bral dina kahirupan nyaéta kaadilan, rasa aman, jeung katintriman anu bisa ngaraksa saha baé anu hirup di Nusantara.
Lamun agama dipintonkeun kalawan garihal, saperti ku sababaraha golongan anu miboga sikep égois, kamandangna dipinuhan ku rétorika (dapon engab), agama ngajirim jadi hiji dedemit anu pikasieuneun geus pasti bakal dipikaijid ku balaréa anu miboga akal jeung asak sasar. Agama nu ngawujud jadi dedemit ieu tara kapalang jeung mindeng ngomong : ieu paréntah ti Alloh, ngajadikeun Gusti ibarat barang dagangan.
Hal éta sabenerna dilantarankeun maranéhna henteu sanggup makalangan kahirupan, golongan jalma anu pegat harepan dina nyanghareupan tangtangan hirup anu beuki maju jeung modérn. Antukna maranéhna nyokot jalan gancang anu ékstrim jeung ngabahayakeun keur diri sorangan komo ka batur.
Contona sababaraha kajadian "Bom Bunuh Diri" anu ngaakibatkeun perlaya jalma-jalma mangrupa sikep ékstrim tina teu mampuna jalma dina nyanghareupan hirup, cindekna mah maranéhna mangrupa jalma- jalma anu teu boga daya, naon baé nu dijadikeun alesanna mah! Da ditilik ku dalil naon baé ogé, kana kalakuan jalma-jalma modél kitu moal aya anu ngabenerkeun. Alesan jihad anu diagul-agul bisa disebut nyasarkeun. Meureun, maranéhna téh bisa disebut jalma-jalma anu ngarasa bener dina kasasaran.
Urang ulah gampang katipu ku jalma anu boga pamadegan saolah Islam teu meunang diadegkeun di hiji nagara nu ngaranna Indonésia atawa nusantara. Malahan jalma-jalma modél kitu boga pamikiran Islam teu wawuh kana wates-wates géografis, ras, ogé séké-sélér. Hal ieu mangrupa kamandang anu lalangiteun, ngawang-ngawang, ceuk basa budak ayeuna mah teu "membumi".
Kamandang anu kaluarna ti jalma nu teu bisa ngabédakeun beurang jeung peuting, jalma-jalma anu keur ngimpi. Lamun mah kamandang maranéhna bener, naon sababna al-Quran sorangan nyebutkeun jeung ngaku kana ayana étnis, suku, jeung bangsa anu béda-béda? Nu henteu meunang téh lamun urang geus ngaberhalakeun budaya, étnis, jeung bangsa sorangan.
Aya anu nyebutkeun, démokrasi jeung nasionalisme mangrupa barang haram. Lamun démokrasi jeung nasionalisme diagem kusabab keur kahadéan, mangrupa hiji mesin anu bisa ngagerakkeun rahayat sangkan maju, naha maké kudu diharamkeun? Urang kudu daék ngakal jeung mikir kalawan dina kontéks, ruang, jeung waktu.
Hiji ajaran wahyu anu miboga sifat transéndént lamun hayang diterapkeun kana kahirupan geus pasti kudu nénjo kana kanyataan, kudu miindung ka waktu, nyurup atawa nurub cupu jeung budaya lokal. Lingkungan kudu ditalungtik, kaayaan sosio kulturalna kudu diilo, ajaran kudu diterapkeun bari henteu poho keur dimana urang hirup, taneuh anu ditincak ulah diapilainkeun. Manusa salaku pamaén dina kahirupan ieu pamohalan ngawasitan kana dirina sorangan.
II
HENTEU disebut hiji kasalahan lamun aya sebutan Islam Nusantara, sabab éta miboga harti Islam anu diagem ku urang anu hirup dumuk di nusantara. Hal anu kacida alus ulah dianggap leutik, malahan kana hal anu leuwih basajan ti éta ogé siga 'varian' Islam nurutkeun kana paham anu dipakéna saperti ; N.U, Muhammadiyah, Persis, dll lain hiji kasalahan lamun hal éta digunakeun.
Kaayaan di ieu nagara, sosio-kulturalna anu beuki dinamis pamohalan kudu disanghareupan kucara anu statis, heureut, jeung sangeunahna arék tina widang kaélmuan ogé kahirupan anu nyata. Da urang téh manusa, kudu hirup siga manusa. Dina falsafah hirup nagara disebutkeun: Kemanusiaan Yang Adil dan Beradab, mangrupa hiji hal anu geus paheut diwangun ku para founding-father ieu nagara, hiji rumus kahirupan anu euweuh babandinganna, sok sanajan dina alam réalitas mah falsafah kamanusaan ieu katénjona sok teu saluyu antara " konsép jeung prakték."
Méméh falsafah kamanusaan, para founding-father geus ngabetuskeun falsafah Ketuhanan Yang Maha Esa, tanggal 22 Juni dimodifikasi ku " Ketuhanan dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya.", anu dibalikkeun deui ka asal dina tanggal 18 Agustus 1945. Robahna ieu kalimat mindeng pisan disualkeun jeung digugat ku golongan Islam ti taun ka taun, nu disalahkeun nyaéta Bung Hatta.
Lamun ditalungtik kalawan obyéktif, naon anu dilakukeun ku Bung Hatta mangrupa hal anu kaharti, malah bisa disebut bener. Hiji cara anu dilakukeun ku Bung Hatta keur ngajaga sumanget ngahijina ieu bangsa. Jeung kudu adil dina méré kamandang, lamun niténan kana biografina, Hatta kawilang hiji muslim anu taat, dina ucap jeung lampah. Dina sajarah disebutkeun, Hatta bisa disebut inohong Masyumi.
Bisa disebut hiji kasombongan lamun aya golongan anu nyebut para founding father ieu nagara mangrupa jalma-jalma sekular, kusabab kajadian 18 Agustus 1945. Jalma anu hirupna dipinuhan ku kawijaksanaan tangtu bakal ati-ati jeung moal sagawayah nyebut saha baé salaku jalma anu sasar jeung 'kafir-sekular'.
Intina, lamun neuleuman Islam di Nusantara tuluy kaluar tina ugeran sajarah sarua baé jeung jalma anu cacapa dina kaayaan poék, tapi ngarasa keur leumpang dina kaayaan caang, padahal mah teu ngarti-ngarti acan kana sejarah anu sagemblengna. Ti golongan jalma-jalma modél kitu, naon anu dipiharep, jalma-jalma anu lolong tina wangunan sajarah bangsana sorangan?
Geus henteu kudu diropéa deui, mayoritas jalma anu cicing di ieu nagara geus narima Pancasila salaku falsafah hirup. Sok sanajan dina mangsa Orde Baru, ieu Pancasila pernah dipaksakeun ka rahayat, ngan sanggeus dipikiran mah ogé dihijijeun jeung kultur di Indonesia, nepi ka danget ieu, can aya hiji konsép ogé anu loyog dipaké kalawan rasional jeung bisa mertahankeun sumanget persatuan, kajaba lima sila anu aya dina Pancasila.
Nalika kaayaan siga ayeuna, bangsa urang bisa disebut leuleus, can ajeg, jeung masih jauh tina falsafah hirupna, lain harti kusabab anu dipaké jeung dijadikeun dasar nagara téh Pancasila, éta kulantaran Pancasila geus dihianatan dina laku lampah urang sapopoé!
III
DI nusantara ayeuna, Islam mangrupa agama mayoritas anu diagem ku rahayatna. Dina sababaraha iber ogé dipertélakeun, di Inggris, agama Islam mangrupa agama mayoritas ka-dua sanggeus Kristen. Kurang leuwih kana 1.2 milyar jalma anu aya di ieu Bumi ngagem agama Islam. Sanajan kitu, tina jumlah éta, sakumaha kamandang Armstrong, ngan sababaraha persén baé jalma nu ngagem Islam jeung satia kana eusina. Hartina, lain Islam wungkul, agama-agama anu aya di dunia keur nyanghareupan pasualan anu seurieus dina sagala widang kahirupan.
Geus puguh lamun urang ngaguar Islam dina pasualan politik mah, katénjona kalah asa beuki rumeuk jeung rungseb. Rumeukna kusabab Islam sok dijadikeun alesan keur ngabenerkeun doktrin keur ngabenerkeun kana tujuan politik anu ruksak jeung amoral.
Loba pisan conto kumaha Islam dijadikeun barang dagangan, kanyataan ieu beuki parna nalika dalil-dalil dijadikeun alesan keur ngabenerkeun kana maksud licikna, pasualan materi jeung duniawi. Lamun muka deui kahirupan awal réformasi teu saeutik partéy anu ngajak ngalakonan tahajud bari dikomérsilkeun kana partéy mana jalma-jalma anu sok tahajud bakal mikeun sora atawa pilihanna.
Mahabuna kajahatan jeung déviasi moral nu geus dilakukeun ku urang ku cara nyebut jeung maké ngaran Gusti Alloh. Euweuh bédana jeung jalma anu ngabajak ngaran Gusti Alloh keur "ngagoalkeun" kapentinganna bari teu ngarasa dosa, malahan jauh kudu kana ngarasa hanjakal mah.
Jauh saméméh urang hirup jeung aya dina alam kamerdékaan, karuhun-karuhun urang geus méré ugeran, urang kudu jadi jalma anu ngagem agama sakaligus kudu boga adab. Konsép percaya ka Alloh kudu dibarengan ku sikep urang salaku mahluk anu boga budaya. Urang kudu miboga sikep jembar haté, ku cara kitu, urang moal hésé ngaku lamun di ieu nagara anu ngaranna pluralisme mangrupa hiji hal anu aya jeung wajar.
Antukna diri urang bakal ikhlashméré pangakuan kana hak jeung kayakinan batur dina ngamandangkeun yén kayakinan jeung agama anu diagem ku maranéhna mangrupakeun agama nu pang benerna. Dina waktu nu sarua, jalma nu ngagem agama séjén ogé kudu ngahurmat kana pamadegan urang Islam anu miboga kamandang, Islam mangrupa agama anu pang benerna. Kalimah "pang benerna" anu dimaksud, tangtu keur kayakinan séwang-séwangan.
Disebut sikep henteu boga étika jeung adab lamun aya jalma anu ngomong: agama kuring anu pang benerna mah, agama maranéh mah salah! Éta mangrupa ucapan ti jalma-jalma anu teu nyaliara dina dirina kumaha cara hormat ka sasama. Mémang, pacéntal-céntal masalah agama mah moal aya bérésna nepi ka kiamat ogé. Da anu bakal ngahakiman jeung boga hak nyebutkeun ajaran anu bener mah nyaéta Alloh. Tugas urang mah kumaha cara sangkan bisa ngalakukeun kahadéan lain keur diri sorangan jeung golongan wungkul, ogé keur ka batur.
IV
ALAM nusantara digambarkeun ku Plato sababaraha abad ka tukang ku sebutan : The East of Eden, Sawarga ti wewengkon wétan. Salah saurang bujangga Timur Tengah nyebutkeun: sakeupeul taneuh ti sawarga diawurkeun di ieu wewengkon. Duanana henteu salah, alam nusantara teu béda ibarat awéwé geulis camperenik.
Gunung, sawah, susukan, situ, sempalan, jrrd ngahiji ngajirim jadi hiji lukisan anu moal aya babandinganna. Sok sanajan, dina danget ieu, teu saeutik kusabab kasarakahan manusa, loba hal anu geus diruksak demi kapentingan pribadi atawa golongan. Tapi, alam Nusantara sabenerna bisa nyukupkeun pangabutuh jalma-jalma anu aya di ieu wewengkon, ngan ku manusa-manusa sarakah hak rahayat keur ngasaan amisna ieu nusantara direbut, bisa ogé dipaksa pirusa.
Ka wewengkon nusantara anu camperenik ieu, sababaraha abad ka tukang, bangsa-bangsa anu aya di dunia daratang marawa budaya ogé agama anu bisa tumuwuh di ieu wewengkon. Salah sahiji agama anu datang ka nusantara nyaéta Islam. Geus tangtu, lamun dititénan kalawan daria, aya hubungan atawa simbiosis mutualisma antara Islam jeung Nusantara anu nepi ka ayeuna ieu agama diagem ku mayoritas rahayatna.
Nilik kana sajarah, hubungan antara rahayat di nusantara jeung nagara-nagara anu aya di Asia Barat geus lumangsung dina widang dagang jaum saméméh Islam asup ka ieu wewengkon. Asupna agama Islam mawa pangaruh anu jelas kana beuki ningkatna pakasaban dagang di Nusantara.
Basisir-basisir jadi puseur kagiatan dagang, karajaan-karajaan Islam ngadeg. Nepi ka dina tungtung abad ka-18, peta nusantara geus dipamérkeun ka mancanagara. Ti sagigireun Islam, agama-agama séjén ogé tumuwuh di ieu wewengkon kalawan diluluguan ku sumanget silih ajénan atawa toléransi ti rahayat anu ngeusi ieu wewengkon.
Para ahli sajarah, can aya anu bisa ngajéntrékeun kalawan sagemblengna, saha anu pangheulana aya di ieu Nusantara, leuwih deukeut, naon sabab Islam jadi agama mayoritas malah bisa disebut agama anu jadi jawara kusabab geus meunang tina "médan laga tandang téologis" di hiji wewengkon anu sifatna multi étnis/séké-sélér. Sajarah geus ngabuktikeun, meunangna Islam di ieu wewengkon saheuleut jeung dipakéna Basa Melayu minangka "basa pergaulan" di wewengkon nusantara, hiji basa anu asalna digunakeun di Riau, mangrupa basa tina sub-budaya Melayu, bisa disebut minoritas.
Hal ieu bisa dibandingkeun jeung kumaha meunangna ampir kabéh kamotékaran hirup di dunia anu dimimitian ku cara ngaékspansikeun basa jeung budaya. Para tamtama Arab anu ngalakukeun ékspansi ka wewengkon Asia Barat, Selatan, jeung Afrika kajaba ngalakukeun Islamisasi ogé dibarengan ku Arabisasi, invasi budaya Arab ka wewengkon anu arék jeung geus diéléhkeun.
Ngan kudu boga sikep adil, Islamisasi anu dilakukeun di mana baé ogé henteu mulus rahayu kitu baé, invasi geus pasti ngagunakeun kakuatan militér! Lain keur mamaksa jalma sangkan asup kana hiji agama, kajaba hiji ékspansi kakuatan politik jeung kakawasaan anu dilakukeun ku bangsa Arab.
Hanjakal, agama naon baé ogé katénjona henteu walakaya nalika dijadikeun kedok keur nutupan sikep sarakah kakawasaan anu dilakonan ku pangawasa-pangawasa harita. Kusabab kitu, urang ulah boga kamandang lamun mangsa ka tukang, sajarah Islam jeung karajaan-karajaanna teu boga cacad jeung céda. Ulah boga anggapan hal anu suci nepi ka embung dicawad atawa dibenerkeun. Ulah boga pikiran, kusabab kabéh ngagunakeun kedok Islam saolah euweuh anu salah.
Kana sajarah, urang kudu boga sikep jujur, ku jujur ieu bisa jadi, sajarah anu sabenerna teu sampurna, bisa jadi dipinuhan ku bisul jeung borok, panyakit jeung peuheur. Ulah méré kamandang kana sajarah, saolah kabéh ogé ngan amisna wungkul, ari anu pait jeung peuheur disumputsalindungkeun, licik jeung henteu jujur disebutna ogé.
Urang-salaku umat Islam- ulah boga rasa salaku manusa anu pang sucina anu ngabalukarkeun, urang api-api henteu nyaho kana sikep-sikep jahat anu dilakukeun ku para pangawasa Muslim kalawan ngagunakeun kedok agama, nyalahgunakeun fiqh bari ngaklém diri salaku anu nampa jeung ngajaga warisan Nabi.
V
NITÉNAN kana sajarah Islam dina lumangsungna mangsa formatif (Islam Awal), mimiti mahabuna pacogrégan dina diri umat saba'da Rosululloh tilar dunya, ditambah ku sumebarna deui pamikiran ashobiyyah, klanisme, jeung sukuisme anu dibalur ku pasualan politik.
Saba'da kapamingpinan para kholifah anu beuki ceuyah dina kahirupan nyaéta ékspansi kakawasaan anu teu tuhu kana moral agama. Henteu jadi sual, papaséaan keur nanjeurkeun kakawasaan sok sanajan masih saakidah antara hiji faksi jeung faksi séjénna, nepi ka ngocorkeun getih ogé dianggap hiji hal anu basajan.
Moral agama anu ngajak ka manusa sangkan hirup sauyunan kalindih ku moral perang jeung tabéat sarakah. Tangtu pisan, taruhan keur nanjeurkeun kakawasan kalawan miceun moral agama dina kahirupan kacida gedé, jalma bisa ngalakukeun hal anu kejem, teu mintonkeun rasa kamanusaan, ngakhianat ka sasama, jeung sikep anu jauh tina moral tapi teu kapalang ku 'ngatasnamakeun'Alloh atawa ieu mangrupa paréntah ti Alloh anu aya dina wahyu.
Geus pasti, nalika urang ngaguar mangsa formatif tiap agama kalawan obyektif jeung jujur, bakal karasa panas kana ceuli jeung henteu ngeunah karasana. Islam anu aya ayeuna lain cai kopi atawa susu kari ngaregot, tapi kudu ditalungtik kalawan jero, teu jauh béda jeung ageman-ageman séjén ogé kitu.
Sajarah anu ngébréhkeun rasa pait dina kahirupan umat kudu dibéjérbéaskeun, dalah dina kadaharan anu rék didahar ogé urang kudu apal ti mana jeung ku maha prak-prakkanna nyieun éta kadaharan. Dunia lain sawarga, sagala rupa anu aya du dunia teu ngajadi sakedrét nétra.
Jalma anu boga tékad nutup-nutup sajarah anu dipinuhan ku rasa pait mangrupa hiji hal anu dianggap talédor, komo nepi ka dibulen ku cangkang anu karasana amis, saolah sajarah ngan saukur dipinuhan ku carita-carita amis, romantis, jeung alus kabéh.
Jarang dipedar, sajarah kanabian anu sagemblengna jeung paripurna dina sagala rupa pasamoan; lolobana di antara urang heteu apal kana carita Rosululloh ngalakonan mujasemedisalila 15 taun di hiji guha, henteu apal morfologi tina prak-prakkan ritual Sholat tina sawaktu jadi lima waktu, anu apal malah sabalikna tina 50 waktu jadi 5 waktu, urang ogé can apal naon anu ngabalukarkeun papaséaan rongkah antara Ali jeung Aisyah? Anu dimimitian ku pasualan tuduhan salingkuh antara Aisyah jeung Sofwan, anu diapalcangkem ku urang nyaéta carita-carita amis wungkul, nepi ka leungiteun sikep kritis dina diri kana sajarah anu geus dicaritakeun ti generasi ka generasi.
Boga maksud, jalma-jalma anu nyumput nyalindungkeun sajarah ngan saukur hayang meunang pamuji ti umat, mentingkeun pasualan dunia, resep mungkus sagala rupa ku ayat-ayat tina kitab suci.
Nalika aya wacana Islam Nusantara, tafsir anu kaluar tina diri jalma-jalma subyektif nyaéta, saolah mertélakeun Islam téh ngan saukur keur di nusantara wungkul, saterusna diadurengeskeun jeung pamikiran maranéhna Islam salaku Rohmatan Lil'Alamiin. Ngabandingkeun hiji hal anu patukang-tonggong kusabab béda kontéks.
Islam Nusantara sabenerna boga harti, Islam anu tumuwuh di nusantara, kudu dijéntrékeun kalawan écés, ceuk karuhun Sunda mah, kudu dibéjérbéaskeun, kudu jelas. Sajarah asupna Islam ka Nusantara masih mangrupa hal anu henteu jelas, kusaha disumebarkeunna, loba pisan téorina.
Anu jelas, dina danget ieu, Islam anu geus deukeut jeung kahirupan urang Indonesia kudu dibeungkeut ku hal anu aya di ieu nusantara, Islam anu saluyu jeung niléy ogé konsépsi masarakat di nusantara, lain Islam anu mintonkeun pasualan baheula di tatar Arab terus dibabawa ka ieu wewengkon, perang, paséa, jeung pacogrégan. Téori sufi mangrupa hal anu leuwih rasional kumaha Islam nyebar di ieu nusantara.
Ti mimiti sumebarna Islam ogé métode anu dipaké ku para ulama anu nyumebarkeun Islam nyaéta kucara gaul kalawan séhat jeung komunikatif. Basa anu dipaké tangtuna kudu basa anu digunakeun sapopoé di wewengkon Nusantara. Basa Melayu mangrupa basa 'pergaulan' dina mangsa harita, kusabab nurutkeun kana téori sufi, Islam mimiti sumebar di wewengkon basisir, bisa jadi hiji konklusi: ajaran Islam jeung basa Melayu sumebar jeung dipaké ku para ulama kalawan sistematis.
Nepi ka taun 1928 kabéh unsur pamuda ngébréhkeun hiji basa persatuan, nyaéta basa Indonesia anu diadopsi tina basa Melayu. Nénjo kana pasualan ieu ogé, sabenerna keur jalma-jalma anu anti kana Islam Nusantara geus kudu éra paradah, yén Islam disebarkeun di ieu wewengkon ku cara anu bener dina mimitina mah, lain ku hahaok sabari tunggal-teunggeul sabari ngajorowok ngucapkeun Allohu Akbar!
VI
AWAL sajarah Islam di Nusantara miboga sababaraha pasualan anu hésé diudar. Pasualan anu kaluar nyaéta nalika urang ngabahas asal muasal jeung tumuwuhna Islam di ieu wewengkon. Hal ieu kusabab saeutik data anu bisa ngarojong "rékonstruksi" sajarah anu bisa dipercaya (reliable).
Teu saeutik sarjana jeung ahli sajarah can miboga kamandang anu jéntré dina méré harti kana kecap Islam, can aya kamandang anu sapuk sauyunan naon ari Islam anu sabenerna. Salah sahijina aya anu méré harti: hiji masyarakat disebut Islam lamun Islam sorangan geus miboga fungsi kalawan nyata dina sagala widang kahirupan.
Para sarjana Barat miboga maksud dina nalungtik Islam di ieu wewengkon - ti jaman penjajahan nepi ka kiwari - keur ngaleungitkeun atawa ngurangan lalakon Islam. Akibatna Islam ngan disebut mangrupa hiji kanyataan anu teu pati ngakar kalawan sampurna di ieu wewengkon.
Snouck Hurgronje dina bukuna, The Achehnese geus ngaréduksi Islam kujalan nyieun wates anu béda antara Islam jeung adat kabiasaan. Padahal teu saeutik adat kabiasaan lokal anu loyog jeung niléy Islam.
Conto séjénna, Clifford Geertz méré labél "Agama Jawa" keur ngagantikeun Islam nalika nalungtik hirup kumbuh ieu agama di wewengkon Jawa.
Islamisasi di ieu wewengkon geus pasti teu saragam. Islam ditarima ku masyarakat gumantung kana watek adat kabiasaan lokal anu aya di éta masyarakat. Di basisir, hiji wewengkon anu miboga budaya maritim jeung dagang, masarakat di ieu wewengkon bakal leuwih gampang narima Islam, aturan-aturan dagang syariah, kusabab masyarakat butuh kana aturan dagang anu sifatna universal.
Béda jeung wewengkon agraris, masarakat teu butuh kana aturan-aturan dagang, teu perlu aturan anyar. Masarakat agraris miboga sumanget anu kuat dina najeurkeun adat kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun ti mangsa ka mangsa. Kaasup kana pasualan kayakinan anu kudu diagem ku éta masyarakat.
Hal di luhur nandakeun ieu wewengkon Nusantara miboga kaleuwihan lain saukur tina pasualan georafis jeung demografisna ogé kaayaan sosio-kultural, ékonomi, jeung politik anu mawa kana hiji kacindekkan : pamohalan Islam bisa ditanjeurkeun nepi ka jadi hiji konsép tunggal anu disumebarkeun ku salah sahiji golongan. Maksakeun diri sangkan umat Islam saragam méré harti rék ngaleungitkeun tapak lacak sajarah Islam di ieu wewengkon.
VII
PARA sarjana Nusantara jeung 'Barat, ngaluarkeun kamandang jeung téori, Islam disumebarkeun di ieu wewengkon Nusantara ku para sodagar muslim. Para sodagar -teu mawa barang dagangan wungkul - ogé mawa Islam ka Nusantara.
Islam sumebar kucara individual, ayana kawin antara sodagar muslim jeung pribumi ngawujud jadi kulawarga inti, komunitas anyar, transisi konvérsi kayakinan heubeul kana Islam. Azyumardi Azra nyebutkeun: kulawarga inti ieu mangrupa 'nucleus" komunitas Islam.
Konvérsi atawa pindahna kayakinan masarakat pribumi dipangaruhan ku tujuan ékonomi jeung politik. Teu sagemblengna nanjeur kalawan murni nyebarkeun kayakinan. Niléy sekular kacida mangaruhan dina konvérsi kayakinan.
Para sodagar muslim boga pamadegan -sahenteuna- usaha dagang maranéhna kudu meunang "protéksi" ti pangawasa Nusantara sangkan tujuan dagangna mulus rahayu. Sifatna geus tangtu silih unntungkeun antara para sodagar jeung pangawasa di ieu wewengkon.
Pangawasa anu asup kana Islam bakal boga kalaluasaan dina usaha dagang lain di wewengkon sorangan ogé geus anclub makalangan dina dunya internasional. Dina zamanna, di wewengkon basisir geus ngadeg palabuan-palabuan anu jadi tempat transaksi para sodagar mancanagara.
Kauntungan séjénna, para pangawasa bakal miboga pangrojong ékonomi ti para sodagar. Ieu penting pisan keur nguatkeun korsi kakawasaan. Islam jeung kakawasaan ngawujud jadi Islam Konstitusional antara abad ka-15 nepi ka-17 nalika dunya nyanghareupan jeung asup kana fase anyar: "economic boom".
Islamisasi massal lumangsung dina danget éta saheuleut jeung asupna kaum kolonialis Éropa ka ieu wewengkon. Hal ieu ngabalukarkeun beuki jelas pamisah antara Muslim Pribumi jeung Kafir Éropa.
Téori ekonomi jeung politik anu dipedar ku Van Leur di luhur tangtu patukangtonggong jeung sababaraha téori anu geus dikamandangkeun ku para sajarawan Nusantara. Wilayah sekular lain hal anu diuudag ku Islam.
Teu béda jeung Kamandang Webber dina Étika Protéstan anu nyebutkeun: wilayah langit jeung wilayah sekular ngajirim jadi hiji étika mangrupa kanyataan paradoks dina tiap agama.
Aya alesan, lamun mah bener Islam disumebarkeun ku para sodagar, naha dina abad ka-12 Islamisasi masarakat pribumi teu leuwih rongkah tibatan abad ka-15? Padahal, masarakat Nusantara miboga sikep soméah ka para sodagar muslim ti abad ka-17 kénéh.
Téori asupna Islam ka Nusantara dina abad ka-7 tangtu miboga kakurangan anu kudu diaku, diantarana : kurang bukti, can aya pranata sosial Islam, jeung can aya Lembaga Pendidikan Islam. Nurutkeun kana sababaraha kamandang, dina abad ka-7, Islam karék sumebar kalawan individual can ngawujud jadi hiji komunitas komunal komo institusional.
Aya deui kamandang anu nyebutkeun sumebarna Islam jeung Kristen teu bisa dipisahkeun jeung lumangsungna papaséaan antara Islam jeung Kristen di wewengkon Iberia, Éropa.
Para sodagar muslim beuki sumanget dina nyebarkeun Islam di Nusantara nalika Portugis datang ka ieu wewengkon. Teu béda jauh jeung Islam, Portugis mawa pancén -salian dagang- ogé kudu nyebarkeun Kristen. Sumangetna para sodagar muslim dina nyebarkeun Islam dianggap sikep keur nyegah Kristenisasi anu dilakukeun ku misionaris Éropa.
VIII
AYA téori anu leuwih asup akal nu ngajelaskeun asupna Islam ka wewengkon Nusantara nyaéta téori Sufi. Téori ieu nandeskeun pangaruh para sodagar jeung pasualan ékonomi politik teu leuwih rongkah jeung sakumaha anu mindeng diguar dina nyebarkeun Islam. Ékonomi jeung politik ngan ukur méré warna nalika Islam geus ngawujud jadi hiji komunitas.
Para Sufi dipercaya golongan anu geus nyebarkeun Islam dina abad ka-13. Tarékah para Sufi nyirikeun lamun maranéhna miboga pangaweruh dina midangkeun Islam dina wangunan anu alus nepi ka bisa ditarima ku masarakat.
Para Sufi tetep ngajaga jeung ngamumulé prakték ibadah masarakat pribumi tibatan kudu ngarobah kabiasaan anu geus ngakar dina kahirupan masarakat pribumi.
Para Sufi anu asalna ti Pérsia mangrupa "da'i" anu ngasupan tiap wewengkon jeung ka lembur-lembur anu aya di Nusantara. Maranéhna bisa hirup sauyunan jeung masarakat, hirup saraksa sabanda, ngajarkeun teosofi - sinkrétis anu mémang geus ngadarahdaging jeung masarakat Nusantara. Sok sanajan kitu, maranéhna tetep nyekel pageuh dogma kaislaman.
Para Sufi dipercaya boga kasaktén jeung boga pangaweruh dina ngubaran rupaning panyakit. Hal ieu jadi alesan, maranéhna ditarima ku masarakat malah dipandang kharismatik jeung boga pangaruh di masarakat.
Para Sufi bisa kawin jeung anak-anak para ménak, ngalahirkeun turunan ménak. Dina ieu téori disebutkeun Islam teu kungsi dipaksakeun kudu ditarima ku pangawasa harita.
Geus tangtu aya kasang tukang jeung alesan kunaon para Sufi dipercaya salaku kelompok anu nyebarkeun Islam di ieu wewengkon dina abad ka-13. Ieu aya hubungan jeung direbutna Kota Bagdad ku Bangsa Mongol. Dinasti Abassiyah runtuh, beuki leungit pangaruh kaum politis-legalis, tapi Islam tetep panceg dijaga ku kelompok Sufi.
Hartina, para Sufi boga jasa dina ngajaga Islam dina mangsa runtuhna kajayaan dinasti. Tarékat beuki dipikawanoh ku masarakat, ayana hubungan antara para Sufi jeung para sodagar, para Sufi dibéré fasilitas anu cukup keur nyebarkeun Islam ka wewengkon séjén.
Para ahli boga kayakinan teori Sufi geus bisa ngahubungkeun antara pasualan dunya politik jeung pindahna kayakinan masarakat Nusantara tina kayakinan heubeul kana Islam.
Ieu téori geus ngawangun kontéks anyar sebutan keur hiji masarakat di Nusantara anu disebut Masarakat Islam, sebutan keur hiji komunitas anyar sarua jeung nalika Rosululloh awal dumuk di Madinah.
Pranata-pranata sosial diadegkeun diantarana : madrasah, tarékat, paguyuban sodagar dagang, jeung paguyuban alim-ulama.
Runtuhna Bagdad ngawujudkeun kelompok sosial anyar: alim-ulama anu misah jeung kelompok sosial séjénna. Ieu kelompok sosial anyar boga pancén penting dina ngamumulé jeung nyebarkeun Islam ka tiap wewengkon anu aya di luar Kota Bagdad.
Bagdad direbut ku Bangsa Mongol sok sanajan geus ngancurkeun hal penting dina kamotékaran pamikiran Islam, diruksakna rébuan literatur, tetep aya hal alus anu bisa dicokot tina éta kajadian. Hiji kasadaran anyar yén hubungan 'anorganik ' agama jeung kakawasaan mangrupa hubungan anu teu langgeng.
Hubungan 'anorganik' agama jeung kakawasaan geus jeung bakal terus-terusan nyéréd kana kutub mana anu lemah ku anu leuwih kuat. Balukarna bakal ngaleungitkeun tapak lacak Islam sorangan, siga diruksakna sababaraha artéfak kaislaman ku golongan radikal.
Lamun euweuh para Sufi? Bisa jadi Islam ngan saukur jadi carita heubeul anu kungsi diparebutkeun ku golongan manusa anu haus ku kakawasaan.
IX
HIJI hal anu mustahil, saha baé bisa ngudag jeung ngudar sajarah asupna Islam ka Nusantara lamun teu dibarengan ku ngaguar rongkahna papaséaan antara Islam jeung Portugis. Kitu kamandang Esposito.
Anthony John ngedalkeun téori Sufi ngeunaan sumebarna Islam di Nusantara. Sarjana Barat séjén, Schrieke ngaluarkeun téori "balapan" antara Islam jeung Kristen. Sanajan kitu, Race Theory -nepi ka danget ieu - can manggih jeung nepi kana validitas anu sabenerna.
Schrieke ngudar ieu pasualan ku cara nénjo kasang tukang papaséaan antara Islam jeung Kristen anu dihubungkeun jeung sajarah perang salib (Crussade). Ieu téori meunang panyawad ti Naquib al-Attas. Salaku sarjana Muslim, al-Attas nyebutkeun euweuh hubungan antara nyebarna Islam di Nusantara jeung perang salib taun 1090-an.
Al-Attas nyebutkeun deui, euweuh hal anu bisa ngahubungkeun perang salib jeung sumangetna para alim-ulama anu nyebarkeun Islam di Nusantara. Euweuh motif balas dendam dilakukeun ku alim-ulama dina nyebarkeun Islam.
Mémang bener, di golongan Islam sorangan nepi ka danget ieu masih aya kamandang jeung anggapan lamun perang salib mangrupakeun carita nu bakal terus-terusan lumangsung mangjilid-jilid. Anggapan samodél ieu mangrupa hal anu teu sapagodos jeung eusi ajaran Islam anu mikareueus kana katingtriman, lain papaséaan.
Race Theory antara Islam jeung Kristen beuki kaciri nalika Portugis bener-bener hayang ngarebut Nusantara tina kakawasaan Islam. Di abad ka -16, polarisasi antara Islam jeung Portugis beuki ngébréhkeun dua kakuatan. Téori balapan midangkeun pasualan antara Islam jeung Kristen pada ngudag jumlah jalma anu kudu diislamkeun atawa dikristenkeun. Islam tangtu leuwih pinunjul. Ceuk Safii Maarif, Islam geus nanjeur jadi agama anu ngameunangkeun ngadu balapna dua kayakinan di wewengkon Melayu - Nusantara.
Masarakat muslim hasil konvérsi tina kayakinan heubeul kana Islam beuki kuat jeung nyirikeun idéntitas salaku masyarakat muslim. Polarisasi beuki jelas, ayana wewengkon Islam (daar al-Islam) jeung wewengkon non-Islam (daar al-Harb).
Idéntitas di luhur dilantarankeun ku iber-iber jeung pasualan anu beuki nga-internasional, lain sawates wewengkon wungkul. Pangaruh politik internasional mangaruhan kana kahirupan masarakat muslim anu kawilang anyar di Nusantara.
Hal anu jauh béda jeung dina abad ka-7 nepi ka abad 13 nalika Islam masih disebarkeun kucara individual, ku para Sufi jeung alim-ulama. Abad ka-16 pangaruh jeung faktor séjénna teu bisa disinglar ngagulung dina kahirupan agama, politik, ékonomi, utamana kakawasaan.
Kamandang dina téori balapan lamun dilenyepan kalawan daria beuki nandeskeun ayana perang jeung papaséaan antara Islam jeung Kristen di abad ka-16 -malahan nepi ka ayeuna - mangrupa pindahna papaséaan dua golongan di wewengkon séjén ka ieu Nusantara. Perang jeung papaséaan disebut hak tapi kanyataan anu teu saluyu jeung eusi kabéh kayakinan anu leuwih mokuskeun kana ajaran moral: hirup sauyunan.
X
SCHRIEKE ngedalkeun, datangna atawa ékspansi anu dilakukeun ku Portugis ka Nusantara mangrupa sikep nerusna Perang Salib antara dua kakuatan; Islam jeung Kristen. Tarékah bangsa Portugis anu ngagem Kristen dina ngayakeun rékonquista salian didasaran ku semanget mérkantilisme, kahurmatan, ogé dibarengan ku rongkahna sumanget keur nyebarkeun agama. Dina panggung sajarah global, mérkantilisme saheuleut jeung diusirna bangsa Timur Tengah ti wewengkon Ibéria ku Portugis. Portugis beuki ngangsreg nepi ka wewengkon Nusantara.
Sumanget Portugis dina nuluykeun Perang Salib mangrupa hiji romantisme anu terus-terusan bakal eunteup dina pikiran maranéhna jeung bangsa Éropa, lain saukur romantisme tapi mangrupa hiji sajarah anu neunggeul kana diri jeung kahurmatan bangsa Portugis utamana pihak garéja. Sumanget kaagamaan ieu ditépakeun ti hiji generasi ka generasi séjénna.
Ti saprak diusirna umat Islam ti wewengkon Spanyol, anu sumarambah dina diri dua golongan antara Islam jeung Kristen nyaéta rasa kaceuceub. Padahal lamun niténan kana sajarah, hiji komunikasi anu alus geus lumangsung antara Islam jeung Kristen dina mangsa formatif ieu dua kayakinan.
Mangsa formatif nyaéta hiji tahapan ngabentukna ajaran jadi pranata sosial agama antara Islam jeung Kristen ngan kaselang waktu tilu abad. Kristen nepi kana wangunan kayakinan samodél ayeuna dina taun 325 M arék akidah, tatacara ibadah, jeung hirup kumbuh masarakatna. Islam manggih jeung ngadeg jadi hiji agama dina mangsa 300 taun sanggeus kaum Kristen manggih hiji kapastian ngeunaan agamana.
Dua kayakinan ieu sabenerna diadegkeun tina ajaran jadi hiji agama ku dua urang jalma anu asalna mikaceuceub ka dua urang nabi, Isa jeung Muhammad SAW. Kristen dipageuhkeun jadi hiji agama ku Paulus, Islam manggih bentuk anu ajeg nalika rongkahna sumanget ékspansi ku kelompok Umayyah anu diluluguan ku pamikiran-pamikiran Abu Sufyan, hiji gegedén Mekkah anu boga ngaran asli Sakhr Ibn Harb.
Perang Salib ku dua golongan dianggap mangrupa perang suci keur ngarebut taneuh suci, Baitul Muqoddas. Ku ayana ieu perang, bangsa Éropa neundeun sikep kaceuceub jeung antipati ka masarakat Islam. Garéja ogé ngaluarkeun fatwa: masarakat Islam kaasup kana golongan jalma-jalma kafir saimbang jeung kamandang ti kelompok Islam sorangan anu mandang masarakat Kristen mangrupa kumpulan jalma-jalma kafir.
Kafir, hiji sebutan anu can kungsi aya dina al-Quran jeung Bibel ditudingkeun ka jalma anu miboga kayakinan ka Alloh. Sebutan keur Kristen dina al-Quran sorangan geus jelas nyaéta Nashrani. Dina Bibel moal aya sebutan ka Islam salaku jalma kafir sabab Bibel geus aya saméméh Islam.
Digunakeunna kecap kafir ku dua golongan keur nyebut jalma-jalma anu geus yakin ka Alloh mangrupa tafsir di golongan alim-ulama jeung para pandéta, duanana boga maksud keur nanjeurkeun ajaran anu bener sangkan ngawujud jadi agama, hiji lembaga atawa pranata sosial anu gampang diasupan, cukup ku hiji jangji satia anu disebut syahadat, ogé gampang dimangfaatkeun keur ngarawu kapentingan-kapentingan sekular.
Pacogrégan dua kayakinan antara Islam jeung Kristen sabenerna lain saukur disumangetan ku émosi kaagamaan, ogé henteu leupas tina kapentingan sekular, politik jeung ékonomi. Nanjeurna kapentingan ékonomi jeung politik ieu dimimitian nalika Dinasti Abbasiyah diserang ku Mongol, antukna pasukan Islam kudu ngangsreg ka wewengkon-wewengkon anu geus dicekel ku Portugis. Dina Kristen sorangan, mangsa harita, kusabab alesan-alesan politik antara Spanyol jeung Portugis ogé miboga kapentingan séwang-séwangan. Ku alesan politik mah, tali kayakinan ogé bisa udar atawa leupas kitu baé.
Serangan Mongol ka Bagdad geus mawa pangaruh gedé kana kahirupan jeung tumuwuhna masarakat Islam. Jalur dagang loba anu direbut ku kaum muslim, ti Yaman nepi ka Iskandariah. Jalur ieu anu geus bisa ngenalkeun hasil bumi ti Nusantara ka dua golongan anu keur meujeuhna kahot ngayakeun perang arék perang fisik atawa perang pamikiran.
Mangsa ieu, mangrupa hiji sajarah kumaha beuki dipikawanohna Nusantara ku bangsa-bangsa deungeun, nepi ka dijadikeun taneuh atawa wewengkon anu diparebutkeun. Lain kusabab pasualan agama wungkul, tapi leuwih gedé dipangaruhan ku patékadan ékonomi jeung politik. Nepi ka abad ka-15 kaluar kekecapan ti para ahli utamana ti bangsa éropa: Nusantara mangrupa hiji inten berlian anu miboga harga leuwih.
Téori Schrieke ieu keur nandeuskeun, Perang Salib I-II anu dilakonan ku dua golongan dina marebutkeun taneuh suci di Paléstina kusabab hiji émosi kaagamaan dipindahkeun kana Perang Salib III atawa modern ka wewengkon Nustara kusabab kapentingan ékonomi jeung politik.
Posting Komentar untuk "Hirup Kumbuh Islam di Nusantara"