Islam Nusantara ( Hanca Ka-Sawelas)

ISLAM NUSANTARA (HANCA KA-SAWELAS)
Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

Schrieke ngedalkeun, datangna atawa ékspansi anu dilakukeun ku Portugis ka Nusantara mangrupa sikep nerusna Perang Salib antara dua kakuatan; Islam jeung Kristen. Tarékah bangsa Portugis anu ngagem Kristen  dina ngayakeun rékonquista salian didasaran ku semanget mérkantilisme, kahurmatan, ogé dibarengan ku rongkahna sumanget keur nyebarkeun agama. Dina panggung sajarah global, mérkantilisme saheuleut jeung diusirna bangsa Timur Tengah ti wewengkon Ibéria ku Portugis. Portugis beuki ngangsreg nepi ka wewengkon Nusantara.

Sumanget Portugis dina nuluykeun Perang Salib mangrupa hiji romantisme anu terus-terusan bakal eunteup dina pikiran maranéhna jeung bangsa Éropa, lain saukur romantisme tapi mangrupa hiji sajarah anu neunggeul kana diri jeung kahurmatan bangsa Portugis utamana pihak garéja. Sumanget kaagamaan ieu ditépakeun ti hiji generasi ka generasi séjénna. 

Ti saprak diusirna umat Islam ti wewengkon Spanyol, anu sumarambah dina diri dua golongan antara Islam jeung Kristen nyaéta rasa kaceuceub. Padahal lamun niténan kana sajarah, hiji komunikasi anu alus geus lumangsung antara Islam jeung Kristen dina mangsa formatif ieu dua kayakinan.

Mangsa formatif nyaéta hiji tahapan ngabentukna ajaran jadi pranata sosial agama antara Islam jeung Kristen ngan kaselang  waktu tilu abad. Kristen nepi kana wangunan kayakinan samodél ayeuna dina taun 325 M arék akidah, tatacara ibadah, jeung hirup kumbuh masarakatna. Islam manggih jeung ngadeg jadi hiji agama dina mangsa 300  taun sanggeus kaum Kristen manggih hiji kapastian ngeunaan agamana. 

Dua kayakinan ieu sabenerna diadegkeun tina ajaran jadi hiji agama ku dua urang jalma anu asalna mikaceuceub ka dua urang nabi, Isa jeung Muhammad SAW. Kristen dipageuhkeun jadi hiji agama ku Paulus, Islam manggih bentuk anu ajeg nalika rongkahna sumanget ékspansi ku kelompok Umayyah anu diluluguan ku pamikiran-pamikiran Abu Sufyan, hiji gegedén Mekkah anu boga ngaran asli Sakhr Ibn Harb.

Perang Salib ku dua golongan dianggap mangrupa perang suci keur ngarebut taneuh suci, Baitul Muqoddas. Ku ayana ieu perang, bangsa Éropa neundeun sikep kaceuceub jeung antipati ka masarakat Islam. Garéja ogé ngaluarkeun fatwa: masarakat Islam kaasup kana golongan jalma-jalma kafir saimbang  jeung kamandang ti kelompok Islam sorangan anu mandang masarakat Kristen mangrupa kumpulan jalma-jalma kafir. 

Kafir, hiji sebutan anu can kungsi aya dina al-Quran jeung Bibel ditudingkeun ka jalma anu miboga kayakinan ka Alloh. Sebutan keur Kristen dina al-Quran sorangan geus jelas nyaéta Nashrani. Dina Bibel moal aya sebutan ka Islam salaku jalma kafir sabab Bibel geus aya saméméh Islam. 

Digunakeunna kecap kafir ku dua golongan keur nyebut jalma-jalma anu geus yakin ka Alloh mangrupa tafsir di golongan alim-ulama jeung para pandéta, duanana boga maksud keur nanjeurkeun ajaran anu bener sangkan ngawujud jadi agama, hiji lembaga atawa pranata sosial anu gampang diasupan, cukup ku hiji jangji satia anu disebut syahadat, ogé gampang dimangfaatkeun keur ngarawu kapentingan-kapentingan sekular.

Pacogrégan dua kayakinan antara Islam jeung Kristen sabenerna lain saukur disumangetan ku émosi kaagamaan, ogé henteu leupas tina kapentingan sekular, politik jeung ékonomi. Nanjeurna kapentingan ékonomi jeung politik ieu dimimitian nalika Dinasti Abbasiyah diserang ku Mongol, antukna pasukan Islam kudu ngangsreg ka wewengkon-wewengkon anu geus dicekel ku Portugis. Dina Kristen sorangan, mangsa harita, kusabab alesan-alesan politik antara Spanyol jeung Portugis ogé miboga kapentingan séwang-séwangan. Ku alesan politik mah, tali kayakinan ogé bisa udar atawa leupas kitu baé. 

Serangan Mongol ka Bagdad geus mawa pangaruh gedé kana kahirupan jeung tumuwuhna masarakat Islam. Jalur dagang loba anu direbut ku kaum muslim, ti Yaman nepi ka Iskandariah. Jalur  ieu anu geus bisa ngenalkeun hasil bumi ti Nusantara ka dua golongan anu keur meujeuhna kahot ngayakeun perang arék perang fisik atawa perang pamikiran. 

Mangsa ieu, mangrupa hiji sajarah kumaha beuki dipikawanohna Nusantara ku bangsa-bangsa deungeun, nepi ka dijadikeun taneuh atawa wewengkon anu diparebutkeun. Lain kusabab pasualan agama wungkul, tapi leuwih gedé dipangaruhan ku patékadan ékonomi jeung politik. Nepi ka abad ka-15 kaluar kekecapan ti para ahli utamana  ti bangsa éropa: Nusantara mangrupa hiji inten berlian anu miboga harga leuwih.

Téori Schrieke ieu keur nandeuskeun, Perang Salib I-II anu dilakonan ku dua golongan dina marebutkeun taneuh suci di Paléstina kusabab hiji émosi kaagamaan dipindahkeun kana Perang Salib III atawa modern ka wewengkon Nustara kusabab kapentingan ékonomi jeung politik.


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara ( Hanca Ka-Sawelas)"