Islam Nusantara ( Hanca Ka-Sapuluh)

ISLAM NUSANTARA ( HANCA KA-SAPULUH) 
Ku Kang Warsa 
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi 

Hiji hal anu mustahil, saha baé bisa ngudag jeung ngudar sajarah asupna Islam ka Nusantara lamun teu dibarengan ku ngaguar rongkahna papaséaan antara Islam jeung Portugis. Kitu kamandang Esposito.

Anthony John ngedalkeun téori Sufi ngeunaan sumebarna Islam di Nusantara. Sarjana Barat séjén, Schrieke ngaluarkeun téori "balapan" antara Islam jeung Kristen. Sanajan kitu, Race Theory -nepi ka danget ieu - can manggih jeung nepi kana validitas anu sabenerna.

Schrieke ngudar ieu pasualan ku cara nénjo kasang tukang papaséaan antara Islam jeung Kristen anu dihubungkeun jeung sajarah perang salib (Crussade). Ieu téori meunang panyawad ti Naquib al-Attas. Salaku sarjana Muslim, al-Attas nyebutkeun euweuh hubungan antara nyebarna Islam di Nusantara jeung perang salib taun 1090-an.

Al-Attas nyebutkeun deui, euweuh hal anu bisa ngahubungkeun perang salib jeung sumangetna para alim-ulama anu nyebarkeun Islam di Nusantara. Euweuh motif balas dendam dilakukeun ku alim-ulama dina nyebarkeun Islam. 

Mémang bener, di golongan Islam sorangan nepi ka danget ieu masih aya kamandang jeung anggapan lamun perang salib mangrupakeun carita nu bakal terus-terusan lumangsung mangjilid-jilid. Anggapan samodél ieu mangrupa hal anu teu sapagodos jeung eusi ajaran Islam anu mikareueus kana katingtriman, lain papaséaan. 

Race Theory antara Islam jeung Kristen beuki kaciri nalika Portugis bener-bener hayang ngarebut Nusantara tina kakawasaan Islam. Di abad ka -16, polarisasi antara Islam jeung Portugis beuki ngébréhkeun dua kakuatan. Téori balapan midangkeun pasualan antara Islam jeung Kristen pada ngudag jumlah jalma anu kudu diislamkeun atawa dikristenkeun. Islam tangtu leuwih pinunjul.  Ceuk Safii Maarif, Islam geus nanjeur jadi agama anu ngameunangkeun ngadu balapna dua kayakinan di wewengkon Melayu - Nusantara. 

Masarakat muslim hasil konvérsi tina kayakinan heubeul kana Islam beuki kuat jeung nyirikeun idéntitas salaku masyarakat muslim. Polarisasi beuki jelas, ayana wewengkon Islam (daar al-Islam) jeung wewengkon non-Islam (daar al-Harb).

Idéntitas di luhur dilantarankeun ku iber-iber jeung pasualan anu beuki nga-internasional, lain sawates wewengkon wungkul. Pangaruh politik internasional mangaruhan kana kahirupan masarakat muslim anu kawilang anyar di Nusantara. 

Hal anu jauh béda jeung dina abad ka-7 nepi ka abad 13 nalika Islam masih disebarkeun kucara individual, ku para Sufi jeung alim-ulama. Abad ka-16 pangaruh jeung faktor séjénna teu bisa disinglar ngagulung dina kahirupan agama, politik, ékonomi, utamana kakawasaan. 

Kamandang dina téori balapan lamun dilenyepan kalawan daria beuki nandeskeun ayana perang jeung papaséaan antara Islam jeung Kristen di abad ka-16 -malahan nepi ka ayeuna - mangrupa pindahna papaséaan dua golongan di wewengkon séjén ka ieu Nusantara.  Perang jeung papaséaan disebut hak tapi kanyataan anu teu saluyu jeung eusi kabéh kayakinan anu leuwih mokuskeun kana ajaran moral: hirup sauyunan.

Sukabumi, 1 Nopémber 2016

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara ( Hanca Ka-Sapuluh)"