Ménak Anyar Hanca Ka Duapuluh Dua

LANGIT ceudeum lain kusabab tanda pihujaneun saperti biasa, lain kusabab usum ngijih, bulan Méi taun 1982, teu kungsi lila prul hujan lebu turun ti langit, wewengkon Sukabumi jeung sabudeureunna hujan lebu, kajadian anéh jeung ahéng. Ampir kabéh jalma kerung, masarakat Cibodas pating beretek arasup ka imahna séwang-séwangan, dina pikiranna pagalo rupaning pananya: aya naon? Naha hujan lebu, lain cai? Totondén kiamat? Anu masih aya di jero imah kalaluar ka téras imah bari namprakkeun leungeun ka langit, nadah lebu anu ngeprul. Bener hujan lebu?

Kohkol ditakol di pos ronda, silih témbalan jeung sora kohkol ti lebur séjén. Béda jeung kolot, barudak mah kalah pating beretek ka buruan. Ku anu jadi kolot dicaram, ngarampih pamali, bisi katerap jurig kuris jeung jurig jarian. Ampir kabéh jalma boga sangka, ieu mangrupa tanda kiamat. Iber ngeunaan Galunggung bitu can katarima ku masarakat kalawan walatra. Mualim Oléh langsung muru masigit, ngabéwarakeun sangkan urang Cibodas anu aya di imah gancang ka marasigit.

" Aéh, da kabéh ogé keur araya di imah, naha ari Mualim Oléh?" Ceuk salah saurang salaki di hiji kulawarga.

" Bisi wé meureun  masih kénéh aya anu masih ngulampreng di jalan jeung di sawah." Ditémbal ku pamajikan. Salaki ngenyot udud, semu kurang ngeunah da tagiwur jeung kajadian anu keur lumangsung. " Buru ka masigit, lain ngudud baé, bisi bener ieu tanda-tanda kiamat!"

Henteu ngadagoan dititah dua kali, udud dipareuman dibebeskeun kana asbak, kawas pinuh kaceuceub didedetkeun terus diputerkeun. Salaki gura-giru ka masigit, dibekelan payung ku pamajikan. Di luar imah, para lalaki séjén sarua keur laleumpang muru ka masigit. Lolobana maraké cetok jeung tudung. Bak di masigit buru-buru dituruban ku tampir da bisi kakebulan ku lebu. Tangkal-tangkal katénjo robah warna tina héjo jadi semu pérak.

" Aya naon ieu téh, Mualim?" Tanya Abah Udin hariweusweus campur sieun, umur geus nincak 89 taun.

" Duka atuh, abah." Témbal Mualim Oléh can apal bener, kajadian naon anu keur lumangsung?

" Boa kiamat téa ieu téh?" Salah saurang milu ngomong.

" Ah, henteu kieu kiamat mah, gunung hariber, langit runtuh, taneuh bareulah, béntang diaradu, kitu nya Mualim?" Ditémbalan kunu séjén.

" Kawas anu geus ngalaman kiamat baé, éta mani capétamg kitu nyebutkeun kaayaan kiamat manéh téh?"

" Apan ceuk katerangan ogé kitu, nya Mualim?"

Mualim Oléh masih kerung. Dina dirina can boga jawaban, naon anu kudu dikedalkeun jeung dibéjakeun ka masarakat.

" Geus warudhu?" Tanya Mualim Oléh.

Anu aya di masigit arunggeuk.

" Urang sholat sunat heula wé ayeuna mah. Engké urang ngadunga babarengan sangkan dijauhkeun tina balahi."

" Niatna sholat sunat naon, Mualim?"

" Sholat hajat baé, ieu mangrupa paménta ka Gusti Alloh sangkan dijauhkeun tina rupa-rupa balahi." Ceuk Mualim Oléh.

Bérés nedunan sholat disambung ku dunga sangkan dijauhkeun tina balahi. Dina haté séwang-séwangan masih norowéco, aya naon ieu téh anu sabenerna? Can kajawab. Bérés sholat jeung ngadunga, Mualim Oléh nangtung deukeut paimbaran.

" Sugan aya pagawé désa anu méré iber ka Pa RT?" Pokna bari luak-lieuk ka jama'ah.

" Teu aya iber nanaon. Mangkukna rapat di balédésa ngaguar rencana AMD, ABRI Masuk Désa, Mualim."

Kaayaan lembur karasa simpé, diselang ku pating bérélé sora embé ti kandang ditémbalan ku keketok hayam bikang. Masarakat masih nganti-nganti iber anu pasti, naon anu keur lumangsung nepi ka kudu aya hujan lebu sagala? Iber datang ti salah saurang jalma, Kang Ukan. Ngomong ka budak jeung pamajikan, yén kajadian hujan lebu téh balukar tina Galunggung bitu, lebuna mancawura nepi ka luhur tuluy katiup ku angin muson timur, nya nepi ka wewengkon Sukabumi jeung sakuliahna anu aya kuloneun Galunggung. Iber ditépakeun kanu séjén, teu kungsi lila, kabéh jalma apal, hujan lebu téh alatan Galunggung bitu.

" Jadi lain kiamat, manéhna?" Ceuk salaki ka pamajikan.

" Lain atuh!"

" Alhamdulillah bari ngusap beungeut. Cilaka lamun enya kiamat mah, can boga bekel keur jaga!"

" Anu matak geura éling jeung tobat geura!"

" Heueuh, tapi da lain kiamat, hartina kiamat masih jauh. Boga waktu kénéh ngumpulkeun pibekeleun keur  jaga."

" Arék ngadagoan umur kolot lain?"

### 

Néng Sekar leumpang pinuh ku kabungah, dipayung hideung. Jarak satumbak, beulah katuhueunna Jang Aim ngagunakeun daun cau keur nyegah lebu anu murag kana awak. Balik sakola, dua poé sanggeus kajadian hujan lebu. Hujan lebu teu tangtu, bisa isuk kénéh, ogé bisa pabeubeurang wanci panon poé manceran.

" Badé neraskeun ka SMA mana sakola téh, Sekar?" Tanya Jang Aim.

" Ari neraskeun sakola mah hoyong ka SMA, mung ku bapa dipiwarang neraskeun ka SPG."

" Aduh, badé janten ibu guru atuh?"

" Duka, kumaha rejekina baé." Néng Sekar seuri konéng. " Dupi Aim badé neraskeun ka mana?"

" Dipiwarang ka PGA ku apa."

" Aduh badé janten guru agama atuh?"

" Hehehe.."

" Awas upami tos di PGA teu kéngéng hilap ka Sekar, nya?"

" Ah, naha maké kedah hilap. Da unggal dinten ogé, urang mah  tiasa tepang atuh."

" Apanan pamali calon guru agama tepang teras mapah paduduan sareng istri."

" Ah, teu kedah kitu, da sanés kaawonan anu dipilampah ku urang mah."

Duanana papisah nalika Néng Sekar nepi ka imah. Indungna keur ngabordér sarung bantal di tepas imah. Sekar nyium leungeun indung. Anu jadi indung seuri, sabari gugupay ka Jang Aim, nitah ka imahna heula. Ditémbalan ku sikep ajrih ku Jang Aim, tanda ngahaturkeun nuhun. Budaya di éta wewengkon, tanda ajrih boga harti nolak kalawan sopan, lain henteu tandes. 

Budaya Sunda leuwih ngaheulakeun rasa anu bakal katarima ku batur nalika urang nolak hiji ajakan atawa tawaran. Loba conto, lamun hiji jalma ditawaran dahar, geus pasti dijawab: Wios, hatur nuhun. Sumawona anu nawaran dahar ogé teu tégaan, sok keukeuh maksa kanu ditawaran, kudu nepi ka - sanajan ngomong wios tapi tetep -  bisa ngasaan kana kadaharan atawa nan baé anu ditawarkeun.

Poé kadua hujan lebu, taneuh bener-bener geus kabulen ku lebu, suhunan imah warna sipuh pérak, dangdaunan ogé sarua. Anu teu robah dina éta kajadian ngan pasifatan barudak. Dibéré nanaon jeung kajadian naon baé geus tangtu disanghareupan ku suka bungah. Barudak pating aréak, ulin di buruan, sirah dibuleun ku kérésék warna hideung, sitaranjang, ngawur-ngawur lebu, aratoh.

###


‎Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ménak Anyar Hanca Ka Duapuluh Dua"