Saméméh taun 45 SM, ku jalma-jalma anu aya di wewengkon kakawasaan Romawi Kuno disebut ,"mangsa anu dipinuhan ku kabingung." Dina waktu harita, konsépsi dina méré tanggal jeung waktu masih pajurawet. Tanggal jeung waktu ampir sarua jeung sajarah kahirupan jalma, dijieun ku saha anu nyekel kakawasaan dina danget harita. Julius Caesar anu ngaakibatkeun masarakat aya dina kabingungan kusabab patukang tonggongna antara konsép 'penanggalan' jeung robahna usum di bumi bagéan kalér.
Kakawasaan teu bisa méréskeun ieu pasualan, antukna dina taun 45 SM, konsép kalénder Julian dibebener ku hiji astronom Romawi nyaéta Sosigenes. Konsépna basajan, keur wewengkon anu aya di wewengkon non-tropis, nénjo kana robahna usum , jumlah bulan dina sataun teu bisa ngan ukur aya 10 bulan kari-kari Julius Caesar nambahan 90 poé dina sataun kalawan teu maké ugeran. Da ku logika itungan ogé 10:4 téh hasilna moal ciples. Sosigenes antukna nyusun lilana poé tiap bulan kana Kélender Julius Caesar, sangkan lilana usum jeung tanggal anu aya dina almenak bisa nyurup jeung saluyu.
Sok sanajan kitu, angger baé kalender anyar anu dijieun ku Sosigenes éta dibéré ngaran kalénder Julius lain kalénder Sosigenes, kusabab kakawasaan mémang bisa ngandalikeun naon baé. Nepi ka ayeuna Kalénder Julian masih dicekel pageuh ku jalma-jalma anu ngagem ajaran Kristen Ortodoks saperti di Russia, Turki, jeng Lebanon.
Kalender Julian béda jeung Kalénder Gregorian anu dibetuskeun ku Paus Gregorius XIII dina taun 1582 M, sabab Kalénder Julian méré harti lamun lilana poé dina tiap bulan ku angka anu katénjo dina almenak lain ku lilana waktu, dina kalénder Julian mah lila poé dina sataun téh 365 poé tiap 3 taun jeung 366 poé dina taun kabisat. Itungan ieu ngabalukarkeun kurang 1 poé mangsa ékuinoks dina tiap 128 taun. Ku Gregorius, kalénder Julian dibébérés, ku cara ngitung lilana poé dina sataun nyaéta 365,25 poé.
Lamun niténan hal éta, keur masarakat anu ngagem agama Kristen Ortodoks mah 14 poé ka tukang ogé geus asup kana taun anyar, malahan natal ogé anu dilakonan dina tanggal 25 Desember vérsi kalénder Julian, sedengkeun dina Kalénder Gregorian mah karék nuduhkeun tanggal 11 Desember.
Geus pasti bédana itungan, kalénder anu dipaké, sanajan sarua ditangtukeun ku rotasi jeung révolusi bumi kana panon poé, ku bédana ieu mangaruhan kana hal-hal anu dianggap sakral. Komo nalika dibandingkeun jeung penanggalan hijriyyah, taun saka, ogé kalender Sunda bakal beuki ramé ku silih agulkeun. Da ayana kalénder rék masehi atawa hijriyyah téh saeutik gedéna dipangaruhan ku kayakinan anu diagem ku mayoritas jalma anu nyekel pageuh éta agama.
Ngaran-ngaran bulan dina kalénder Maséhi nyatut tina ngaran déwa-déwi bangsa Romawi. Kitu ogé ngaran-ngaran bulan dina kalénder komariah dicokot tina kabiasaan masarakat Arab Jahiliyyah. Keur masarakat umum mah teu jadi soal ngaguar naon baé ogé da masarakat umum mah nu penting kari prakna, ceuk anu dibarendo A nya tinggal ngalaksanakeun bae A. Masarakat umum mah moal merhatikeun lamun anu ngaranna ékuinoks téh biasana tanggal 22 September, tah hartina bralna Dewa Matahari teh sakuduna ditangtukeun dina eta tanggal lain 25 Desember, ka dieunakeun mah gening tanggal 22 Desember oge direuah-reuah minangkan "Hari Ibu" sanajan éta téh dicokot dina tradisi ngabagéakeun bralna Déwi Osiris tina kabiasaan Mesir Kuno minangka anu jadi indung buyut para Firaun atawa Raja-raja Mesir.
Siga ayeuna, urang teu kudu panjang mikir lamun kalénder anu aya téh boga sajarah panjang, rieut jigana nepi ka kudu mikiran nu karitu mah. Anu penting mah, dina taun anyar dipapag ku nyundut petasan, dieusi ku acara dangdutan, jogéd, jrrd. Teu béda jauh jeung masarakat Romawi Kuno anu ngareuah-reuah datangna bulan Inuarius, minangka bralna Déwa Janus. Teu jauh ogé jeung Masyarakat Arab Semit anu ngareuah-reuah tiap asup bulan Muharrom kusabab dina éta bulan dipercaya bralna Déwi Ishtar atawa Manaat salaku déwi anu ngajaga kasuburan taneuh jeung tutuwuhan, nya kadieunakeun mah saluyu meureun jeung Déwi Sri Pohaci dina kayakinan jeung tradisi masarakat wétan.
NAHA TIAP GANTI TAUN MAKé KUDU DIREUAH-REUAH?
Kbiasaan ngareuah-reuah mapag datangna taun anyar lain béh dieu jeung lain dilakonan ku hiji bangsa atawa séké-sélér, tapi mangrupa kabiasaan anu geus lumangsung lila. Dina tradisi bangsa-bangsa kuno, aya pamikiran pasifatan anu dipiboga ku para déwa sarua jeung sifat-sifat manusa, kajaba bageur ogé miboga sikep sirik, dengki, jeung barangasan. Pikiran samodél kitu mangaruhan nepi ka ayeuna kana konsép téologis kabéh agama mayor jeung minor, umpamana dina Islam, loba jalma anu boga pikiran Alloh bagar bageur ka urang lamun urang ngalakonan paréntahna, jalma-jalma kuno ogé kitu: lamun datangna taun anyar teu di reuah-reuah, keur ngabungahkeun déwa Janus, inggis éta déwa malik ngamuk jeung teu suka ka jelema, balukarna geus pada apal, nalika déwa Janus ngamuk, moal aya deui tangkal anu tumuwuh, kalaparan jeung pagebug dimana-mana.
Masarakat Arab Kuno ogé boga pamikiran anu sarua, tradisi dina ieu masarakat nyaéta nalika asup taun anyar, bulan Muharam, di deukeut ka’bah kuno dilakonan rupaning kariaan, mere mawéh ka jalma-jalma miskin, ogé diayakeun rupaning bazar atawa kariaan. Rupaning tatabeuhan ditakol, hiji tradisi keur ngamuliakeun déwi Manaat. Dina ieu bulan, masarakat Arab teu dimeunangkeun ngalakonan peperangan komo nepi ka silih tandasa, boga harti ieu bulan mangrupa bulan anu pinuh ku kabagjaan minangka bralna anak Déwa Hubal, Istar atawa Manaat. Dina bulan-bulan saperti Muharam ieu, hiji kabiasaan masarakat Arab nyaéta ngayakeun paméran atawa expo anu disebut Ukaz. Tempat anu dipaké ngayakeun ieu calagara nyaéta wewengkon antara Mekah jeung Thoif. Di dinya ngumpul ngariung maha kawi, ahli politik, jeung sodagar Arab. Utusan jeung duta ti mancanagara ogé milu ngaramékeun ku ngayakeun silih tuker ‘cindera mata’.
Kabiasaan di luhur tug nepi ka ayeuna jadi kabiasaan anu ngainternalisasi kana diri urang, masarakat di wewengkon Tatar Sunda dina tiap ganti taun Hijriyyah sok direuah-reuah ku acara pawéy, ngadunga bareng kanu Kawas, ngumpul ngariung kulawarga, jrrd. Hiji kabiasaan anu alus sabab kucara kitu tali silaturahmi beuki raket, antukna papaséaan jeung perang ogé suwung dina kahirupan sakumaha teu kungsi lumangsung perang di masarakat Arab dina bulan Muharam.
Cindekna , kana sajarah naon baé ogé urang ulah miboga sikep sinis, moyok jeung nyawad kana kabiasaan batur kusabab béda kayakinan sedengkeun diri urang ogé biasa ngalakonan éta hal, kalakuan atawa tradisi anu mémang geus biasa dilakonan ku masarakat Arab Kuno anu disebut Jahiliyyah. Studi dina sajarah salah sahijina boga tujuan: sajarah kahirupan anu geus lumangsung dina mangsa rébuan taun ka tukang dihadirkeun deui kusabab aya kelompok atawa jalma anu boga kapentingan kana éta kajadian. Sabab kajadian mangsa ka tukang moal bisa mere informasi jeung data anu lengkep. Di Arab Saudi baé, dina mangsa modern ieu, Pasar Ukaz anu disebut Jahiliyyah jeung Kuno dibuka deui ku pihak karajaan, hartina aya kapentingan anu disuprih dina éta hal.
Wilujeung Taun Anyar 2017 M.
Posting Komentar untuk "Taun Anyar: Sajarah anu Panjang"