BALANDONGAN geus jadi sabiwir hiji, sebutan ka ieu lembur mangrupa kampung santri. Ti mimiti ieu lembur diadegkeun ku para sesepuh saperti Abah Jayawinata anu katelah Ama Erpol, Mama Haji Sulaéman, diteruskeun ku para sesepuh séjén anu aya di ieu lembur.
Masyarakat Balandongan hirup kumbuh dina budaya jeung tradisi anu teu bisa leupas tina niléy Islam jeung Sunda, ajaran jeung ageman anu dicekel pageuh ku masyarakat ti saprak ieu lembur ngadeg.
Salah saurang sesepuh anu kawilang gedé jasana dina ngaheuyeuk lembur jeung ngokolakeun ieu kampung dumuk banjar karang pamidangan nyaéta : Almarhum Mualim Zakaria, hiji inohong anu ninggalkeun rupaning atikan jeung kumaha cara masyarakat hirup sangkan nyurup jeung niléy ajaran anu dicekel.
Balandongan, hiji kampung padumukan banjar karang pamidangan anu dipikareueus ku sing saha baé anu jadi warga jeung kungsi nyicingan ieu lembur.

Tempatna pikabetaheun, dipinuhan ku rupaning tangkal, cai curcor, susukan ngamalir, pasawahan héjo ngémploh dina usum tandur, konéng ngaemas dina usum rampak.
Kahirupan masyarakatna akur jeung dulur, hormat ka papada, silih ajénan, silih mulyakeun, silih asah-asih-asuh.
Dina taun 1946, sataun ti saprak ieu nagara merdéka - ka ieu lembur - Mualim Zakaria ngamimitian nyumebarkeun élmu agama. Ngatik masyarakat Balandongan ku pangaweruh kaagamaan, ngatik barudak ku pangajian anu mundel ku élmu pangarti.
Dina diri Mualim Zakaria nanjeur pasifatan –pasifatan anu sakuduna dipimilik ku para muballig, ustadz, jeung santri: teges dina nanjeurkeun bebeneran.

Wirahma jeung komara anu aya dina diri Mualim Zakaria dilantarankeun ku éta hal, katambah ku pangarti anu dipimilik ku mantenna.
Masyarakat Balandongan, leuwih ti tilu generasi kaatik jeung kaajar ku almarhum. Ti mimiti aki-nini, indung-bapa, nepi ka anak incuna kungsi nyerep pangaweruh kaagaam ti almarhum.

Nepi ka taun 90-an mah, moal aya saurang budak anu teu apal kana rukun Islam, rukun Iman, jeung cai anu bisa dipaké susuci. Bati tina pangajian anu diwurukan ku Mualim Zakaria almarhum nyaéta bekel keur urang hirup.
Dibarengan ku para sesepuh séjénna saperti: Mualim Fahrurozi anu katelah Mang Paung, Mualim Soleh, Abah Mandor Jai, Pa Odang, jeung Pa Ejen, masyarakat Balandongan dikokolakeun kumaha cara dina nyanghareupan ieu kahirupan.

Tug nepi ka ngawujud jadi hiji masyarakat anu ngaheulakeun bebeneran, hormat ka tatangga, teu umaing, teu silih cawad, éstu akur salembur, anu ngawujudkeun hiji kakompakan, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.
Sikep teges kana bener anu aya dina diri Mualim Zakaria geus ngawujud ti saprak nyuprih pangarti di Pondok Pasantren al-Qossasiyyah, Cisaat. Dina dirina ngocor sikep; kumaha cara ngawujudkeun sangkan hirup masyarakat saluyu jeung ageman hirup.

Kumaha sangkan masyarakat meredih niléy Islam dina ngeusi kahirupan bari teu patukang-tonggong jeung kabiasaan anu geus aya di masyarakat.
Taun 2002, masyarakat Balandongan tungkul ceurik balilihan, hinghingan, dipinuhan ku kasedih. Mualim Zakaria tilar dunya.

Perlaya lain di médan perang, tapi dina ieu kahirupan anu dipinuhan ku rupaning kamelang, inggis naon baé anu kungsi diajarkeun ku almarhum teu kungsi diterapkeun deui dina ieu kahirupan.
Titinggal anu diwariskeun ku almarhum ka masyarakat Balandongan nyaéta: hiji masjid jeung sakola agama anu kungsi digunakeun nyebarkeun ajaran-ajaran bebeneran ti taun ka taun, ti mangsa ka mangsa.
Tangtu baé, ieu titinggal anu kudu salawasna dijaga jeung dimumulé ku urang Balandongan salaku jalma anu kudu mihormat kana sagala rupa jasa karuhun jeung sesepuh ieu lembur.
Balandongan dina mangsa kiwari, kudu ngawujud deui kawas bihari. Dina kahirupan kudu mintonkeun deui sikep sauyunan, kakompakan, silih hurmat jeung silih ajénan, silih simbeuh ku bebeneran, paantay-antay tangan sangkan ngawujud hiji masyarakat anu pinunjul dina nyanghareupan jaman.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Mualim Zakaria"