DHARMA WAWAYANGAN
Ku: Kang Warsa
Naha dina Asmarandana dijéntrékeun yén hirung urang ngan saukur "dharma wawayangan" baé? Da bener atuh, kahirupan urang mah ngan saukur citra jeung kalangkang. Antara usik jeung malik, ringkang jeung ringkig kumaha usum. Kadieunakeun mah nya kakapengan, sakapeung bener, sakapeung salah.
Sok sanajan kitu, sabenerna dina hirup jalma euweuh kasalahan anu teu bisa dibenerkeun, sumawona euweuh ogé bebeneran anu saeneng-eneng salawasna diaku bener. Éta téa pan, uusuman, kumaha jeung kamana angin nebak.
Loba anu ngadunga kanu Kawasa sangkan diri dipancegkeun dina hiji jalan jeung hiji kayakinan. Sabebenerna, keur sakabéh jalma anu boga kayakinan lamun diri urang diciptakeun ku Alloh, geus teu kudu ronggrét deui tina ieu pasualan, utamana kayakinan kanu Kawasa. Jalma anu geus boga rumasa éta geus tangtu ngagem téisme, yakin kanu Kawasa.
Anapon pasualan "dharma lakoni", hal kadunyaan, Alloh geus nyiptakeun hiji sistem anu sampurna sangkan kahirupan manusa bérés , teu timbul papaséaan baé, nya dina diri jalma kajaba dijieun otak ogé dibarengan jeung software-na :akal.
Jauh saméméh bralna agama-agama anu nepi ka wanci ayeuna lamun diitung ku ukuran taun maséhi umur agama anu diagem ku kalolobaanna jalma ngan karék nepi ka 4.000 taun ti saprak Nabi Ibrahim nyumebarkeun monotheisme.
Umur sakitu, teu satai-kukueun lamun arék dibandingkeun jeung ieu umur kahirupan ti mimiti ieu alam dunya diciptakeun. Bisa dibandingkeun ieu umur alam dunya ceuk sababaraha ahli astronomi jeung kosmolog geus ampir 12 milyar taun. Cahaya béntang anu nepi ka Bumi ogé sabenerna cahaya béntang jutaan taun ka tukang.
"Dharma wawayangan" baé lain ngan saukur lumaku jeung lumangsung dina kahirupan jalma, ogé keur ieu alam dunya. Tong jauh-jauh, titénan baé kahirupan di ieu planet. Évolusi kosmik atawa robahna alam terus lumangsung ti usum ka usum, ti jaman ka jaman.
Kungsi merhatikeun gunung atawa tatangkalan? Dangdaunan anu asalna héjo, robah jadi konéng, jadi kalakay, tuluy maruragan kana taneuh, jadi humus, breng baé tina sela-sela humus tumuwuh sabangsaning tangkal anyar, arék supa atawa lumut.
Di wewengkon-wewengkon séjén ogé kitu, tangkal jeung tutuwuhan breng jaradi kitu baé, nu ieu paéh diganti ku tangkal séjénna. Sanajan kitu, kabéh ogé geus kauji jeung kaukur présisi itunganna kalawan bener jeung akurat, teu leuwih teu kurang.
Robahna alam jeung ieu kahirupan mangrupa "dharma wawayangan". Robahna ieu alam mawa pangaruh ogé kana robah jeung usik malikna kahirupan jalma, malah mawa pangaruh ogé kana pasifatan jeung tabéat jalma dina cara nyanghareupan hirup.
Kawas tangkal jeung sato, breng sagala rupa budaya jeung cara hirup tumuwuh dina kahirupan jalma, béda wewengkon béda budaya, hiji kapastian dina kahirupan, kudu béda, dijieun ku jalma sorangan, kalawan ngilik kana naon anu dipersépsi ku jalma kana ieu alam.
Kamotékaran hirup jalma ogé silih ganti, aya usum jeung mangsana. Hiji wewengkon kungsi ngalaman kamajuan jaman, tumpur jeung perlaya, diganti deui ku makajuan jeung kamotékaran hirup ti bangsa séjénna, silih ganti. Nu ieu ngalaman kamajuan, nu ieu mah karék tumuwuh, nu hiji deui keur nuju kana ancur lebur.
4.000 taun ka tukang, Bangsa Mesir anu ngaluluguan kamotékaran hirup, ageman jeung budaya-budaya Mesir ngangsreg ka sakuliah kahirupan, tug nepi ka cara ngabdi ka Gusti kalawan sumujud kana panon poé ogé apan asalna diaku ti Mesir.
Jauh saméméh Bangsa Mesir ngalaman kamajuan, bangsa séjén anu aya di wewengkon urang ayeuna ogé mangrupa bangsa anu pinunjul dina sagala widang, bralna lagu "Nenek Moyangku Seorang Pelaut" miboga silib siloka anu teu bisa disumputsalindungkeun yén karuhun bangsa urang mangrupa bangsa maritim. Sakaol aya anu ngaguar, cara ngabdi ka Gusti anu dilakonan ku Bangsa Mesir ogé éta téh hasil nyatut tina kabiasaan di Tatar Sunda.
Kayakinan jeung ageman hirup ogé teu jauh béda jeung ieu kahirupan, ngalaman robah, usik, jeung malik. Ageman hirup anu dipintonkeun ku cara sumujud ka Gusti ngaliwatan ritual nyembah panon poé jeung rupa-rupa hal séjénna diganti ku sumujud ka Gusti anu Hyang, Ghaib, jauh kudu kasaba ku alat inderawi. 3.000 taun lilana, agama Semit (Yahudi, Kristen, jeung Islam) anu nyebutkeun diri salaku agama langit mangaruhan kana ieu kahirupan.
Di wewengkon Éropah, salila 2.000 taun lilana, ageman Semit saperti Kristen masih dicekel pageuh ku lolobana masarakat, ngan proyéksi jeung cara ngainterprétasikeun Kitab Suci ogé geus ngalaman cara anu béda lamun dibandingkeun jeung 1.000 taun ka tukang. Malahan teu saeutik masarakat Éropah anu boga kayakinan: dina jaman millennium mah, manusa geus ganti deui kawulaaneun, lain kanu Ghaib deui, tapi kana akal jeung mesin.
Geus jadi papastén tinu Agung, ti Alloh, yén kahirupan jalma bakal terus ngalaman robah, évolusi jeung révolusi jadi hiji kapastian, moal aya anu bisa nyegah komo ngulah-ngulah. Nu teu robah dina ieu kahirupan ngan hiji: nyaéta kabéh ogé pasti robah.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Dharma Wawayangan "