Ku urang lembur, nalika masih jumeneng, sok disebut Si Gambréng. Da kitu ari urang lembur mah, sok gampang méré landihan ka papada. Di lembur mah, jalma anu sok ceceremed bisa disebut Si Ucing atawa Si Garong. Ka budak anu lihéy tuak-taék sok dibéré landihan Si Bajing. Malahan aya anu dilandih kucara ngilik kana karesep, kana baju anu dipaké, jeung ka artis anu ngeplés jeung dirina. Aya anu disebut Si Kumis, Si Kamprét, Dono, Bonéng, Gendon, Burineut, jrrd. Kitu ilaharna urang lembur.
Sebutan Gambréng ka Mang Engkos boga dumasar jeung alesan. Salah sahijina, kusabab mindeng riweuh, jeung dina ucapan atawa kekecapan sakarepna, kawas anu teu sieun keuna ku hukum, arék agama ogé darigama. Gambréng mertélakeun hiji kaayaan, teu stagnan, teu daék cicing, saharti jeung riweuh atawa gandéng baé. Sabenerna niti ka mangsa kiwari, mangsa nalika kecap-kecap jeung omongan geus pasuliwer mahabu kamana karep. Jaman kiwari geus waktuna disebut “Jaman Gambréng.”
Naon sababna urang lembur bisa gampang méré landihan ka papada ku cara basajan? Kahiji, embung dihésékeun ku pasualan basajan. Kadua, sangkan méré tanda kana personal-na hiji jalma. Kuring, kusabab dina badminton sok ngagunakeun leungeun kiwa, ku urang lembur sok disebut Si Kidal, keun baé asal ulah disebut Si Kadal wé. Kadal, dina mangsa kiwari biasa ditibankeun ka supir anu teu matuh.
Aya sababaraha conto kalakuan Mang Engkos anu bisa dijieun eunteung ku urang dina ieu kahirupan. Geus ilahar, jalma biasa meunteun kana kahirupan papada ku ukuran-ukuran anu geus ditangtukeun kalawan hiji konsénsus anu disatujuan ku cara bareng, umpamana ayana standar norma, kabiasaan, jeung aturan-aturan anu teu ditulis. Nalika aya jalma unggal poé tara pernah leupas tina samping jeung kopéah, masarakat bakal nyebut ka éta jalma Si Soléh atawa Si Bageur. Sabab ukuran di masyarakat, jalma soléh jeung bageur idéntik jeung atribut anu dipaké.
Mang Engkos jarang katénjo ka masigit, lain hartina teu ngagem agama Islam. Ngan sok dibarengan ku heureuy, nalika ditanya: kunaon kawas tara solat berjamaah ka masigit? Jawabanna: keun baé moal panasan. Keur ukuran jalma anu nyekel pageuh kana papagon agama, tangtu jawaban samodél kitu mangrupa sikep nyeceléh. Geus sakuduna kana kaalusan mah kudu boga sikep panasan, apanan?
Teu jauh béda, dina hiji mangsa aya jalma katohian kapanggih keur ngadon barang dahar dina wanci tengah poé, padahal harita geus asup tanggal sapuluh bulan puasa. Méméh ditanya geus ngajawab: “ Duh tétéla, bulan puasa mah bener-bener bulan berkah, ngadahar sangu poé jeung lauk asin wungkul ogé mani karasa ni’matna..”. Ucapan samodél kitu tangtu teu nyurup jeung ugeran norma agama. Ngan, ngaranna ogé dina kahirupan, hal samodél kitu mémang mindeng kaalaman, aya dina paguneman masarakat, lain diaya-aya.
Jauh saméméh ramé istilah “nganistakeun agama”, dina kahirupan masarakat mindeng kaluar lulucon, nalika budak dititah ku anu jadi kolot: “ Jang, geura solat!”, ku niat heureuy, éta budak ngajawab kalawan hampang: “ Ah, solat mah nomer dua, Ema.” Da bener, nu kahiji mah syahadat. Ngan ulah kumawani ngaluluconkeun agama kucara kitu dina mangsa kiwari mah, rék dina paguneman atawa status médsos, bisi dicerek ku sebutan ‘nganistakeun’ agama.
Pakasaban Mang Engkos jabrugan, kana naon baé: dagang hayu, macul ogé hayu. Di lembur mah sok disebut henteu bauan. Béda jeung urang anu hirup di jaman sagala ngareunah. Sarjana Pertanian baé masih aya anu nyingsatkeun calana nalika brus ka sawah. Aéh, da mémang bener kitu kuduna, moal enya ngadon gupak ka sawah kudu maké sapatu jeung calana panjang?
Kontéksna mah kieu: Sarjana Pertanian téh ngan sebutan wungkul dina jaman kiwari mah, teu boga harti siap ngokolakeun tatanén. Anu matak teu anéh, lamun urang nanya ka barudak sakola hayang jadi naon, jawabanna loba anu milih: hayang jadi pagawé. Keun baé da hirup mah mémang pilihan, teu kudu digeureuh-geureuh.
Tiap jalma mémang béda dina cara nyanghareupan kahirupan. Mang Engkos bisa disebut saurang abangan lamun ceuk Clifford Geertz mah. Ngan di lembur mah teu apal kana téori jeung sebutan-sebutan sosiologis saperti kitu, ku urang lembur mah cukup baé dibéré landihan, Si Gambréng. Sebutan kameumeut anu napel dina diri Mang Engkos, tug nepi ka ninggalkeun ieu alam dunya.
Teu jauh béda jeung umumna jalma, nalika dikurebkeun, pada nganteur ku papada. Dina ngalakonan kahadéan samodél mulasara mayit, masarakat jarang jeung tara noong kana kalakuan nalika hirup hiji jalma. Nu diudag nyaéta, urang ogé dina mangsana bakal dipulasara kunu lian. Euweuh jalma anu maot tuluy mulasara dirina sorangan.
Posting Komentar untuk "Mang Engkos"