Pa Ajat Guru Klasik



Kamari, Pa Ajat mulih ka jati mulang ka asal. Salah saurang guru anu kungsi ngatik barudak Balandongan ku cara midangkeun téori klasik pangajaran. Pagalo rasa dina diri, antara sedih, hambar, jeung nineung kana kajadian sababaraha taun ka tukang nalika diajar ku Pa Ajat jeung waktu ngajar babarengan jeung almarhum.

Rasa sedih nyaliara kusabab iber “mulang”na Pa Ajat ngadadak, ti saprak pindah ngajar ti SD Balandongan ka MTs jarang patepung jeung Pa Ajat. Rasa hambar dilantarankeun loba carita, pangajaran di sakola dasar ayeuna geus leuwih ti misti, para pamilon atikan kudu dibawa ka alam atikan modérn, tapi can manggih bentuk anu jelas kumaha atikan modérn téh?

Judul di luhur, Pa Ajat mangrupa salah saurang guru klasik, lain rék ngaléléwé lamun cara dina ngatik barudak di sakola masih ngagunakeun cara-cara tradisional. Sok salah harti, saolah anu disebut klasik téh tradisional, kadieunakeun pada nyebut tradisional sarua baé jeung kuno, teu modérn, antukna nyebut katinggaleun jaman. Padsahal mah, kanyataan anu sabenerna keur lumangsung nyaéta, jaman geus ditinggalkeun ku urang!

Dina taun 1986-1992, Pa Ajat salah saurang guru anu dibéré kapercayaan ku sakola, dina mangsa éta pisan ditugaskeun ku Kepala Sakola kudu tetep jadi wali kelas genep. Naha? Sing horéng kusabab kakeyeng dina ngatik barudak kelas genep éta, ti generasi lanceuk-lanceuk kuring nepi ka adi kuring sorangan, geus bisa mawa sakola meunang sababaraha préstasi, utamana dina prak-prakkan EBTANAS (Evaluasi Belajar Tahap Akhir Nasional). Mangsa harita mah kacida hésé para pamilon atikan anu aya di SDN Sudajayahilir I bisa nembus Nilai EBTANAS Murni (NEM) nepi kana angka 43.

Keur kuring jeung barudak Balandongan, Pangkalan, ogé Lemburpasir, Pa Ajat kawilang guru nu teges di jaman éta. Disebut teges lain hartina galak, tapi obyéktif dina sagala rupa, utamana dina méré peunteun ka para pamilon atikan. Dina meunteun jeung méré niléy ka barudak sabréhna, euweuh istilah niléy katrol, anu asalna aya di handap tuluy dikérék ka luhur sangkan jadi naék. Peunteun 3 mah 3 baé.

Anu matak nepi ka méméh taun 1998 mah, méméh alam réformasi jeung sagala kamerdikaan hirup neumbrag dina kahirupan, lain hal anu anéh nalika aya pamilon atikan anu teu naék tingkat ka kelas anu leuwih luhur. Anu jadi kolot budak ogé tuhu kana aturan sakola, budak teu ditaékkeun téh kusabab kudu ngulang deui pangajaran anu diapal cangkem di kelas asal.

Hal di luhur mangrupa ciri, guru-guru anu kawilang guru klasik geus bisa nganjang ka pagéto, ngatik barudak sangkan bener-bener hirup dina sikep obyéktif, teu gampang pundungan komo barbarian jeung belikan sulit ati mah. Ngatik barudak ku pasualan basajan, kudu daék tanggungjawab jeung narimakeun kana kanyataan.

Teu naék kelas lain bodo, tapi kudu diajar nanggungjawabkeun kalakuan anu dipilampah salila sataun ajaran. Jarang aya kolot anu sasadu baru luwu-léwé sangkan budakna tetep ditaékkeun ka kelas anu leuwih luhur, euweuh alesan éra! Dina éra-na ogé kudu siap ditampa boh ku budak ogé ku anu jadi kolot.

Sikep obyéktif Pa Jajat anu séjénna nyaéta tara talalangké dina méré hukuman ka barudak anu ngahajakeun bandel. Diceprét, diciwit, atawa disetrap. Barudak baong mah pada apal nalika Pa Ajat ngmong: Hayang Kembang Gula teu? Hartina hayang diciwit teu? Nalika aya pamilon atikan anu ngadon nundutan di kelas, geus pasti langsung diceuceuh ku cai sagelas. Lain galak, da bener kudu kitu, budak dibéré hukuman samodél kitu sangkan mikir, kelas lain tempat saré, kira-kira arék ngadon saré mah geus baé cicing di imah. Anu rugi lain sasaha, tangtu pamilon atikan kénéh.

Métodé atikan klasik mémang saperti kitu, udaganna nyaéta sangkan barudak miboga sikep sopan, ngarti, jeung teu ngalobakeun lulucon. Meredih sangkan barudak boga sikep adil dina nyanghareupan hirup, antara heuheuy jeung deudeuh, antara seurieus jeung gogonjakan.

Hal penting anu aya dina diri guru-guru klasik nyaéta sumanget dina ngajar ngéléhkeun kana matéri anu ditarima tiap bulan. Tara kacaritakeun aya guru anu ngarahuh kusabab digajih ku nagara ngan mahi keur meuli béas sadékaeun, jarang guru-guru anu ngaguar iraha gajih naék jeung meunang tunjangan itu ieu. Anu diwangkongkeun ku para guru klasik nyaéta: kumaha cara ngaronjatkeun atikan ka para pamilon atikan.

Salah sahiji conto kumaha rongkahna sumanget guru klasik nyaéta: Kepala Sakola SDN Sudajayahilir I, Pa Atang anu imahna aya di Baros kungsi leumpang mapay galengan sawah kusabab harita mah hésé kénéh angkutan umum. Teu protés kudu dibéré waragad transportasi ku sakola, teu wani umang-omong ka sasaha, teu ngarahuh komo dibarengan luh-lah mah. Lempeng baé, da isukan ogé tangtu bakal ngalakonan hal anu sarua.

Jaman ayeuna, méméh Ujian Nasional ,tiap sakola sok ngayakeun pengayaan atawa pemantapan, geus pasti di jaman kiwari mah teu leupas tina waragad anu kudu disayagikeun ku kolot barudak. Ditangtukeun gedéna ogé mangratus-ratus rébu. Da lamun euweuh pangleuleueur mah geus kacipta, sok tara laju, jalma geus teu jauh béda jeung mesin anu kudu dieusian ku béngsin baé.

Pa Ajat ogé boga cara, tilu bulan méméh EBTA jeung EBTANAS sok ngayakeun lés di sakola saba’da ashar, ti jam opat nepi ka satengah genep, teu unggal poé, biasanan nyokot waktu anu salsé, poé Juma’ah. Barudak teu diperes kudu ngayakeun waragad sakieu jeung sakituna, tapi dumasar kana kamampuhan barudak. Méré cepé ogé teu jadi sual.

Guru klasik ngaranna ogé, teu jauh béda jeung para sarjana abad pertengahan, kudu masagi kana rupa-rupa widang pangarti, pangaweruh, jeung widang séjén anu aya dina ieu kahirupan. Pa Ajat lain saukur bisa jeung jago matématika, ogé bisa sagala rupa, ngacapi, nyuling, ngagitar, maén piano, degung, ngawih, jrrd. Hiji talénta anu kudu diconto ku guru-guru kiwari. Sabab, anu disebut guru lain keur nyanghareupan sato galak atawa ingon-ingon anu gampang diatik kucara kasar jeung lemes. Anu disanghareupan nyaéta jalma anu sifatna majemuk, hétérogén sagala béda antara bakat jeung minatna.

Aya éta ogé anu ngomong, ah apanan manusa-manusa mangsa kiwari anu resep papaséaan téh éta mangrupa hasil atikan taun 80-90an. Lamun mah enya hasil atikan taun éta alus, meureun jalma-jalma mangsa kiwari bakal aralus, moal ngaheulakeun adu omong jeung adu regung!

Sing inget, kahirupan jalma mangrupa hiji patali marga, terus ngangsreug, bralna pasualan beuki mahabuna hal-hal anéh dina mangsa kiwari anu kaalaman ku generasi 80-90an lain kusabab dihasilkeun ku mangsa harita, tapi kusabab mangsa kiwari baé anu beuki ngajauhan tina sumanget taun 80-90an. Loba faktor détérminan anu mangaruhanna, utamana widang-widang domain dina kahirupan samodél agama, politik, ekonomi, budaya, jeung pasualan sosial séjénna.

Sikep samodél di luhur, nalika urang boga kamandang nyalahkeun kana atikan guru-guru klasik kusabab salah dina métodé ngatik barudak sarua baé jeung nyalahkeun ayana papaséaan anu dilantarankeun ku pasualan agama téh kusabab aya Nabi. Anu jelas, dina diri urang ngan ukur boga sangkaan, mangsa ka tukang geus ngaréngsékeun tugas sejarahna, teu kudu dihadirkeun deui dina mangsa kiwari.

Urang malah boga anggapan, beuki goréngna mangsa kiwari kusabab naon anu dilakonan dina mangsa ka tukang. Hartina loba hal alus geus dipiceun dina ieu kahirupan. Urang Baduy, ti baheula nepi ka ayeuna tetep nyekel pageuh ugeran-ugeran hirup kumbuh di masarakat-na, tetep wé bisa hirup sauyunan. Jauh jeung urang, anu ngagulkeun diri salaku jalma-jalma modérn tapi masih resep ngagugulung sikep goréng. Urang téh sabenerna keur mundur jutaan taun ka tukang.

Teuing aya dimana, dina mangsa kiwari guru-guru anu miboga sikep saperti Pa Ajat. Diri sorangan ogé salaku guru masih baroraah jeung kacida jauh kudu disebut guru anu geus loyog jeung harti guru sabenerna.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Pa Ajat Guru Klasik"