Di Sukabumi, malahan bisa jadi ampir sarua jeung di wewengkon séjén kungsi aya babasaan – nalika jalma nénjo kana paripolah jeung pamolah jalma anu kacida rupa-rupa-, “Ah, ngaranna ogé hirup, kawas patlot gambar!”. Keur nuduhkeun kajadian anu aya dina luar pikiran jeung logika biasana dipaké kekecapan, “ Aya.. aya wé!”. Cindekna, dina hirup jeung kahirupan mah sagala aya, sagala diaya-aya, jeung sagala nyampak.
Analogi patlot gambar kana kahirupan nandakeun sakitu kompléks jeung majemukna ieu kahirupan. Aya jalma anu boga rupa bodas, hideung, beureum, cokelat, jeung warna séjén. Ngawujud jadi hiji gambar atawa lukisan sampurna, lain saukur skétsa anu ngan midangkeun wawakil gambar tina gambar sagemblengna anu geus, keur, jeung bakal karandapan.
Gambar jeung lukisan bakal katénjo éndah ku urang nalika mosisikeun diri aya di luar obyék, ukuranna pas, henteu deukeut teuing, henteu jauh teuing. Sangkan dina nénjo éta gambar teu ngahasilkeun distorsi jeung kaburna panénjo kana obyék.
Sikep mosisikeun diri salaku subyék anu niténan obyék kalawan ati-ati jeung ‘détail’ disebut obyéktif. Sok sanajan kitu, salaku subyék, tangtu baé hasil pamikiranna ogé bakal moal leupas tina subyék diri, rasa, rumasa, rasio, haté, pagalo ngahiji. Diri urang niténan kana kajadian perang antara Paléstina jeung Israél, rasio urang ngomong: ah, éta mah papaséaan alatan pangaruh politik, marebutkeun taneuh.
Tapi di sagédéngeun éta, aya rasa jeung sanubari ngahasilkeun émpati nalika harkat jeung darajat kamanusaan dikekesek, barudak ditandasa, awéwé anu teu tuah teu dosa dipaksa-pirusa. Dina danget éta urang geus bisa ngajieun kacindekkan, anu jahat nyaéta jalma anu ngalakukan déhumanisasi. Rék naon baé agama jeung ageman anu dicekelna, nalika jalma ngébréhkeun sikep anu ngahina kana niléy kamanusaan, anu kitu ngaranna jurig!
Manusa salaku mahluk anu diciptakeun ku Alloh, kabéh jalma anu ngagem kayakinan téisme geus nyekel pageuh hiji kayakinan, Alloh anu pang obyéktifna dina sagala widang, dalil-dalil dina kitab suci mana baé mertélakeun, Alloh Maha Adil (Maha Obyéktif). Hartina, ngan Pangéran anu boga hak méré peunteun jeung niléy ka jalma, kusabab sarat utama hakim atawa anu ngahukuman nyaéta kudu boga sikep adil.
Ngan jalma, kusabab mahluk anu dibéré tugas salaku kholifah di ieu Bumi sok kumawani mosisikeun diri jadi Pangéran anu kudu ngahukuman kana kayakinan jeung ageman hirup jalma. Saolah bisa nangtukeun lempeng jeung sasarna kahirupan jalma lian, alesanna ngan kucara ngabandingkeun jeung sababaraha kajadian anu geus lumangsung dina mangsa ka tukang.
Dina kahirupan umat Islam baé, lain hal anu anéh; Sunni nyebut sasar ka Syi’ah, Syi’ah ogé nyebut sasar ka Sunni, malahan dina waruga dua aliran agama éta tug nepi ka ayeuna masih aya anu silih sasarkeun. Dina Sunni masih aya anu nyebut, sasar manéh, teu loyog jeung tuntunan rosul! Jadi, sabenerna lain hal anu anéh nalika dina kahirupan loba pisan sikep ngarasa pang benerna jeung kudu aya pihak anu jadi korban malah dikorbankeun.
Salian ti éta, teu saeutik dina kahirupan ieu jalma anu geus kumawani ngarebut obyéktifna Alloh tuluy diposisikeun jadi subyéktif. Contona: Aya babasaan, Alloh bersama kita. Ku tata basa ogé geus kaukur, sikep antrophomorfisme, méré atribut mahluk ka Alloh kaciri dina éta kekecapan. Kecap ‘Kita’ miboga harti pihak urang lain pihak batur.
Kalimah samodél : Alloh mihak ka urang-urang, tagtu miboga harti Alloh geus diposisikeun aya disatukangeun urang. Anu sakuduna mah, mahluk anu kudu mihak kana kawijakan-kawijakan jeung hukum-hukum ti Alloh, lain sabalikna Alloh anu dipapaksa kudu mihak kana kahayang urang.
Pihak séjén mah saolah sama sakali dijauhan ku Pangéran. Hiji pasifatan anu kacida patukang-tonggong jeung anu sakuduna. Padahal dina kitab suci ngajareblag dalil-dalil samodél: “ Innallaha ‘alaa kulli syaiin qodiir..”, hartina kakuasaan Alloh mah mutlak, bisa naon baé, teu bisa diwatesan ku sangkaan jeung dugaan urang salaku jalma anu dina ukuran ogé mangrupa atom anu leutik dina ieu kahirupan.
Akibat anu karasa nalika jalma-jalma pada boga sikep ngawatesan kawijaksanaan Alloh nyaéta bralna papaséaan jeung pacogrégan dina hirup. Adu omong jeung adu rényom pabener-bener, jeung anéhna antara pihak ieu jeung itu masih kumawani ngagunakeun jeung nyatut ngaran Pangéran. Lain kusabab cinta-cinta teuing ka Pangéran sabenerna mah, tapi bakating ku hayang lamun sikep éta jalma téh mémang meunang lisénsi ti Alloh.
Malahan lamun ditanya kalawan jero mah, ti iraha jalma geus meunang jawaban langsung ti Alloh lamun sikep jeung posisina aya di tempat anu bener jeung pangbenerna? Moal aya. Dina ayana ogé, geus pasti moal dibéja-béja ka batur da bisi disebut Nabi Palsu.
Ngeunaan Nabi Palsu, geus pasti nalika dina jaman kiwari aya jalma anu ngaku dirina meunang ilapat atawa wahyu ti Alloh tuluy diomongkeun ka sasaha, nyebut dirina kungsi ngalaman hiji hal saperti anu kungsi dialaman ku Nabi bakal disebut Nabi Palsu. Lain ayeuna wungkul, ti mangsa bihari ogé, ti jaman mangsa Nabi can ditutup geus aya jalma anu disebut Nabi Palsu .
Kadieunakeunna, aya anu disebut eufimisme, kusabab mangsa Nabi geus ditutup, saterusna keur jalma-jalma anu biga pasifatan saperti Nabi disebut baé ‘nu meunang warisan ti nabi”. Warisanna lain nanaon nyaéta nubuwwah atawa kanabian.
Jalma anu ngaku dirina salaku “pewaris nabi” tangtu kudu ngébréhkeun pasifatan Nabi. Kuring can kungsi maca dina sajarah aya Nabi anu gedé adat komo sok babadug jeung tétéjéh mah. Komo nabi-nabi Israilliyat mah, lolobana mentingkeun sikep tawadhu jeung ngéléhan.
Aya anu boga tafsir sorangan jeung nyenyekel fatwa, umpamana: nalika nénjo kamungkaran kudu dilawan ku leungeun, lisan, atawa haté. Saéstuna nu diperedih dina éta hadits lain pilihan ku tilu fasilitasna tapi sikep dina diri urang kudu ngalawan jeung ngajauhan kana kamungkaran.
Ngan kusabab urang geus kagok borontok kalapang belang geus umaku diri salaku “pewaris nabi”, teu jadi soal babadug ka batur ogé anu penting kayakinan urang najeur di ieu Bumi. Boga anggapan geus meunang peuteun 10 ti Alloh, keun baé manusa séjén raheut haté jeung perlaya ogé. Maranéhna teu sadar, jalma séjén ogé mahluk Alloh, diciptakeun ku Alloh.
Tug nepi ka iraha baé ogé, jalma bakal tetep hirup dina kaayaan samodél kieu. Udaganna lain akhérat sakumaha anu sok mindeng diobral jeung diomongkeun, tapi kamashuran dunya. Saha anu teu betah di dunya? Saha anu teu sedep kana artos? Lamun enya mah diri urang boga kayakinan: Jihad di Jalan Alloh terus perlaya bakal langsung dijamin asup ka sawarga, naha atuh urang teu arindit ka Paléstina? Tandana urang téh mémang masih baretah cicing di dunya.
Kusabab dunya mah milik kabéhan, tong sok geruhan. Saha baé, utamana urang salaku umat Islam kudu mintonkeun sikep rosul, ngan ka bangsa deungeun anu ngaradon cicing di ieu nagara ogé sarua, ulah arumaing, tuluy sakadaék ngagalaksak meulian taneuh geus dibeulian tuluy diantep, komo sabari melak cangkéng dina taktak asa aing pang heueuhna. Tong nyalahkeun warga pribumi lamun dina hiji mangsa kaboga maranéh bakal direbut deui.
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Patlot Gambar dina Kahirupan"