Rusiah Duyungson


Pasti pada apal kana Duyungson? Boga babaturan sarupaning balsam ngaranna Afitson, Reumason. Kakoncara méméh ditarajang ku serangan Balsem Cap Lang jeung Balsem Cing Cau. Seungitna, khas.

Barudak ayeuna geus tangtu moal pati apal kumaha mabekna masigit dina waktu ashar atawa dina waktu pangajian minggonan ku bau Duyungson. Ku kolot-kolot di lembur dipaké keur ngubaran awak carangkeul, éncok, jeung lalilu. Can kasohor panyakit reumatik jeung asam urat harita mah.

Hasiatna lain nyinglarkeun carangkeul awak wungkul, ogé bisa ngahaneutan awak dina usum hujan. Kecap ngahaneutan awak ogé geus disalahhartikeun ku barudak jaman kiwari mah. Nalika aya para pamuda atawa nonoman ngomong ka babaturanna, “urang ngahaneutan awak, yu!”, dina mangsa kiwari lain arék ngabalur awak ku Duyungson, lah.. pasti apal naon maksudna.

Mémang can kungsi kacaritakeun aya marbot masigit anu salah dina wanci janari gedé ngahudangkeun masarakat. Jam tilu, meujeuhna ngaguheur kérék, marbot geus awong-awongan dina sapéker: “ Garugah.. garugahh… waktosna ka marasjid.” Jarang anu salah ku nyebut: “ Garugah.. garugah.. waktosna arangkat ka pasar!”. Tapi, dina wanci janari gedé, teu saeutik urang lembur anu arindit ka pasar, rék baralanja. Dina jero angkutan umum, bau khas Duyungson geus pasti kaambeu.

Kuring mémang teu kungsi ngalaman kumaha kahirupan barudak jeung nonoman dina taun 70-an, utamana di lembur pituin. Ngan, anu jadi uwa kungsi nyaritakeun ngeunaan Duyungson anu sok dipaké heureuy ku para nonoman taun 70-an.

Di Balandongan, aya saurang marbot masigit, kusabab geus kolot pangdéngéna kurang pati seukeut. Anu ngaranna nonoman, dina poé jumaah geus pasti diuk di masigit téh patukang-tukang. Nincak waktu lohor, anu jadi khotib sok méré tanda: takol bedug.

Para nonoman ngaromong ka éta marbot: Kang, bedug takol!

Si Marbot , kusabab keur meujeuhna anteng nundutan, kahudangkeun semu reuwas, katambah pangdéngé kurang pati seukeut, langsung nangtung, gantawang nyarékan ka para nonoman.

“ Nahaon siah, tudang-tuding ka aing,daék medu, aing mah teu hitut!”

“ Takol bedug!” Ceuk salah saurang nonoman bari metakeun jalma keur nakol bedug.

Para nonoman jeung barudak pating cirihil seuri nénjo kalakuan éta marbot. Aya anu ngaharéwos: engké peuting urang gawéan. Sawaréhna nyaram, ulah belegug ka kolot, doraka!

Uwa kuring jeung batur-baturna saperti Kang Apud kawilang barudak lengger, bandel, jeung beuki heureuy. Keur ngagawéan Si Marbot ogé bélaan meuli Duyungson ka warung Mang Ja’i. Duyungson dicoélan nepi ka béak satengahna.

“ Nu ieu urang eusian ku tai!”

“ Tai?”

“ Heueuh, caduk!!!”

Duyungson jeung tai digalokeun, tuluy ditutup deui, rapet pisan.

“ Tuluy  rék dikumahakeun?”

“ Deléh wé engké.”

Méméh maghrib, para nonoman geus karumpul di téras masigit réngsé wudlu heula di kulah. Si Marbot ogé geus aya di dinya. Kudu pangheulana meureun bisi katilep ku batur dina nakol bedug.

Kang Apud datang, gék diuk ngahiji jeung barudak séjénna. Dina saku calana pondok ngaluarkeun Duyungson. Tuluy muka tutupna. Kawas anu enya nyowol Duyungson, tuluy pepeta kawas anu ngabalur beuheung ku Duyungson.

“ Aing ménta, asa pasiksak ieu awak!” Ceuk Marbot.

Duyungson dibikeun ka éta marbot. Tuluy dicewol ku curuk, dikana dampal leungeunkeun, diusapkeun malur beuheung, beuteung, jeung tonggong. Ngarénghap semu nikmat.

“ Heg baé keur akang wé kabéh..” Ceuk Kang Apud.

Duyungson diasupkeun kana saku baju kamprét. Waktu magrib, jedur Si Marbot nakol bedug dipinuhan ku sumanget anu ngagedur.

----------
*) Dicatut tina kisah nyata, barudak Balandongan taun 70-an.

Posting Komentar untuk "Rusiah Duyungson"