Kahirupan urang geus asup kana hiji jaman anu disebut maju samaju-majuna. Hartina lain saukur maju, tapi mémang teu saeutik jalma anu samaju-majuna, kumaha bréhna. Ciri utama jaman beuki maju kacida loba: nalika macét - di jalan - geus pasti klakson mobil jeung motor réang disarada, da hayang geura maju. Beuteung ogé pipilueun maju ka hareup, ku babaturan mah disebut geus jadi jalma déwasa hartina gedé wadah sangu.
Jalma ditungtut kudu terus maju jeung laju, cicing saeutik disebut kuper, ngarahuh saeutik disebut pegat harepan, komo lamun saré baé, matak kalindes ku batur, éléh ku hayam!
Maju ka Beulah mana? Urangna anu maju atawa mémang rohanganna anu maju téh? Ieu pananya tangtu rada bau filsafat. Nya, da kitu pagawéan filsuf mah, cenah kudu nganisbikeun hal-hal anu geus dipandang mutlak.
Loba jalma anu ngarasakeun: asa samporét waktu téh, poé ka poé, minggu ka minggu, teu karasa, asa sakeudeung. Nanya ka papada, rarasaan atawa mémang kitu di enyana? Pada gideg, teu apal naon anu kudu dijadikeun jawaban.
Hukum dina fisika ngajelaskeun: kecepatan = jarak dibagi waktu (v=s/t), salah sahiji hukum dasar élmu alam: hartina kieu, nalika hirup urang beuki ngagancangan, rohangan anu aya mah angger atawa konstan, da jarak ti imah ka puseur dayeuh geus pasti ti jaman Abu Lahab dagang suuk nepi ka iraha baé ogé sakitu-kitu kénéh, bakal ngabalukarkeun heureutna waktu, waktu asa nyérélék, sakedét nétra.
Aya nu boga alesan, ah.. ti jaman Suku Maya jeung Aztex mimiti nyieun almenak ogé beurang jeung peuting mah angger 24 jam. Jadi anu robah téh lain naon anu aya di luar diri urang, geuning diri urangna salaku subyék.
Terus jeung terus, kahirupan di jaman kamajuan, diri urang diperedih kudu maju jeung laju. Di sababaraha wewengkon saperti Jakarta mah, pamilon atikan arindit ka sakola paisuk-isuk, malahan aya anu kaluar ti imah rebun-rebun kénéh. Telat sababaraha menit, rohangan tempat lajuna jalma geus dipinuhan ku batur, macét.
Mobil jeung motor geus ngabaris ngéntép minuhan jalan, jalma-jalma tumplek blek ka jalan. Lamun diitung, rata-rata lila macét di jalan 1,5 jam x 2 (indit-balik), geura kalikeun wé (3 x 365 x 10): 24 = ampir 1,25 taun tina 10 taun hirup jalma dibéakkeun di jalan kusabab macét, 13% kahirupan jalma dipaké nungguan macét.
Beuki nyérélékna waktu, tangtu ngarobah kana sistem anu aya. Évolusi geus teu payu deui, diganti ku révolusi. Rubahna pasifatan jalma, tabéat, siklus alam, jeung kajadian-kajadian alam ogé kagerus milu gagancangan robah.
Lain hal anéh dina jaman kamajuan mah antara usum hujan jeung halodo bisa silih témbalan, sakali séwang dina itungan bulan. Lain hal anéh, dina jaman kamajuan mah, loba jalma anu ngadadak beunghar jeung ujug-ujug miskin. Henteu anéh, dina jaman kamajuan mah barudak satepak anu pamikiranna koloteun. Umur ogé bareuki ngarurangan, nyaho-nyaho geus kolot baé.
Ti saprak jalma-jalma mimiti ngagunakeun telepon sélulér mérék Nokia nepi ka ngaburudul ponsél-ponsél kawas nu kieu, geus nincak kana 20-taunan. Mimiti Nokia digunakeun, jalma teu kungsi mikir lamun 20 taun ka hareup bakal aya ponsél anu leuwih ahéng tibatan Nokia.
Dina jaman kadigjayaan Nokia, jalma ngan bisa ngomong jeung ngagogonjakeun: naon bédana Nokia jeung Nu Kieu? Barudak ayeuna moal kungsi ngalaman aya pananya samodél kitu –jigana mah-. Kecap Nu Kieu, dina jaman kamajuan ayeuna geus ngawujud lain saukur monyét deui, tapi geus jadi rupaning gadget jeung smartphone anu dijual-beulikeun kawas kacang asin, dipaké sapopoé, saha baé bisa ngagunakeunna, rék jalma beunghar, biasa, urang dayeuh jeung lembur. Lain barang anéh deui. Anu anéh ayeuna nyaéta nalika aya kénéh jalma anu ngagunakeun ponsél-ponsél jadul.
Pangaruh séjén tina jaman kamajuan nyaéta, kusabab waktu –karasa beuki nyérélék- loba pisan jangji jeung papada jalma anu teu kacumponan dina waktuna. Bener dina smartphone dipasangan jam digital, disetél alarm, jeung dikalénderan. Teu cukup ku éta wungkul, ngahaja ngajieun agenda sapopoé, disetting notifikasina 10 menit méméh der acara. Ngan angger, loba pisan anu teu kacumponan saluyu jeung naon anu geus dijadwalkeun. Babasaan 'Jam Karét' mémang geus aya ti baheula ogé, ngan keur ukuran ayeuna mah lain 'jam karét' deui, tapi bisa disebut 'jam capruk'.
Di sagigireun éta, loba ogé hal alus anu dibalukarkeun ku kamajuan jaman. Di antarana: jalma bisa wanoh jeung saha baé dina dunya maya, geus euweuh hahalang deui, paguneman antara rahayat jeung pamingpin. Mang Ifey anu aya di Santiong bisa ngucapkeun: - Apa Kabar, Pa Presidén? - ka Jokowi isuk-isuk ku cara nga-mention dina twitter, pasualan rék dijawab atawa diapilainkeun ku Jokowi mah lain hal. Jalma-jalma bisa ngawarangkong ti sikluk nu jauh tina karaméan jeung jalma-jalma anu saribuk, gogonjakan heureuy.
Hal anu asalna kawilang pamali dilakonan ogé bisa dilakukeun , umpamana ngawangkong atawa chating di jamban sabari miceun, batur mah nyangkana urang téh keur diuk dina korsi kantor baé. Operasi plastik ogé bisa diganti ku aplikasi keur ngédit photo, kulit rék dibodaskeun atawa dicakeutreukkeun ngan perlu waktu dua menit. Usaha online ogé beuki mahabu, barang nu biasa dijual 10.000 tilu, bisa dijual nepi ka 50.000 hiji-na. lamun ngilik ka dinya, angger baé, aya anu pinter jeung aya anu bisa dibobodo.
Mimiti usum ponsél, jalma biasa paagul-agul, nada dering patarik-tarik, aya ogé anu ngahaja disadakeun sok sanajan euweuh anu nelpon atawa nga-SMS, pura-pura ngangkat telepon, tujuanna sangkan katingali ku batur, eumm bogaeun hapé.
Teu saeutik anu kagegeringan kusabab hayang ngabogaan hand-phone. Urang lembur bélaan ngahaja mamawa hand-phone kaulinan budakna, dipencétan kipédna nalika dina angkutan umum, semu disumputkeun, pura-pura nga-SMS. Aya ogé kabiasaan jalma neundeun hand-phone dina handapeun bantal, diusapan jeung ditangkeupan sagala. Hudang saré, tap kana hand-phone.
Kadieunakeun, waragad SMS beuki murah, wanci ogé milu dimurah-maréh, SMS-an ti Isya nepi ka janari, wanci janari teteleponan nepi ka ceuli panas. Isukna, jalma geus jarang ngilikan kana buruan imah, naha dipinuhan ku jukut atawa barala? Nu pangheulana diilikan nyaéta hand-phone bisi aya SMS asup. Mémang teu kabéh jalma kitu, ngan kalolobaanna tangtu samodél seratan di luhur.
Geus pasti di antara urang boga carita séwang-séwangan dina ieu pasualan. Ieu mangrupa bekel keur caritakeuneun ka anak incu pagéto. Dina mangsa ka hareup mémang geus moal aya deui babasaan: Naon bédana Nokia jeung Nu Kieu? Barudak pagéto mah –kawasna- ngalap élmu ogé geus henteu kudu arindit deui ka sakola, cukup di imah ngaregepkeun guru anu keur live streaming ngaguar pangajaran.
Ngan keukeuh, sakumaha maju jeung lajuna jaman, manusa tetep butuh waktu reureuh, cicing, niis, ngajauhan kahirupan anu beuki rongkah ku anu silih séréd. Lila-lila mah, kabéh bakal eureun jeung cicing. Jep… simpé.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Tina Nokia Kana Nu Kieu "