MOAL aya lagu anu ngeunaheun dihariringkeun nalika bagadang iwal ti lagu Begadang Oma Irama. Euweuh laasna. Lagu-lagu dangdut taun 70-an nyirikeun orkés melayu sajati. Wirahma jeung intonasi disampurnakeun ku ‘ketukan’na anu ngajadikeun lagu dangdut harita bisa leuwih populér dibandingkeun lagu dangdut kiwari.
Ku kamotékaran jalma, lagu-lagu dangdut ayeuna mémang bisa disebut leuwih canggih tina waditra anu digunakeunna, ngan tara kuat lila, cukup tilu bulan populér geus kagerus deui ku lagu séjén. Lirikna mindeng midangkeun kanyataan hirup wanoja néo-urban.
Oma Irama boga panglerer Si Raja Dangdut. Nepi ka taun 80-an mah jadi harepan sing saha baé anu mikareueus kana lagu dangdut. Artis-artis anyar ogé loba anu hayang jadi kawas Oma. Umpamana Asep Irama jeung Abim Ngesti. Dina radio transistor jeung tape recorder mérék JVC, lagu-lagu dangdut Oma Irama disetél kalawan tarik nakeran, rék di tiap imah, di warung-warung, jeung dina kandaraan.
Di jamanna, Oma pada ngagul-ngagul jeung pada nganti-nganti ku masarakat. Kawilang hébat nalika salah sahiji kota bisa ngadatangkeun Soneta Group. Lapang-lapang geus pasti dipinuhan kunu lalajo, pagelek-gelek, heurin usik.
Tiap bioskop anu muter film Oma Irama bisa ngahasilkeun duit nepi ka mang ratus-ratus rébu dina itungan minggu. Para nonoman ti lembur paheula-heula ngalalajoan film Oma Irama, ngéléhkeun film-film India jeung Barat.
Urang lembur anu teu kungsi lalajo di bioskop, sataun sakali dina acara samen sakola bisa lalajo film Oma ku ngayakeun Layar Tancep. Saolah, sing saha baé milu neuleuman acting-na Raden Haji Oma.
Ampir tiap widang kahirupan aya dina lagu-lagu Oma. Ti mimiti pasualan nagara nepi ka agama, sosial, politik, tug nepi ka moralitas. Hirup kumbuh masarakat Indonésia, hadir ngawujud ngahiji dina lagu-lagu Oma.
Hal éta anu jadi sabab, lagu-lagu Oma bisa ‘Laris Manis’ di pasaran. Jigana can kungsi aya artis atawa band di ieu nagara anu bisa ngéléhkeun produksi jutaan kasét sakumaha anu geus dilakonan ku Oma jeung Soneta.
Dina nadah invasi atawa serangan lagu-lagu jeung genre music deungeun, Oma boga cara jitu. Mimiti asup taun 70-an, lagu-lagu India nu boga ciri duet vokal ditadah ku Oma. Harita masih jarang para artis dina ngalagu midangkeun duet vokal, kalolobaanna solo. Tarékah Oma boga maksud sangkan lagu doméstik tetep leuwih dipikareueus ku masarakat.
Nalika invasi musik Barat – utamana genre rock – asup ka ieu nagara, Oma nyawad ku cara alus jeung lemes. Sababaraha lagu –sok sanajan dangdut – diasupan unsur rock. Oma bisa disajajarkeun jeung gitaris Deep Purple.
Masarakat Indonesia, khususna para nonoman di wewengkon kota, dina waktu éta mimiti mikareueus kana genre musik rock, band-band aliran cadas mimiti mahabu. Ku Oma teu dicarék, tapi diakomodir ku cara nyokot salah sahiji band aliran rock jadi musuh utama dina salah sahiji filmna.
Nu dipintonkeun ku Oma dina film Darah Muda nyaéta awut-awutanna jalma anu deukeut jeung lagu-lagu rock. Saolah méré béja, aliran rock mah leuwih deukeut kana obat-obatan, free-sex, jeung hirup nu teu boga aturan. Epilog film Darah Muda kacida jéntré, lagu dangdut tetep jadi lagu anu boga tempat dina haté masarakat, lagu séjén sabangsaning rock ngan saukur nyémah.
Anu mikaresep kana lagu-lagu rock dina taun 70-80an tangtu ngan saukur bisa baketut hasem. Sabab dina médio taun 80-an, Oma medalkeun deui film Menggapai Matahari, beuki kaciri klimaks papaséaan antara Dangdut jeung Rock.
Ikang Fawzi minangka wawakil aliran rock dicirikeun salaku jalma anu ‘ugal-ugalan’, sakarep manéh, jeung resep ngumpul ngariung sabari cacalakatakan, teu némbongkeun sikep moral salaku bangsa timur anu handap asor. Hal ieu, mémang kungsi ngarahetan haté jalma-jalma anu mikaresep aliran rock.
Ngan tetep baé, papaséaan kusabab béda aliran musik henteu leuwih parna alabatan papaséaan anu dilantarankeun ku pasualan agama jeung politik. Teu matak nimbulkeun korban rébuan nyawa jeung harta. Bandingkeun jeung papaséaan alatan pasualan politik, umpamana akibat Perang Dunia I jeung II, Pemberontakan PKI Madiun, jeung G30SPKI.
Kadieunakeun mah, antara jalma anu mikaresep aliran dangdut jeung rock milih jalan séwang-séwangan, leuwih milih kréatifitas anu positif tibatan marebutkeun paisan kosong.
Ti jaman Oma kénéh, papaséaan horizontal geus aya kalawan ‘scoop’ anu kawilang leutik. Dina kahirupan masarakat can ngawujud ormas, OKP, jeung Forum-forum. Masarakat ngan bisa dibédakeun ku tagogna, jalma anu mikaresep kana dangdut boga tanda, buuk galing, dipanjangkeun semet taktak.
Nonoman anu mikaresep lagu rock boga ciri, buuk di-skin gigirna, calana jeans metet, sapatu kawas tangtara, kacamata hideung. Sok sanajan kitu, tara silih cawad, haré-haré baé, nalika aya pamuda anu maké kacamata hideung ulin ka lembur paling diheureuykeun: henteu poék, jang?
Oma lain déwa, anu ngaranna jalma keuna ku mangsa kolot. Perlu reureuh. Pilihanna basajan, dina mangsa pakokolot: rék milih jadi Begawan/resi atawa rék milih jadi politisi? Enya, pilihan dina kahirupan mangsa pakokolot saolah ngan aya dua. Kabéh ogé geus apal, dina mangsa pakokolot, Oma nyokot pilihan jadi politisi.
Pilihan jadi politisi-na para inohong dina mangsa pakokolot di ieu nagara dijadikeun eunteung ku generasi 90-an. Ceuk sosiolog saperti Koentjaraningrat , ciri utama masarakat modérn nyaéta miboga pranata sosial, paguyuban-paguyuban, jeung wadah.
Ayana wadah boga dua maksud, kahiji keur nandéan aspirasi ti jalma-jalma anu boga maksud sarua, kadua ngabahékeun aspirasi kana wadah anu leuwih gedé. Kawas panyiuk.
Asup kana mangsa réformasi, ormas, OKP, jeung forum silaturahmi dina sagala widang kahirupan breng tumuwuh kawas supa dina usum ngijih. Lain ngan remaja masjid jeung karang taruna wungkul di lembur téh, ku jaman ayeuna mah, jelemana éta-éta kénéh tapi bisa asup jeung jadi anggahota sababaraha ormas.
Malah teu saeutik jalmana éta-éta kénéh tapi jadi pengurus sababraha ormas. Di hiji lembur bisa nepi ka aya puluhan ormas anu dibentuk ku pamaréntah atawa mémang mandiri jeung indepénden.
Salah sahiji conto, di salah sahiji kantor atawa dinas kusabab béda bidang jeung séksi bisa ngawujud sababaraha lembaga gumantung jumlah bidang jeung séksina. Aya forum ieu, forum itu, forum pemuda, forum lansia, forum aki-nini, forum ustadz, forum pendeta, forum balita ogé aya ngan eusina kolot.
Ormas jeung OKP anu diwangun ku masarakat kalawan indepénden ogé teu éléh loba, ti mimiti anu diadegkeun ku para nonoman, kelompok marjinal, tokoh masarakat, alim-ulama, jrrd. Kabéh boga cekelan séwang-séwangan. Disampurnakeun ku ormas dadakan anu biasa disebut ormas tuk-cing: dibentuk tuluy cicing.
Tiap ormas jeung OKP baroga seragam séwang-séwangan, aya anu nyirikeun nasionalis: dina saku seragam dipasangan ku logo kabangsaan. Aya ormas anu nyirikeun agamis: kamamana teu weléh disorban digamis gegeleberan. Aya ogé ormas anu teu kaciri da nyebut dirina salaku ormas senyap: kawas neo komunis.
Séwang-séwangan boga kapentingan, ngaranna ogé jalma, kapentingan anu utama biasana teu jauh jeung pasualan eusi beuteung kumaha carana sangkan waktu balik ka imah dapur bisa ngebul jeung aseupan henteu nangkub!
Lobana kapentingan ngabalukarkeun silih rebut jeung paheula-heula. Jalan macét, hartina keur muru kana kapentingan jeung tujuan anu utama dibarengan ku silih séréd, paheula-heula, sok aya anu dibarengan ku silih siku jeung babadug. Aya anu boga sifat koloteun aya ogé anu boga pasifatan bubudakeun, teu kaop kadupak sok langsung ngabaung tuluy bébéja ka kolotna.
Isuna sarua baé, ti jaman Oma Irama nepi ka jaman Ormas, tiap jalma boga kahayang, hayang hirup leuwih maju, leuwih makmur, jeung leuwih-leuwih séjénna. Teu salah kabéh ogé da éta mah sifat dasar manusa, kacida manusiawi-na. jadi salah nalika jalma boga sikep leuleuwiheun, kaleuleuwihan, jeung hayang dirina leuwih tinu lian. Éta pisan anu jadi cukang lantaran bralna papaséaan.
Posting Komentar untuk "Ti Jaman Oma Nepi Ka Jaman Ormas"