CARPON: ROT ROT MANILA, SING OROT SING LILA
Ku: Kang Warsa
Loba jalma anu boga sangka, usum-usuman bisa dikandalikeun jeung kumaha kahayang maranéhna. Hartina alam kudu ngawaro kana kahayang manusa. Padahal, ti jaman Nabi Adam nepi ka kiamat ogé anu ngaranna alam boga tetekon dirina sorangan.
Ceuk BMG, sababaraha minggu ka tukang disebutkeun, minggu ieu pisan keur wewengkon tropis geus waktuna asup usum katiga, usum halodo, usum nalika jalan dipinuhan ku kekebul panyésaan taneuh jeung lebu hasil tina galian taneuh ku sababaraha dines jeung kantor anu bahé ka jalan nalika usum ngijih. Lain carita anéh di urang mah, dina usum hujan anu ngaranna jalan jadi rujit jeung dina usum katiga pinuh ku kekebul.
Tapi, analisa jeung prédiksi BMG sababaraha minggu ka tukang mémang nyalahan. Sok sanajan bener ceuk élmu pangarti mah, dina bulan Maret nepi ka genep bulan ka hareup geus sakuduna asup usum halodo, tapi hujan mah angger baé teu bisa dieureunkeun, nya paling ogé eureun sorangan baé.
Da kitu watek alam mah, teu bisa dihayang-hayang jeung teu diulah-ulah. Stagnan! Béda jeung manusa, geus jadi watek manusa bisa boga sifat angin-anginan, icuk colé, atawa teu cicing dina hiji martabat. Anu matak, diri urang salaku manusa teu bisa boga sifat mere peunteun kana sikep manusa séjénna ku cara nganiléy saharitaeun. Sabab isuk ogé bisa jadi robah deui.
Siga isuk ieu, hujan geus turun, ngagebrét. Cihérang dibuleun ku hawa tiis. Biasana mah dina wanci carangcang tihang, lalay geus ngarampih kana panyumputanna, manuk piit geus ricit disarada. Isuk ieu mah simpé. Lolobana jalma masih dibulen simbut, sawaréhna geus duk dek di dapur, usukan-asakan. Sabab keur urang lembur, sok sanajan hujan tetep baé pangabutuh sapopoé kudu ditéangan.
Bau haseup suluh anu diduruk pacampur jeung awuhan sora cai hujan anu ninggang kana kenténg. Hujan geus turun ti wanci janari leutik mula. Hansip Ika atawa Hansip Adut anu biasana nakol kohkol dina wanci janari leutik, teu nakol kohkol. Nu aya ngaharodhod sabari diharudum samping. Pos ronda anu biasana ramé ogé peuting tadi mah tiiseun pisan. Wanci sareureuh kolot ogé kaayaan lembur geus jep simpé.
Hayam jago anu biasana kongkorongok pajanari-janari, disada-disada téh wanci subuh, waktu Modin Karna ngahaleuangkeun adzan di masigit. Aéh, da lain bohong atuh, dina mangsa kiwari mah teuing kunahaon hayam jago ogé asa jarang anu kongkrongok patarik-tarik dina wanci janari gedé? Geus baroseuneun kitu? Atawa mémang hayamna geus jarang, utamana hayam kampung.
Bener, béda jeung sababaraha taun ka tukang, anu disebut hiji kulawarga téh geus pasti ngingu ingon-ingon di pipir imah atawa di kolong imah panggung. Kiwari mah, boga kandang hayam atawa kandang domba di pipir imah téh apanan disebut kurang séhat ku Dinas Kesehatan. Nya ukuranna imah atawa lingkungan disebut séhat téh meureun nalika di hiji tempat geus merenah anu ngaranna tempat cicing manusa jeung tempat cicing sato.
Warung Mang Ujang mah geus muka. Anu boga warung geus gurang-goréng. Henteu bisa dibédakeun mana sora jorojosna géhu anu di goréng jeung sora hujan. Mang ujang diharudum ku samping, mulak-malikkeun goréngan. Dina sungut napel udul Jarcok. Peledug haseup kaluar tina liang irungna.
Geus tapis pisan migawé sababara hal dina hiji waktu kusabab mindeng dilakonan. Manéhna mah bisa ngomong sagala rupa nalika udud napel kénéh dina biwir, leungeun sabari ngopépang kana goréngan. Minyak panas anu ngecrét kana leungeun ogé geus teu karasa. Kungsi ngomong kanu aya di éta warung: Geus nyéés , déwék mah jeung minyak panas ogé.
“ Kopi ah sagelas, Jang!” Abah Uko mucicid katirisan, karék balik ti masigit. Daun cau dialungkeun.
“ Teu mocacino deui nyah?”
“ Kurang afdol lah, burukeun kopi hideung wé. Anéh aing mah, moal enya aya kopi warna cokelat, heueuh éta mocacino..!”
“ Kurang tutung meureun waktu meuleum kopina éta pabrik mocacino téh.” Ceuk Mang Ujang, ngasongkeun sagelas kopi.
Teu nungguan sababaraha menit, kopi panas langsung direbot ku Abah Uko. Peureum beunta.
“ Edun pisan ieu kopi…!” Gerendengna. “ Nu séjén can ka darieu?”
“ Apan hujan meureun, ah!”
“ Heueuh, masigit ogé mani kosong ku anu barjama’ah, subuh bieu mah. Manéh mah komo, asa jarang déwék nénjo sakali wé manéh solat subuh berjama’ah.”
“ Di imah wé jeung anak pamajikan kuring mah.!” Témbal Mang Ujang embung éléh. “ Dimana caritana aya masigit pinuh ku anu barjama’ah dina waktu subuh?”
“ Aya siah!”
“ Di mana?”
“ Di Mekah jeung Madinah, pinuh baé deuleu, ceuk Si Haji Pipik mah pinuhna enyaan, lébér nepi ka jalan. Malah solat di ditu mah karasa pisan khusuna cenah.”
“ Jauh, ongkosna ogé mahal. Mending beulikeun kana sawah lah boga duit opat puluh jut amah tibatan dipaké umrah-umroh mah. Ah da enya atuh, geus loba anu poho tincakeun, meureun bakating ku gedé pahalana, teu saeutik urang lembur anu ngajual kebon jeung sawah tuluy dipaké waragad umroh. Balik ti ditu, nya ngan ukur bisa némbongkeun dirina maké kopéah bodas, tuluy ngadon caricing, rék ngebon da geus dijual.”
“ Ari sia, isuk-isuk geus cuwud-cawad ka batur, Ujang. Keun baé atuh da keur maranéhna ieu. Turutan ku sia mun hayang mah. Jalma bélaan ngajual kebon jeung sawah dipaké umroh téh éta tanda jalma anu dipinuhan ku kaimanan deuleu!”
“ Oh, sugan téh jalma-jalma geus lalieur!”
“ Ngacamling sia mah. Éta géhu ka dieukeun!”
Hujan masih ngagebrét. Saurang dua urang daratang ka éta warung, aya anu maké payung, aya anu maké daun cau, aya ogé anu huhujanan. Bélaan huhujanan ari keur urusan opieun mah.
“ Aduh, parantos aya Abuya Uko geuning.. mani tangginas!” Pok Si Kemed.
Abah Uko Jebi.
“ Kohid sagelas!”
“ Légég sia mah bahasa dikitu-kitu..!” Bah Uk ngagebés.
“ Keur usum!”
Si Aip mah teu loba ngomong. Anteng baé melenyun ngudud.
“ Inget baheula waktu jaman keur budak teu?” Si Kemed nanya kanu aya di warung.
“ Aya anu inget aya anu henteu.” Tembal Abah Uko. “ Nahaon deui, isuk-isuk geus rék romantic-romantisan sia téh?”
“ Nalika hujan turun, barudak sok ngalagukeun naon?”
“ Tik tik suara hujan di atas genting!” Témbal Si Aip sumanget.
“ Salah siah, sok pisan manéh mah, nya pédé nya salah!”
“ Ngaranna ogé pan teteguhan.”
“ Cik Bah Uko pasti inget anu biasa dikawihkeun ku barudak nalika usum hujan?”
“ Rot rot manila, masing orot masing lila!” Bah Uko ngajawab. Nineung. “ Aéh heueuh nya, asa kaingetan deui. Geus jarang budak ayeuna anu kitu da!”
“ Uing mah osok kénéh, cik geura nya ku kuring urang haleuangkeun.” Si Kemed ngahaleuang, rot rot manila sing orot sing lila, kana sababaraha kali. “ Tuh pan eureun nya hujanna?”
“ Encan bebel, sakitu masih ngagebrét kieu!”
“ Nya, kélanan urang balikan deui. Ah, kudu lobaan, kudu kabéh anu aya di ieu warung ngahaleuangkeunna.”
Kapaksa kabéh anu aya di éta warung ngahaleuang: rot rot manila masing orot masing lila. Si Aip mah pangtarikna. Jep jempling, simpé bareng jeung eureunna hujan. Anu aya di warung silih pelong.
“ Heuheuheu… matih euy!” Ceuk Si Kemed. “ Nya ceuk kuring ogé, teu sagawayah karuhun urang mah dina nyiptakeun kawih jeung lagu téh, ieu baé buktina.. ampuh!”
###
Ti saprak kajadian di warung Mang Ujang. Tiap hujan turun geus pasti Si Kemed ngahaleuangkeun rt rot manila masing orot masing lila. Lain bohong, tiap manéhna ngalagu, hujan ngadadak eureun. Ku barudak ogé diturutan.
Tapi di Cihérang aya jalma anu kawilang disebut fanatic kana agama. Kalakuan barudak jeung kolot Cihérang anu ngahaleuangkeun rot rot manila, ceuk manéhna teu sapagodos jeung ajaran agama. Ceuk manéhna kénéh, nalika hujan turun anu kudu dibaca téh dunga atawa du’a anu geus dicontokeun ku nabi. Maca rot rot manila mah euweuh dalilna, euweuh haditsna. Éta kalakuan manusa-manusa poékkeun tina agama.
“ Hahaha… !” Ngadéngé kitu, Si Kemed kalah nyakakak seuri. “ Aing rék nanya ka silaing, Aip. Sakumaha anu ku silaing diomongkeun ngeunaan kamandang éta jalma, aing nanya ka silaing: Naha aya dalil jeung haditsna manéh kudu meulahan suluh isuk-isuk, tuluy usukan-asakan. Ka silaing, Ujang. Pang néangankeun dalil dina Quran jeung Hadits, kumaha cara nyieun pisang goréng jeung géhu? Mun geus kapanggih karék caram aing maca rot rot manila nalika hujan turun!”
“ Wah, moal aya atuh dalil jeung hadits cara ngajieun pisang goréng jeung géhu mah, engké bala sisirikan atuh tukang tahu bulat!”
“ Tah kitu, mun kabéh pasualan hirup kudu didalilan, aing teu bisa ngabayangkeun sakumaha kandelna kitab Quran. Da sagala kudu didalilan, sia maké bakiak ogé jigana kudu didalilan.” Ceuk Si Kemed. “ Saha jalmana anu ngomong teu meunang ngawih rot rot manila téh, Aip?”
“ Kang Kusdi..”
“ Oh, pantesan atuh. Béjaan ku silaing, ari hirup kudu mindeng ngopi jeung ngudud di warung Si Ujang kituh, ambéh pikiran muka jeung tara cuwud-cawad kamana karep ka batur.”
“ Nya engké urang béjakeun. Ajak gelut wé atuh nya?”
“ Euweuh dalil kudu gelut pasti kitu jawabanna.”
###
Poé isukna ramé, tara ti sasari, Kang Kusdi daék ngariung di warung Mang Ujang.
“ Maksud kuring mah, kadé ulah nepi ka agama kaéléhkeun ku hal-hal anu teu sapira, Kang Kemed.”
“ Nya cekel baé kayakinan manéh. Ngan kuring ngabéjaan, jalma mah béda jeung embé teu bisa disaruakeun. Teu bisa, manéh nyebut lamun kuring maca rot rot manila mangsa hutan disebut manusa jahiliyah.”
“ Kudu maca du’a anu geus dicontokeun ku nabi.”
“ Mana du’a-na? Nu kumaha, di Arab mah jarang hujan, beuhhh? Hayo atuh mana du’ana..!”
“ Nya baca wé astaghfirullohal adzim atawa naon baé sabisa-bisa.”
“ Kudu ku Basa Arab nyah? Émang Alloh moal ngartikeun lamun kuring maca rot rot manila. Déngé nya, dina Quran baé aya ayat anu nepi ka ayeuna moal aya jalma anu apal kana maksudna, contona surat kahiji Al-Baqoroh, aya kecap alif laam miim, naon hartina?”
“ Mung Alloh anu uninga.”
“ Nya, ieu mah geus jelas rot rot manila boga harti masing orot hujanna masing lila.. naha jadi kudu riweuh manéh téh.. ieu pasualan hirup manusa, teu kudu digulang-gapérkeun komo diadurengéskeun jeung agama. Tah kopi, mending ngopi!”
“ Geus lila tara ngopi!”
“ Heueuh sok ayeuna ngopi deui, meungpeung geus lila biasana sok ngeunah. Oh euweuh dalilna lain masalah ngopi, haha?”
“ Sok seueul!”
“ Seueul kénéh jalma anu ku manéh disebut jahiliyah, Di!” Abah Uko milu ngomong.
“ Mangga ah, kuring rék gawé hela..” Pok Kang Kusdi.
“ Nya sok, diduakeun sing hasil maksud!” Ceuk anu aya di warung.
###
Di imahna, Kang Kusdi keur sms-an jeung hiji jalma.
“ Sing sabar, akhi. Da’wah mah kudu sabar. Isukan ditungguan di sékre, pangajian bulanan, mun bisa ajak saha baé anu aya di lembur. Anggahota urang kudu nambahan sangkan kakuatan beuki rongkah. Jihad jalan hirup urang…”
Kang Kusdi diuk, hand-phone semu dibalangkeun. Ras inget kana ucapan urang lembur. Hujan geus turun, ngagebrét. Budakna anu arék indit sakola keur anteng dihuapan ku indungna.
“ Abi, ayo nyanyi rot rot manila masing orot masing lila , biar hujannya berhenti.” Ceuk budakna.
Kang Kusdi nyéréngéh. Teu mawi nyarék ka budak komo nyebut lamun budakna jahiliyah.
Posting Komentar untuk "Carpon: Rot Rot Manila"