KPU Kota Sukabumi salaku panata calagara Pilkada 2018 -
tadi beurang- ngayakeun acara Jalan Séhat. Calagara anu ngalibatkeun pihak
sakola jeung para pamilon atikan salaku 'Pemilih Pemula' diayakeun babarengan
di sababaraha kota jeung provinsi anu baris ngalumangsungkeun Pilkada, dibéré jejer
Serentak.
Pamilon anu ngareuahkeun éta acara kurang leuwih
aya kana 500 urang. Ngumpul ngariung di hareupeun balékota, mangrupa simbul yén
Pilkada dina taun hareup téh hajat sakabéh warga Kota Sukabumi. Dua bulan saméméhna,
KPU Kota Sukabumi netepkeun maskot Kang Balkot, gambar anu bisa jadi wawakil
pesen Pilkada 2018 seja milih pamingpin anyar Kota Sukabumi.
Aya béda anu kacida teges antara maskot Pilkada
2018 jeung 2013. Sok sanajan duanana leuwih 'didominasi'
ku warna bodas, komo maskot Pilkada 2013 mah dibéré ngaran Ki Bodas, tapi béda
dina gambar. Maskot Pilkada 2013 gambar méong bodas, ceuk sawaréh babaturan mah
cicirén yén Pilkada 2013 dipinuhan ku rupa-rupa hal anu deukeut ka éwuh-pakéwuh.
Basa kasarna mah silih cakar.
Kuring moal panjang teuing ngaguar pasualan mascot
ti Pilkada ka Pilkada, Kota Sukabumi bisa disebut leuwih dinamis dina maké
maskot. Pilkada 2008 malah ngagunakeun gambar manuk. Dumasar kana hal éta, keur
wewengkon Kota Sukabumi saolah can miboga ciri asli jeung utama, masih kénéh
rarampa dina netepkeun simbul jeung hal naon anu bisa jadi wawakil Kota
Sukabumi dina tiap kariaan.
Dipangaruhan ku kekecapan, Kota Kecil Sejuta Cerita, nu disumebarkeun dina rupaning média
sosial, sebutan anu ngeplés ditibankeun ka Kota Sukabumi. Disebut kota kecil da bener -sok sanajan saeutik
leuwih gedé dibandingkeun Cimahi- ngan dibandingkeun jeung tilu wewengkon
tatangga: Kabupatén Sukabumi, Bogor, jeung Cianjur, Kota Sukabumi bisa disebut
budak bungsu. Keuna ku paribasa, ku waktu sapoé ogé Kota Sukabumi mah bisa
kaubek, sok sanajan can aya jalma anu ngahaja kukurilingan ngubek Kota
Sukabumi.
Disebut miboga sajuta carita mémang bener. Urang
sebut baé hal anu lumangsung dina minggu ieu. Galura Pilkada 2018 sabenerna can
pati karasa ku masyarakat handap anu disebut 'grass root' atawa 'akar
rumput', kabayang meureun, salian ti
akar teh jukut ongkoh. Galura Pilkada 2018 masih mangrupa galura anu meupeuh ka
kelompok nu boga kapentingan. Dicirikeun ku lobana spanduk jeung baligho ucapan
anu pajeujeul minuhan jalan patumpuk-tumpuk teu puguh, tangtu baé keur sawaréh
jalma bisa disebut sareukseuk kana panon.
Spanduk jeung ucapan lain ti gegedén jeung
inohong Partéy Politik wungkul, ogé dipinuhan ku potrét jalma anu ngahaja milu
boga ngaran atawa 'numpang bekén'
kana kawentarna inohong anu aya dina éta spanduk jeung baligho. Gambar jeung
logo ormas ogé pagedé-gedé némbongkeun diri saolah miboga lalakon utama jeung
boga jasa gedé dina ngawangun ieu wewengkon. Hartina, dina mangsa kiwari geus
tumuwuh jalma-jalma anu ngan ukur nokohkeun dirina kucara nangkél kana
katokohan atawa popularitas jalma anu mémang geus kawentar salaku tokoh.
Aya omongan, cenah hal éta téh mangrupa bentuk aub jeung jabung tumalapungna
urang salaku masyarakat. Hiji bentuk partisipasi masarakat dina ngaramékeun ieu
wewengkon, teu bisa ku gawé anu rancagé, atuh ku masangkeun potrét diri dina
spanduk jeung baligho. Keur usum sélfie
jeung wefie, boh dina dunya maya kitu
ogé di dunya nyata. Jalma ngalakonan kahadéan, jeprét ku hand-phone, tuluy diapungkeun kana médsos atawa baligho. Potrét diri geus lain diteuteup deui ku diri sorangan
jeung kulawarga, disimpen dina albeum kulawarga tapi kudu disebarkeun,
dibagikeun, jeung kudu kanyahoan ku batur yén urang téh salaku aktor sosialita nu teu katinggaleun
jeung embung éléh ku batur sok sanajan ngan ukur saléngkah.
Naha hal éta sah dilakonan? Sah-sah baé, sabab
salila ieu can aya aturan anu ngalarang diri urang mintonkeun potrét diri dina
média sosial jeung baligho salila teu kacerek ku UU ngeunaan pornografi. Ngan,
anu jelas, arék sagedé kumaha baé ogé potrét diri dicitak minuhan sisi jalan,
diri urang can tangtu dipikawanoh ku jalma anu aya di lembur-lembur. Malahan
ngaran kuring sorangan moal dipikawanoh ku tatangga araranjeun pan?
Posting Komentar untuk "Pilkada, Maskot, jeung Baligho"