NGEUNAAN ngalaman péyorasi-na hiji kecap mémang dipangaruhan ku kontéks atawa kaayaan nalika kecap diucapkeun. Saméméh alam kamerdikaan, kecap p(i)ribumi digunakeun keur nuduhkeun jalma anu geus lila matuh jeung nyicingan hiji wewengkon.
Konotasina ogé positif, keur ngabédakeun antara ‘warga asli’ jeung sémah. Di wewengkon séjén mah sok disebut ogé ‘bumi putera’ ka dieuna aya anu nyebut ‘tuan rumah’ jeung ‘sohibul bét’.
Sababaraha media citak dina awal abad ka 20 mindeng pisan ngaguar jeung ngagunakeun kecap p(i)ribumi, konotasina nuduhkeun hiji masyarakat anu ditindes ku kaum penjajah.
Para inohong di ieu wewengkon ogé teu kagok dina ngagunakeunna, tujuan utama mindengna diucapkeun ieu kecap keur numuwuhkeun sumanget bangsa urang sorangan sangkan sadar tuluy binangkit ngalawan kaum impérialis.
Pihartieunna mah p(i)ribumi ulah kaséréd ku sémah, sok sanajan dina sababaraha sajarah dijéntrékeun: warga p(i)ribumi leuwih mindeng kaséréd ku sémah, contona mah Indian jeung Aborigin.
Paribasa dina kahirupan masyarakat Sunda anu nuduhkeun kasérédna p(i)ribumi ku sémah salah sahijina nyaéta: jati kasilih ku junta. Hal ieu teu bisa leupas tina kuatna budaya jeung sumanget sémah sangkan maranéhna bisa tetep éksis di pangumbaraan.
Méntalitas p(i)ribumi rata-rata mémang geus ngarasa dirina aman netep di ieu wewengkon da boga anggapan salaku mayoritas jeung ‘tuan rumah’ moal aya saha baé anu ngusir jeung kumawani ngarebut taneuh kabuyutan anu geus diwariskeun ti karuhun nepi ka kiwari. Antukna sémah boga anggapan lamun warga p(i)ribumi mangrupa mayoritas jalma karedul, lénglé, jeung sakasampeurna dina nyanghareupan hirup.
Sabenerna henteu kabéh p(i)ribumi miboga pasifatan ngedul sakumaha anu disangkakeun. Sebutan bangsa ngedul ka p(i)ribumi mangrupa stéréotif, nyirikeun mayoritas ku sifat anu sabenerna ngan dilakonan ku sababaraha jalma anu aya dina éta mayoritas.
Buktina, teu saeutik sémah anu boga pasifatan ngedul jeung talalangké. Tapi, nalika pasifatan anu diterapkeun kalawan stéréotif ieu tuluy disebut-sebut, nya lila-lila mah jadi nerap ogé, jadi labél jeung cap anu napel dina diri p(i)ribumi. Kontéks ieu pisan anu ngalantarankeun kecap p(i)ribumi ngalawan péyorasi atawa konotasi goréng.
Jadi beuki goréng nalika ieu kecap digoréng kalawan dipolitisasi, dibawa kana wewengkon anu ngagugulung papaséaan. Da dina wewengkon politis mah kecap antara p(i)ribumi jeung sémah téh bisa robah harti jadi ‘kawan jeung lawan’, babaturan jeung musuh.
Politik anu aya hubunganna jeung kakawasaan mémang dibralkeun keur neundeun jalma aya di dua kutub. Antukna, saha baé anu ngucapkeun kecap p(i)ribumi bakal disebut ngalanggar HAM jeung teu siap narima kanyataan hirup lamun di ieu wewengkon kabéh jalma disebutna warga nagara. Malahan, dina hiji mangsa mah, ngucapkeun kecap p(i)ribumi bakal disebut rasial.
Sabenerna, logika jeung hukum dina kahirupan mémang kitu ayana; nalika aya p(i)ribumi tangtu kudu aya sémah. Anu kudu dilakonan ku dua hal éta lain silih goréngkeun tapi silih ajénan, ulah méré labél atawa cap ku vérsi séwang-séwangan.
Belanda salaku sémah kungsi méré cap yén bangsa p(i)ribumi mangrupa masyarakat anu katinggaleun jaman, ceuk vérsi maranéhna. Padahal lamun dilenyepan, palebahmana katinggaleun jamanna bangsa urang harita nalika di wewengkon urang jalma-jalma geus bisa ngadegkeun candi, pikukuh atawa aturan, sastra, jeung literature séjénna?
Tétéla, kaulinan barudak anu disebut éémahan atawa sésémahan téh geus jarang deui dilakonan ku barudak kusabab kecap-kecap geus digoréng ku cara-cara politis anu kurang mérénah malahan ngaruksak kana kecap anu asalna alus jeung cocog dikedalkeun.
Boa dina mangsa ka tukang mah masyarakat di urang geus moal wani deui ngucapkeun: Saha p(i)ribumina dina ieu acara? Nya kitu deui, masyarakat di urang ogé bakal moal wanieun ngucapkeun: Aya sémah ka imah urang! Sabab inggis ngedalkeun kecap sémah bisa ngaraheutan haté jalma anu mémang keur nyémah.

Posting Komentar untuk "P(i)ribumi"