Instruksi ti Atasan

WANOH kana kecap instruksi téh ti Mandor  Uwoh nalika datang ka imah anu jadi aki pituin. Manéhna ngomong: ieu téh instruksi langsung ti atasan, nyaéta teu bisa nolak. Pokna sabari ngiwir-ngiwir kikitir pajeg (pajak) taneuh. Anu jadi aki ngarti, anu disebut instruksi téh nyaéta paréntah, hartina Mandor Uwoh diparéntah ku lurah kudu nagihan pajeg ka masyarakat.

Teuing ti iraha, kecap instruksi dihartikeun paréntah, ngan jigana ti Jaman Walanda da ieu kecap mangrupa kecap serepan tina basa deungeun. Robah harti kusabab ditarima ku bangsa urang, saolah instruksi nyieun wangunan, jambatan, irigasi, jalan, jeung rél karéta ti bangsa kolonial mangrupa paréntah kudu nyieun sarupaning anu disebut tadi. Padahal, maksud sabenerna ti Walanda mah, tata cara, lain paréntah. 

Kecap instruksi anu sabenerna tata cara atawa aturan maén hiji perkara ngalaman péyorasi jadi paréntah ti dunungan ka jongos atawa ti pamaréntah ka rahayat. Conto, dina mangsa Orde Baru kumawasa mindeng pisan urang ngadéngé omongan kieu: aya instruksi ti Camat, pager imah kudu dikapur atawa dicét saméméh tanggal 17 Agustus.

Robahna harti dilantarankeun pangaruh budaya. Loba éta ogé jalma anu nanya, sabenerna budaya urang téh anu mana? Umpamana urang salaku masyarakat Sunda, anu mana anu disebut budaya Sunda téh? Iket, pangsi, basa, atawa kadaharan? Naha dina mangsa kiwari loba urang Sunda anu marebutkeun paisan kosong, nepi ka maraséakeun pasualan anu henteu jelas kasang tukangna, naha éta budaya asli urang Sunda? Gampang kasigeung, teu payaan -ceuk barudak jaman now mah baperan-, kasintreuk kayakinan langsung murang-maring. Éta kitu budaya Sunda téh?

Tangtu baé henteu sakabéh anu disebutkeun di luhur mangrupa budaya Sunda. Kolot-kolot urang geus ngawanti-wanti jauh saméméh urang kumelendang di dunya ku paribasa jati kasilih ku junti, udar tali gada, megatkeun tali paranti, jeung paribasa séjénna. Hartina mah, dina hiji mangsa jati diri urang Sunda anu geus ngawangun budayana sorangan bakal kaséréd ku junti atawa ornament/hiasan bangsa deungeun. Antukna budaya anu bral lain kaluar tina jati diri sorangan tapi niron-niron kana cangkang budaya batur. tangtu jadi hambar jeung cawérang da lain kaluar tina diri sorangan.

Jati kasilih ku junti geus ngabalukarkeun pasualan anu lain lumayan jeung kawilang bangga diubaranna. Malahan ieu téh mangrupa kabadina  (kawalat) diri urang kusabab urang geus poho kana jati diri. Henteu salah Rakéyan Darmasiksa dina Amanat Galunggung nulis kieu: leuwih alus kulit careuh tibatan jalma anu teu wanoh kana budaya/jati dirina sorangan. Abad ka 16 mangrupa bukti kabadina jalma di wewengkon Nusantara kusabab loba anu ninggalkeun tata cara karuhun, bangsa deungeun mimiti arasup, budaya inferior dina diri bangsa urang mimiti mahabu kusabab nénjo dedegan bangsa deungeun anu jarangkung jeung panjang léngkah. Jati diri kalindih ku hal-hal anu aya di luar diri urang. Poténsi jeung kamampuh dina diri dipopohokeun kusabab sérab ku bangsa deungeun anu dedeganna jarangkung, padahal bangsa urang kawilang leuwih jarago lamun nénjo kana jati diri mah.

Tah, ku budaya anyar anu bral tina sikep inferioritas ieu kecap-kecap ogé kapangaruhan jadi robah harti. Instruksi jadi paréntah, pamaréntah jadi tukang maréntah lain méré conto atawa ngaping ngajaring rahayat, rahayat sorangan ngaménak-ménak ka pamaréntah kusabab budaya deungeun anu dipaké kudu sumujud ka ratu, ngawula ka raja, lain ka Gusti Alloh deui. Padahal, euweuh caritana lamun bangsa urang boga budaya sujud ka ratu, anu aya hirup sauyunan, bareng, guyub, gawé rancagé jeung papada. Hartina silih asah asih asuh.

Kabiasaan anu geus ditanjeurkeun dina kahirupan ku karuhun Sunda nyaéta biasa jeung bisa hirup heunteu ku paréntah  batur komo silih titah, bentik curuk balas nunjuk! Sabab karuhun urang geus ngarti, anu boga hak maréntah mah lain jalma, tapi Gusti Anu Maha Suci. Papada jalma mah lain silih paréntah tapi silih élingan. Karuhun urang Sunda geus nanjeurkeun kumaha cara masyarakat Sunda miboga kasadaran, nempatkeun diri dina tempat anu sakuduna, milampah hal teu kudu nungguan dititah tapi hideng sorangan. Anu tani teu kudu dititah indit ka sawah atawa kebon tapi geus boga hancengan anu matuh. 

Pupuhu lembur atawa inohong kampung (kasepuhan) anu diprakkeun ku karuhun Sunda lain nempatkeun diri salaku jalma anu méré paréntah, tapi mangrupa koordinator anu ngordinasikeun masyarakat. antukna kahirupan masyarakat ogé 'rahayu' atawa salamet. Jauh tina parebut harta jeung kakawasaan. Kusabab naon? Masyarakat geus boga kasadaran kana jati dirina, geus apal pancén dina kahirupanna atawa geus nyaho maqomna aya di mana, kadieunakeun apal jalan balik kanu Maha Kawasa, anu matak asa henteu perlu marebutkeun pasualan dunya da tungtungna mah kabéh jalma pasti maot!   

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Instruksi ti Atasan"