Santri salah sahiji pasantrén kungsi molotot nalika kitab konéng anu keur dibaca ku manéhna disebut 'buku' ku kuring. Katénjo keur maca Safinah. Ku kuring ditanya: naon basa Sunda 'Kitab'? Nya manéhna ngajawab 'buku' sabari nyéréngéh. Kitab téh buku, buku téh kitab, tuluy naha salah kuring nyebut buku kana kitab anu dibaca ku antum? Henteu, ngan kabiasaan atawa tradisi di pasantrén mah anu kieu téh disebut 'kitab', tah lamun kana buku tulis mah nyebutna buku, atawa kana buku-buku citakan aksara latén mah nyebutna buku henteu kitab. Jadi cindekna ku kabiasaan wungkul jalma nyebut hiji perkara ku hiji sebutan atawa istilah dina hiji tradisi.
Tah, ku kabiasaan mah, kuring ogé asa jarang nyebut kitab kana buku seratan Karen Armstrong, ogé jarang nyebut buku kana kitab Al-Fiyyah seratan Ibnu Malik. Kajadianna teu jauh béda nalika mangsa pabubudak. Di lembur, jarang pisan barudak anu nyebut 'mamah' kanu jadi indung, da ilaharna mah nyebut 'ummi' dina taun 70-80-an mah. Ngan aya tilu budak anu nyebut 'mamah' ka indung, barudak séjén mindeng nanya kieu: naha nyebut 'mamah' henteu ummi (امي)? Anu jadi kolot ogé sok nyarék ka budak-budakna, geus baé sebut ummi ulah 'mamah' kawas Walanda baé!
Tangtu baé geus béda jeung kiwari, kecap 'mamah', 'bunda', 'ema', jeung 'ummi (امي)' geus henteu jadi sual deui, da geus biasa téa. Malahan ka bapa ogé geus biasa nyebut 'abi ( ابي )' ayeuna mah. Lamun diguar ku élmu nahwu mah huruf 'iya' (ي) nuduhkeun dhamir munfash-shil ( ضمير منفصل) kecap gaganti tina ana (انا) , anu matak kungsi aya babasaan "bapa aing" di lembur mah.
Kusabab jadi kabiasaan, atuh pantes baé babaturan anu kawilang salah saurang santri pasantrén mureleng matana nalika kitab safiinah disebut buku ku kuring. Bisa nyéréngeéh téh kusabab tadi ditanya baé naon harti kitab dina basa Sunda. Sabenerna, geus henteu kudu aya deui pasualan dina ieu kahirupan lamun umat Islam geus bener-bener neuleuman buku-buku atawa kitab anu dikarang ku ulama-ulama klasik, kari nga-élaborasi wungkul, utamana dina widang pangaweruh jeung pangarti. Naha? Kusabab sagala pasualan anu sifatna umum geus diguar dina kitab-kitab klasik anu geus jarang dibaca komo nepi ka diteuleuman eusina. Sakumaha geus maju jaman ogé, jalma-jalma di wewengkon éropa angger baé ngagunakeun karya Plato, Aristoteles, jrrd , buku-buku filsuf kuno tetep dijadikeun sumber référénsi ku maranéhna. Komo deui keur masyarakat Sunda, sabenerna geus boga cekelan, buku-buku anu kawilang langka jeung bisa disebut ahéng.
Tilu bulan katukang ku babaturan dibéré salah sahiji kitab seratan Imam Tajuddin as-Subky (1327-1370 M), ceuk kuring ieu mangrupa salah sahiji kitab monumental atawa ahéng. Kuring mésem sabari ngomong, ieu sok disebut kitab 'jim-jim', babaturan ogé seuri, singketan tina Jam'ul Jawami ( جمع الجوام). Bakating ku monuméntal, nepi ka danget ieu kuring karék ngahanca sababaraha kaca. Ceuk salah saurang babaturan mah; lamun manéh geus ngaréngsékeun maca ieu kitab, engké arék dipetél atawa diévaluasi meureun. Ngaji kitab "jim-jim" mangrupa hal anu kawilang 'ruarrr biasa' di pasantrén mah. Aya hal anu alus jeung bisa diconto dina cara ngaji atawa nyuprih élmu di pasantrén, anu jadi guru tangtu maca heula hadiah, ngirim dunga kanu ngarang kitab, tara panjang carita jeung réa alesan, supaya élmu anu aya dina ieu kitab gampang nyerep. Bener, mipit kudu amit ngala kudu bébéja.
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Kitab "Jim-Jim""