RÉNGSÉ dunya maya diramékeun ku pasualan puisi Sukmawati, mangkukna aya kajadian, hujan ngagebrét dibarengan angin anu rongkah ngarungkadkeun sababaraha tangkal anu kawilang badag di puseur dayeuh Sukabumi. Sababaraha baligho jeung billboard ogé aya anu runtuh kasapu ku angin. Euweuh saurang ogé anu nyangka kajadian –sebut baé balahi- samodél kitu bakal karandapan ku Sukabumi, sabab jarang jeung mémang langka aya kajadian kitu.
Henteu kungsi ngadagoan sajam lilana, burudul puluhan foto jeung video kajadian rungkadna tangkal jeung baligho diupload kana média sosial, di-share kana group whatsapp, ditambahan ku cawadan mangrupa émpati kana kajadian anu tumiba. Cindekna, kabéh ogé utamana masyarakat Sukabumi ngarasa hemeng ku kajadian éta, henteu mais henteu meuleum ujug-ujug turun hujan ngagebrét dibarengan ku angin anu kacida rongkah.
Disebut henteu mais henteu meuleum kusabab euweuh prédiksi atawa ramalan ti anggalna lamun hujan angin rongkah bakal narajang Sukabumi. Kari-kari anu jadi jejer caritaan jeung cawadan dina média sosial keur ramé madungdengkeun puisi Kidung Ibu Indonesia. Ampir kabéh jalma nyual puisi, anu teu pati mikaresep kana sastra ogé antukna milu nyawad saolah ngajanggélék jadi 'pengamat sastra' kawas anu apal kana seluk-beluk puisi jeung wangunan puisi. Nya kitu téa wé, kalolobaanna mah lain nyawad kana eusi puisina tapi malik nyawad kana rupa jeung dedegan Sukmawati, aya anu nyebut Mak Lampir, Huntu kawas Pageur, jrrd, hal anu euweuh patula-patalina jeung eusi puisi.
Sapoé sanggeus kajadian hujan angin, breng deui para nétizen nyawad pasualan hujan angin. Sanajan lolobana mangrupa sikep émpati, ngan masih aya ogé anu nulis status dina média sosial leuwih mokuskeun kana pasualan politik. Teu saeutik urang Sukabumi anu nulis: HUT ka 104 Kota Sukabumi dibarengan ku hujan angin anu rongkah, totondén atawa tanda-tanda aya naon? Dua hal anu euweuh hubunganna antara milangkala ka 104 taun kota jeung hujan angin. Ngan, mémang meureun ayeuna keur usum Pilkada, jadi pikiran jalma-jalma samodél kitu lain maké deui rasa, geus dibarengan ku syahwat politik, antukna resep nyambung-nyambungkeun hiji hal kana hal séjénna anu euweuh hubunganna.
Kucara ngagunakeun akal séhat mah tangtu kajawab, naha hujan angin anu rongkah narajang puseur dayeuh Sukabumi. Lamun niténan kana website resmi BMKG (Badan Meteorologi, Klimatologi, dan Geofisika) mangkukna pisan réngsé hujan angin anu rongkah di puseur dayeuh Sukabumi ngébréhkeun peta cuaca di ieu wewengkon ku tanda beureum semu konéng, béda jeung wewengkon séjén. Tanda samodél kitu dibéré katerangan: siklon tropis keur mahabu. Hartina, cuaca ékstrim anu lumangsung di wewengkon tropis ngabalukarkeun kurang ajeg robahna usum tina ngijih kana katiga (halodo).
Lain nyawad kucara ngahubungkeun antara poénan milangkala ka 104 taun Kota Sukabumi jeung hujan angin wungkul. Aya ogé –jigana lolobana- jalma anu ngahubungkeun yén ayana hujan angin anu rongkah di puseur dayeuh téh mangrupa pépéling ka jalma, geura tobat cenah, kudu ngalobakeun kahadéan, ulah adigung jeung gedé hulu, geuning karék ku hujan angin ogé urang teu bisa walakaya. Kamandang kitu tangtu baé kaluar tina sikep spiritual jalma. Alam ieu kudu diraksa jeung diriksa ku jalma, geus dimandatkeun ku Gusti Alloh ka manusia salaku khalifah di bumi. Lamun teu diraksa nya wayahna ngabalukarkeun siksa anu rongkah. Ukuran ngaruksak alam lain dilakonan ku jalma atheis atawa nu ngagem agama, tapi ku urang-urang kénéh. Salah sahijina dibalukarkeun ku beuki mahabuna mobil jeung motor anu ngaheurinan jalan sabari ngaluarkeun émisi bahan bakar, polusi.
Alam anu digalaksak lain ku batur wungkul tapi ku urang-urang kénéh antukna males ku réaksi anu dipiboga ku ieu alam. Hawa Sukabumi, sababaraha taun ka tukang, sebut baé dua puluh taun ka tukang kacida béda jeung ayeuna. Can kungsi aya jalma ngomong sabari bulucun di luar: duh mani ngelekeb ieu hawa, ari lain mangsa kiwari mah. Suhu rata-rata Sukabumi ogé naék tina 24 darajat jadi 30 darajat. Sebutan kulkas gedé kusabab hawa Sukabumi anu tiis ogé geus lain mangsa deui dituduhkeun ka ieu kota. Atuh pantes, loba jalma anu nanyakeun biasana mah isuk-isuk téh dipinuhan ku halimun, naha ayeuna mah asa jarang? Halimun hasil tina kondénsasi cai bakal lumangsung tiap isuk lamun Sukabumi geus jadi kulkas gedé deui.
Geus bisa kaukur pikumahaeunna Sukabumi nalika jalan Tol Bocimi anu keur digawéan réngsé? Kumaha cara jeung tarékah ngatur patalimarga, jumlah mobil atawa kandaraan anu bakal asup ka Sukabumi ti Jakarta jeung Bandung tangtu bakal leuwih loba alabatan ayeuna. Beuki mahabuna kandaraan jeung alat patalimarga séjénna bakal ngabalukarkeun hal goréng lamun teu diantisipasi ti ayeuna pisan. Wanci carangcang tihang, masyarakat lain ngarasakeun hawa tiis dibulen ku halimun tapi hawa haneut kusabab beuki mahabuna émisi anu dikaluarkeun ku knalpot mobil jeung motor.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Hujan Angin jeung Halimun"