JALMA anu bisa disebut pang Pancasilais-na di Balandongan dina taun 70-80an iwal ti Kang Apud. Pelebah totogan jalan anu brasna ka lembur Cicadas Girang ngan aya hiji imah anu dina témbokanna digambaran 'Garuda Pancasila' jeung gambar Béntang minangka wawakil sila kahiji dina Pancasila. Éta téh imah Kang Apud. Bisa disebut imah gedong kusabab dina mangsa harita lolobana imah masih ngandelkeun bilik lain témbok. Imah panggung ogé masih rajeg sababaraha suhunan.
Kuring –sorangan- can kungsi nanya ka Kang Apud, naon sababna dina taun harita milih gambar Garuda Pancasila keur mapaésan imah? Lain ku gambar atawa lukisan biasa saperti kaayaan alam anu éndah atawa gambar sato séjénna. Ngan lamun nilik kana sajarah, deukeut imah Kang Apud kungsi jumemeng hiji inohong, katelahna Ama Érpol, ngaran pituinna Abah Jayawinata, mangrupa saurang pajoang anu bener-bener nanjeurkeun niléy Pancasila dina kahirupan.
Jigana, hubungan 'bathiniyah' éta anu jadi lantaran gambar Garuda Pancasila jadi pilihan Kang Apud keur mapaés imahna. Hubungan 'bathiniyah' anu kadua, Kang Apud mangrupa salah saurang jalma anu mikareueus kana ingon-ingon, utamana ngingu manuk tikukur. Aya tilu kelatan anu dijieun tina awi gombong, tempat ngelat manuk tikukur tiap wanci haneut moyan nepi ka wanci pecat sawed. Hiji tarékah sangkan manuk tikukur disarada. Saminggu sakali, ka imahna teu saeutik jalma anu raresep kana manuk ngadon ngadukeun sora tikukur, paalus-alus, pahalimpu-halimpu. Keur jalma anu mikaresep manuk mah jigana sora tikukur ogé leuwih alus tibatan Symphony Nomer 9 karya Beethoven. Anu jelas, Kang Apud teu apal jeung wanoh ka Beethoven, sora tikukur anu halimpu saabanding jeung dunya katut eusi-eusina.
Ku para nonoman jeung masyarakat Balandongan, kusabab Kang Apud mikaresep kana manuk dilandih baé Apud Manuk. Dina taun 1980-an, kecap manuk masih mangrupa kecap anu can ngalegaan harti. Manuk nya manuk. Dina taun 90-an, kecap manuk ngalegaan harti, dinisbatkeun kana Basa Indonesia manuk nyaéta burung, kecap burung sorangan dina Basa Sunda saharti jeung gélo. Jalma anu lalal-lilil jeung kurang jejeg pamikiranna, ku masyarakat sok disebut Si Manuk dina taun 90-an mah.
Ngan ku babaturan saentraganna mah, Kang Apud biasa dilandih Si Kodok. Ceuk anu jadi uwa pituin mah landihan kodok téh lain kodok jeur nyebut kana bangkong gedé tapi kodok dina Basa Sunda nyaéta nyokot hiji barang kalawan dikodok. Dilandih kodok ku batur téh sabab ti leuleutik kénéh Kang Apud geus ahli atawa jago kudak-kodok kana liang. Sakali deui lain kodok bangkong anu jago dina ujlang-ajleng.
Sebutan Si Kodok keur Kang Apud antukna nyumebar jeung népa ka tiap jalma anu boga ngaran Apud. Kang Apud bapa Si Erwin ogé sok disebutan Si Kodok ku urang lembur. Di beulah kalér lembur aya jalma boga ngaran Apud, tukang ngumbah mobil di pangumbahan Kang Jamhur ogé dilandih Si Kodok. Kecap landihan ngaran ka hiji jalma nétélakeun hiji harmonisasi dina kahirupan, sangkan gampang dipikawanoh jeung hiji pananda bédana antara hiji jalma jeung anu séjén.
Kang Apud anu katelah Si Kodok lain saukur mikaresep kana miara manuk tikukur wungkul. Manéhna ogé boga kaahlian séjén, silat danurwénda. Tiap Saptu peuting barudak Balandongan diatik jeung dilatih silat ku Kang Apud di imahna. Lain ngatik kembangna silat anu bisa dipaké menca wungkul, tapi jeung jeroanna. Dina hiji mangsa Kang Apud kungsi ngomong ka kuring, jalma anu disebut jago sabenerna lain kusabab jago silat jeung henteu neurak dikadék. Jalma jago mah nyaéta nalika jalma séjén henteu daékkeun jeung teu boga niat deleka ka urang.
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Si Kodok"