Takbir jeung dulag geus jadi ciri utama lebaran. Ngan aya di wewengkon Nusantara akulturasi antara ajaran Islam jeung kabiasaan anu geus nerap di masyarakat bisa ngahiji.
Kaum salafi-wahabi nyebutkeun yen kabiasaan takbir dipirig ku dulag kaasup kana pagawean bid'ah anu can kungsi dicontoan ku Rosul jeung euweuh dalilna. Nya heueuh atuh, moal enya Rosul ngadulag? Ngabodor ngaranna. Moal enya kudu aya dalil ngadulag? Ceuk barudak jaman now mah gek-gek kasebutna oge.
Beda jeung asak-sasarna kyai nu nyumebarkeun Islam di ieu wewengkon, tara gampang ngahukuman hiji perkara ku sebutan haram jeung bid'ah. Sabab hal anu aya patula-patalina jeung kahirupan atawa muamalah aya dina wewengkon fiqh (pemahaman).
Hal ieu anu jadi sabab Islam bisa ditarima ku masyarakat Nusantara. Anu ngaharamkeun jeung ngabid'ahkeun dulag, maranehna oge teu sadar yen kamandangna teh mangrupa hasil meunang mikir, lain kayakinan atawa akidah tapi aya dina wewengkon "pemahaman".
Masyarakat urang geus sagulung-sagalang jeung dulag. Di masigit euweuh bedug oge asa cawerang. Takbir teu dipirig ku dulag oge asa lain peutingan lebaran. Utamana barudak di lembur mah sok dibarengan ku ger-geran saruka bungah nalika ngadulag di buruan masigit.
Kaum salafi-wahabi leuwih ngalobakeun ngaguar pasualan-pasualan "cetek", hal anu euweuh dalil jeung haditsna diteangan hela, ditarjih kitu jeung kieu sangkan kamandangna nyurup kana Quran jeung Hadits? Ngan asa ku piraku we, Alloh make kudu dipapaksa sangkan ngatur-ngatur pasualan ngadulag (?).
Keur diri kuring sorangan, lebaran can disebut lebaran lamun can kadenge sora dulag marengan awuhan takbir. Tara karasa, cipanon ujug-ujug ngalembereh maseuhan pipi.
الله اكبر
الله اكبر
Dipirig ku sora bedug jeung kohkol. Haturan, sababaraha jam deui, urang bakal ninggalkeun bulan Ramadan, seja nyanghareupan lebaran. Lubar tina kagorengan jeung kasalahan. Wilujeng boboran siyam. Minal aidzin wal Faidzin.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Takbir jeung Dulag"