Buruy Jeung Lalay

AYA dua golongan jalma nalika méré kamandang kana téori évolusi arék anu dibetuskeun ku William Huxley atawa Charles Darwin. Golongan kahiji narima kana éta téori mangrupa élmu pangaweruh, henteu leuwih henteu kurang. Golongan kadua, nolak kana téori évolusi kusabab miboga kayakinan yén ayana manusa di ieu alam dunya mangrupa prosés tina kajadian "human-fall" atawa ragragna jalma ti sawarga, sarua jeung golongan kahiji, golongan kadua ogé nolak kana téori évolusi henteu leuwih heunteu kurang.

Golongan kahiji niténan sagala hal ku kaca panon ilmiah, hal-hal émpiris, positif, jeung bisa kaukur. Mangrupa hiji kaniscayaan sagala hal di alam dunya ngalaman robah. Dedegan jalma , antara jalma taun 1945 jeung jalma kiwari tangtu miboga dedegan fisik jeung psikis anu béda. Kari ngabandingkeun dina foto-foto baé. Kaum ilmuwan lain arék nyebutkeun manusa  asal tina monyét, tapi nyebutkeun ayana jalma jeung mahluk-mahluk séjén di ieu alam teu leupas tina robahna fisik jeung psikis dina waktu anu lila.

Dina awal taun 2000-an, Adnan Oktar anu kawentar ngaranna jadi Harun Yahya ngaluarkeun kamandang  (sebut baé pseudo-science) anu mertélakeun yén téori évolusi anu salila ieu diagem ku saintis Barat mangrupa hal anu sasar jeung jauh dina kayakinan agama. Nyalahkeun kalawan bébéakan ka golongan saintis anu masih ngagem ieu téori. CD, Buku, Artikel dina wéb disebarkeun ka sakuliah alam dunya keur ngalawan propaganda téori évolusi. Hartina: propaganda dilawan deui ku propaganda. "Aktivis Muda Islam", utamana di sakola-sakola SMA ngarasa kataji ku kamandang-kamandang Adnan Oktar, malahan nyebut salaku Ilmuwan Muslim Kontémporér anu geus masagi, cenah. 

Nepi ka kiwari, padungdengan ngeunaan téori évolusi masih dilakonan ku dua golongan jalma. Kajadian anu masih haneut jeung anyar lumangsung –khususna di ieu nagara-, saréngséna Pilkada di Jakarta, kaluar kamandang tibalik ngeunaan prosés évolusi psikis anu dilantarankeun ku cara jalma dina mandang kana pasualan politik. Supaya  leuwih ahéng sebut baé "téori évolusi terbalik" antara golongan buruy atawa kecebong jeung golongan lalay atawa kamprét. Diucapkeun lain ku golongan umum wungkul dalah jalma-jalma anu kawilang geus masagi ku pangaweruh agama ogé milu aub dina ieu pasualan.

Ditilik kalawan ilmiah atawa ku kayakinan hirup anu diagem, nyebut jalma ku ngaran sasatoan sabenerna lain  hiji hal anu bener jeung dibenerkeun. Hirup manusa teu jauh tina étika kahirupan, kumaha cara diri urang ngajén jeung silih hurmat ka sasama jeung papada. Étika mangrupa salah sahiji dahan tina filsafat anu mérédih sangkan kahirupan henteu jauh tina prakték hirup anu sakuduna. Nyebut ka batur ku ngaran sato arék heureuy atawa seurieus tangtu baé geus patukang-tonggong jeung étika kahirupan anu dipiharep.

Dina Islam aya salah sahiji dahan anu teu bisa leupas tina hirup kumbuhna ieu agama nyaéta akhlaq. Tata jeung titi jalma kudu kawengku ku tabéat-tabéat anu hadé salaku manusa. Sababaraha ulama kungsi nyebut: sing saha baé anu nyebut ngaran sato ka hiji jalma saéstuna geus kasebut dosa gedé, geus ngarempak salah sahiji dalil tina al-Qur'an, laqad khalawnal insaana fii ahsani taqwiim, Jalma geus diciptakeun ku kami dina dedegan jeung waruga anu alus.

Anu jadi héran, kajadian di luhur lain dilakonan ku jalma anu ngarojong jeung teu ngarojong kana téori évolusi, tapi babarengan dilakonan ku ieu dua golongan. Lamun dilenyepan kalawan daria, jalma atawa kahirupan masyarakat tangtu baé diuji ku kekecapan jeung kalimah anu diomngkeunna. Kusabab dina kahirupan nyata atawa maya jalma-jalma anu jadi pangeusi ieu nagara silih sebutan ku ngaran sasatoan, buruy jeung lalay, sifat jeung tabéat dua sato anu disebut nerap kana diri urang. 

Hiji pamohalan pangeusi ieu nagara bakal bisa ngalarapkeun niléy Pancasila ngeunaan "Kemanusiaan" nalika dina kahirupan masih ngedal kabiasaan-kabiasaan sato. Lila-lila mah paripolah jalma bakal ngawujud deui jadi sato sakumaha anu dikamandangkeun ku Darwin, bakal balik deui kana kahirupan alamiah, survival of the fittest ngan lain ku cara alus, tapi ku cara licik, silih réngkas, silih hakan, jeung silih rewég.[ ]

KANG WARSA
GURU MTS RIYADLUL JANNAH

Posting Komentar untuk "Buruy Jeung Lalay"