Ngendog mangrupa kabiasaan hayam bikang, lamun ieu kecap dibéré harti kalawan dénotatif. Hayam keur ngendog biasana leuwih nénjokeun sikep kokotak baé, ngan lamun geus meujeuh pangseng mah sok langsung asup kana tempat ngendogna.
Nepi ka taun 1990-an, kecap ngendog kalawan konotatif geus jarang digunakeun ku masyarakat. Ngendog nyaéta sebutan keur barudak sakola anu teu naék kelas. Ayeuna mah geus jarang ongkoh barudak anu teu naék kelas téh. Da ampir tiap sakola diuudah ku anu disebut KKM, hartina kabéh siswa kudu naék kelas.
Tangtu baé aya kontéks anu béda antara hiji wewengkon jeung wewengkon séjén dina méré harti kana kecap ngendog. Budak teu naék kelas disebut ngendog téh maksudna mah nyileungleum di kelas anu sarua duméh teu naék kelas, hartina teu megar-megar, béda jeung barudak anu naék kelas.
Kiwari, masyarakat keur meujeuhna séah nyual harga endog. Malahan aya gogonjakan nu mertélakeun nalika harga endog mahal wayahna baé kudu bisa ngendog sorangan. Ngan kacipta baé kumaha geuleuh jeung rujitna anu disebut endog hasil tina diri manusa.
Aya éta ogé anu nanya kalawan rétoris, naha harga endog nérékél naék?Naha aya hubunganna jeung téori supply and demand? Apanan di sababaraha wewengkon rajeg jeung jlug-jleug kandang hayam anu husus ngahasilkeun endog?
Tangtu baé nérékélna harga endog henteu jadi mahal sosoranganan, saheuleut jeung naék harga pangabutuh anu séjén utamana salapan bahan pokok. Bener, nérékélna téh saminggu saméméh lebaran. Nya kaharti pisan atuh ayeuna mah, kusabab loba anu merlukeun harga-harga ogé jadi naék.
Arék nurunkeun harga sosorangan mah da moal bisa, sabab hukum pasar lain pasualan bisa dibéréskeun ku individu. Aya hal anu utama, kawijakan pamaréntah kudu bisa nurunkeun harga pangabutuh masyarakat. Kumaha carana? Jeung naon régulasina? Sumangga nyanggakeun ka anu dibarendo.
Posting Komentar untuk "Ngendog"