Troy itself, the mother of the Roman
people, was not able, as I have said, to protect its own citizens in the sacred
places of their gods from the fire and sword of the Greeks, though the Greeks
worshipped the same gods.
Augustinus
nyebutkeun dina bagéan kaopat buku kahiji De Civitate Dei, sok sanajan euweuh bédana
antara bangsa Troya jeung Sparta nyaéta nyembah ka déwa jeung déwi anu sarua
tetep baé dina kaayaan perang mah pedang jeung seuneu leuwih mihak ka bangsa
anu bisa disebut biadab. Hartina, para déwa saolah ngantep kitu baé kana
rajapati anu tumiba ka jalma-jalma sok sanajan migusti ka pangéran-pangéran anu
sarua.
Hal
ieu tangtu baé bisa disebut paradoks, dua hal anu patukang tonggong antara
kamaha-welas-asihan para déwa jeung sikep galakna. Naha jalma-jalma anu nyembah
ka déwa dipaténi ku jalma-jalma anu migusti ka déwa anu sarua? Balahi politik
samodél kieu mémang geus aya di luar pasualan kayakinan. Hartina kayakinan
masih bisa dipandeurikeun tibatan pasualan politik.
Conto
anu ampir sarua jeung kaayaan di luhur kungsi lumangsung dina sajarah Islam
nalika Ibnu Ziyad maténi Husein. Saméméh perlaya, Husen ngomong ka Ibnu Ziyad:
Naha urang-urang kudu nebar jeung ngagedékeun rajapati padahal antara kuring
jeung dunungan anjeun (Yazid bin Muawiyyah) masih sakaruhun, Bani Hasyim jeung
Umayah masih sakocoran getih? Ibnu Ziyad tetep gideug.
Husein
nyarita deui: Masih kurang kénéh alesan yén kuring jeung Yazid téh sakaruhun,
apanan kaula jeung andika masih saagama, sumujud ka Alloh anu sarua, ngagem kayakinan
anu henteu béda? Dua hal anu ditawarkeun ku Husein: wewengkon kamanusaan nepi
ka wewengkon ka-ilahian masih teu bisa nyegah jalma dina ngalampiaskeun
angkara.
Kamangdang
Augustinus jeung carita di luhur geus jadi réalita dina kahirupan di mana baé
jeung jaman iraha baé, pasualan politik jeung kakawasaan jadi salah sahiji hal
anu ngaruntagkeun sisi kamanusaan jeung kailahian. Ku pasualan politik jeung
parebutan kakawasaan: jalma-jalma sanagara, saakidah, sabandéra, sakota,
saturunan, jeung sakulawarga bisa nepi ka pahereng-hereng, papaséaan, jeung
paagul-agul saha anu dirojong atawa didukung.
Augustinus
méré deui conto paradoks diri jalma dina kahirupan, jauh saméméh Imperium
Romawi ancur garéja-garéja dipinuhan ku harta rampasan, emas jeung kadaharan
hasil tina ngajabel ti bangsa deungeun. Naon maksudna, tempat anu suci dieusian
ku barang-barang hasil tina rampasan, lamun kudu diomongkeun mah mangrupa harta
haram? Naon maksudna jalma ngadegkeun tempat-tempat ibadah - keur ngagungkeun
anu Maha Kawasa – tapi ku harta meunang maok ti batur?
Dina
kahirupan sapopoé –dina mangsa kiwari- loba pisan conto paradoks kahirupan
jalma lamun dilenyepan kalawan daria jeung enya-enya mémang rasional. Contona:
jalma-jalma ngawangun tempat-tempat ibadah, bahan-bahan anu digunakeun jeung
dibutuhkeun taya lian kai hasil nuaran di gunung, keusik, semen, jeung bahan
séjénna meunang ngagali ti bumi. Tempat-tempat ibadah digunakeun ku jalma-jalma
keur ngagungkeun Alloh.
Dina
hiji mangsa, balahi tumiba, usum katiga atawa halodo panjang, hésé cai,
saterusna jalma-jalma ngadunga Kanu Maha Kawasa sangkan hujan diturunkeun, cai
ulah dihésé-hésé. Padahal héséna cai dina usum halodo panjang téh salah
sahijina dilantarankeun dituarna tatangkalan di gunung jeung leuweung anu tadi
téa dipaké ngawangun tempat ibadah jeung imah.
Augustinus
nyeratkeun deui: In fine, the gentle
Greeks appropriated that temple of Juno to the purposes of their own avarice
and pride; while these churches of Christ were chosen even by the savage
barbarians as the fit scenes for humility and mercy. Hartina, pranata-pranata
kaagamaan bisa dijieun alat kasarakahan jalm-jalma anu némbongkeun sikep soméah
padahal siap nyekék ka masyarakat. Kaduana, pranata agama ogé bisa dijadikeun
panyumputan ku jalma-jalma anu sabenerna biadab jeung kasar keur nyamunikeun
kajahatanna.
Kang
Warsa
Posting Komentar untuk "Ngaji De Civitate Dei (Hanca Katilu)"