Ngaji De Civitate Dei (Hanca Kadua)

There are histories of numberless wars, both before the building of Rome and since its rise and the extension of its dominion. – Augustinus-

Dina bagéan kadua jeung katilu buku kahiji De Civitate Dei, Augustinus ngaguar jeung méré kamandang kana hiji pasualan penting masalah sajarah kamanusaan. Ngadeg jeung runtuhna hiji wewengkon jeung nagara henteu leupas tina pasualan perang-tanding. Hartina, dunya teu kungsi tiiseun jeung jempling ku papaséaan jeung pacogrégan. Ayana perang jeung pacogrégan dina kahirupan mangrupa hiji atikan ka jalma sangkan dina waktuna mikahayang  daméi jeung tatahar deui dina ngawangun hiji kakuatan arék wewengkon atawa nagara. 

Augustinus nyebutkeun bangsa Romawi ngadeg jeung ngalaman mangsa kadigjayaan henteu leupas tina pangaruh mitologi Yunani Kuno: perang Troya, hiji perang rongkah  sabenerna diciptakeun jeung diskénarioan ku déwa jeung déwi anu aya di kahyangan. Tilu dewi: Athena, Hera, jeung Aphrodit madungdengkeun saha sabenerna dewi anu panggeulisna di kahyangan. 

Ku cara ngalungkeun "apel emas", Aphrodit kapilih jadi dewi panggeulisna saalam dunya. Kajadian ieu mawa pangaruh boh di alam kahyangan ogé di bumi. Athena, Hera, jeung Aphrodite boga pancén ngadatangan Helena di bumi, tuluy ngabalukarkeun Helen ngawujud jadi awéwé anu pang geulisna di bumi. Ceuk dina Illiad, Helen diculik ku Paris padahal geus jadi permaésuri Menelaos.

Kusabab pasualan ieu, bangsa Sparta ngarasa harga dirina diruntagkeun ku bangsa Troya. Sparta ngepung Troya salila sapuluh taun meunang pangrojong ti Arés salah sahiji déwa perang bangsa Yunani Kuno. Dina ieu perang, Sparta manggih cara keur nyulusup asup ka jero kota Troya anu boga bénténg tohaga kucara nyieun kukudaan anu gedé tina kai, jerona dieusian ku bala tantara Sparta. 

Nepi ka ayeuna kukudaan anu dipaké stratégi nyelendepna tantara Sparta ka kota Troya disebut 'Kuda Troya", kalawan ikhlas pangeusi kota Troya ngasupkeun tantara Sparta ka kotana sorangan. Troya panggih jeung papastén yén ieu kota téh mémang sakuduna ditumpurludeskeun ku bangsa Sparta. Perang tanding anu ngakibatkeun balahi kamanusaan anu rongkah.

Jalma-jalma anu salamet tina perang Troya diaping ku Aeneas ditempatkeun di hiji tempat anu kiwari disebut Roma. Masyarakat Troya anyar nyiptakeun kakawasaan,  saterusna dibéré ngaran: Romawi. Iwal ti carita mitos saperti ieu, aya ogé carita anu nyebutkeun yén ngadegna Kota Roma dicutat dina carita mitos séjén ngeunaan Remus jeung Romulus. Anu jelas, ceuk Augustinus, Romawi diwangun ku jalma-jalma anu mémang lain asli ti éta tempat. Kusabab diwangun jeung diadegkeun tina akibat hiji perang tanding antara Sparta jeung Troya, lain hal anéh lamun dina waktuna Romawi ditumpurludeskeun deui ku bangsa leutik, Visigoth.

Sanggeus ngawangun kota nepi ka ngawujud jadi hiji impérium, Aeneas nyiptakeun sababaraha tempat pamujaan jeung pamujian ka déwa jeung déwi anu baris ngajaga jeung nyukupkeun ieu karajaan anyar. Kuil Minerva, déwi kamakmuran, élmu pangaweuh bagsa Romawi Kuno diadegkeun. Ku cara muja jeung muji Minerva, bangsa Romawi anyar bakal panggih jeung kaluginaan jeung kamashuran hirup. Nepi ka mangsa digjayana, kayakinan anu diagem ku masyarakat Romawi kuno nyaéta konsép trinitas anu diadopsi ti masyarakat Mesir  jeung Yunani. Jupiter, Yuno, jeung Minerva mangrupa tilu déwa-déwi anu dipuja ku masyarakat Romawi harita.

Augustinus ngaluarkeun hiji koméntar,  tradisi jeung kayakinan Romawi kuno ieu mangrupa hiji hal anu dipinuhan ku kapalsuan. Masyarakat kawas anu enya muja jeung muji ka para déwa tapi sabenerna dibarengan ku kasieun lain kusabab ikhlas. Masyarakat kawas anu enya sumujud pasrah ka para déwa padahal euweuh lian iwal ti keur nyembah ka iblis anu geus ngajadikeun masyarakat utamana kakaisaran Romawi dina mangsa kadigjayaanna nyebarkeun virus kasieun ka bangsa séjén, ngarebut hak milik bangsa séjén. Kaisar-kaisar Romawi ngaku yén sikepna mangrupa paréntah langsung anu aya dina kayakinan. Indeed, to worship conquered gods as protectors and champions, what is this but to worship, not good divinities, but evil omens?

Ibnu Khaldun  ngaluarkeun kamandang ngadegna hiji nagara boga maksud sangkan sikep agrésif hiji umat bisa kawengku jeung kaoordinir ku hiji kakawasaan. Nalika kumpulan jalma-jalma henteu kaoordinir ku hiji kakawasaan anu baris tumiba dina kahirupan nyaéta perang antara hiji individu jeung individu séjénna. 

Dua hal anu béda antara carita dina sababaraha mitologi jeung kamandang Ibnu Khladun nyaéta: mitologi leuwih negeskeun yén ngadegna nagara kusabab dimimitian ku ayana pacéngkadan atawa perang sedengkeun ceuk Ibnu Khaldun nagara ngadeg jeung diwangun justru keur ngajauhkeun umat atawa jalma tina peperangan jeung papaséaan.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ngaji De Civitate Dei (Hanca Kadua)"