Asa kaingetan deui, lima poé ka tukang, dahar lalawuhna jeung cué tongkol disamaraan ku cabé, tomat, jrrd. Ras inget kana lalawuh atawa deungeun sangu anu biasa didahar ku urang lembur dina waktu anu tangtu saperti bulan puasa nyaéta sardéncis. Keur ukurang urang lembur mah, deungeun sangu samodél sardéncis bisa disebut kadaharan favorit salila bulan puasa. Jigana lain kusabab ngeunah didahar, babakuna gampang pisan ngasakanna.
Duméh hirup di lembur, digedékeun ku atikan kolot anu masih nyekel pageuh kata titi jeung étika kasundaan, cenah dahar jeung sardéncis mah bisa disebut 'makan besar'. Da mémang enya dibenerna, antara taun 80 jeung 90-an, henteu sagawayah jalma bisa dahar jeung rupaning kadaharan kawas kiwari. Endog ogé bisa dibeulah dua, dibagikeun ka barudak, lanceuk jeung adi. Geus puguh ngadahar daging hayam mah, bisa kaitung sataun kana lima kalian.
Ku ukuran ayeuna, menu dahar barudak jeung masyarakat generasi 60-90an bisa disebut dahar basajan, saayana, jeung bisa ogé disebut sarwa kurang. Ngan aya hiji hal anu diperedih ku kolot, arék aki-nini atawa indung-bapa, sanajan kadaharan anu asup kana awak kawilang saayaan tapi lain harti henteu barokah. Ku kabarohan kadaharan anu didahar jigana barudak mangsa harita bisa jarumeneng kénéh nepi ka kiwari.
Anu jadi babaturan kungsi ngomong ka kuring: Wah, barudak ayeuna mah moal aya anu daékkeun dahar sangu ngan ukur jeung kurupuk atawa pépéték, Wa! Mémang kitu ayana. Henteu anéh, mangsa ayeuna, tukang bubur, wuduk, kupat tahu, geus digimbung ku masyarakat keur mumuluk. Sababna mah teu sapira, kusabab kadaharan anu disebutkeun tadi leuwih 'praktis' tibatan anu jadi indung (kolot awéwé) kudu usukan-asakan hela keur mumuluk barudak anu arék indit ka sakola.
Dina hiji mangsa, nalika pabubudak, anu jadi indung nitah kuring meuli sardéncis ka warung Mang Ja'i. Aya anu ngaharéwos, wahh… hébat badé emam sareng sardén. Lauk dina kaléng geus disamaraan geus pasti ngan katénjo minuhan rak warung. Puguh, da can aya mini-markét asup ka lembur-lembur. Kusabab panon jarang nénjo hal-hal anu kawilang "uwah" éta jigana anu ngabalukarkeun kadaharan leuwih pédo jeung pelem didahar.
Kiwari, lain saukur panon anu seubeuh nénjoan kadaharan-kadaharan ngarareunah, baham ogé geus henteu bireuk deui jeung bolu, daging, pizza, hamburgeur, jjrd. Ngadahar rupaning kadaharan anu disebut tadi tangtu baé lain ngudak kanikmatan wungkul, ayeuna mah saukur keur ngeusi beuteung. Teu anéh, dina kariaan kawinan, sangu jeung daging dimonyah-monyah ku lolobana sémah. Dina acara-acara dines ogé henteu saeutik kuéh anu dilelebar, mubadir, teu didahar tapi amarayah dina méja.
Élmu psikologi nyebutkeun kaayaan samodél kieu disebut sikep disénsitisasi, hartina jalma geus leungit sikep 'sensitif' kana rasa nikmat jeung ngeunahna naon anu didahar. Kadaharan dibutuhkeun ngan saukur keur nyeubeuhkeun diri. Ngadahar kuéh sus karék sagégél ogé geus dibelewerkeun. Enya, kacida béda jeung ngadahar sardéncis dina taun 80-an, dina piring geus imeut ogé, barudak masih latam-létém sabari ngalamotan ramo leungeun katuhu. Réngsé dahar, diuk ngabaheuhay sabari ngadelékan sardéncis sésa. Anu jadi nini ngomong: Kanggo engké!!!
Kang Warsa
Guru MTs Rijan, PGRI Kota Sukabumi.
Posting Komentar untuk "Sardencis"