Ku ayana balahi saperti lini, banjir, gunung bitu, jsb nandakeun: alam (jaghat gedé) jeung manusa (jaghat alit) salian miboga hubungan dalit ogé kacida lemah (rapuh). Nalika eusi haté manusa panasan, gampang kasundut, jeung loba mintonkeun pacogrégan, alam salaku jaghat gedé ogé bakal mintonkeun hal sarua jeung diri manusa.
Ti jaman Nabi Nuh jeung mangsa Gilgamesh kénéh kamandang kana ayana balahi alam kabagi kana tilu golongan, aya anu nyalahkeun ka Alloh saolah balahi tumiba mangrupa siksa (téologis), aya anu nyebutkeun balahi kusabab kalakuan manusa-manusa kénéh, jeung aya anu pragmatis (how) balahi kudu diréngsékeun ku tarékah nyalametkeun korban.
Niténan kana sajarah Nabi Nuh, jauh saméméh banjir tumiba, Nabi Nuh geus ngalakonan hal-hal pragmatis, kumaha cara mindahkeun manusa jeung sato ti hiji tempat ka tempat séjén sangkan tetep jumeneng (survive). Nabi Nuh jeung umatna teu nyalahkeun Pangéran, ogé teu nyalahkeun manusa anu henteu ngagugu kana ajakanna. Henteu nyebutkeun yén banjir anu tumiba mangrupa siksa ti Alloh, tapi mangrupa pépéling jeung interdépédénsi antara alam jeung manusa.
Nabi Nuh yakin jeung sadar, kabéh mahluk boga darajat anu sarua nalika nyanghareupan balahi. Lini, longsor, banjir, jrrd teu pilih kasih. Manusa soléh jeung jahat bisa kalindes ku balahi. Teu diwilah-wilah, kusabab jalma bageur bisa teu ngarasakeun inggeungna ieu alam.
Atikan hirup tina kisah nabi Nuh: jalma kudu tatan-tatan jeung nyiapkeun diri kusabab balahi datangna teu disangka-sangka, bisa iraha baé. " Ku kami geus dijadikeun, ayana kajadian banjir mangrupa pépéling ka jalma anu ceulina bisa ngadéngé." (QS. Al-Haqqah: 11-12)
Posting Komentar untuk "Atikan tina Kisah Nabi Nuh"