Aya benerna, sababaraha para ahli nyebutkeun ngatik barudak di sakola lain saukur ngajejelan sirah barudak ku téori anu aya. Kudu saimbang antara téori jeung prakna dina kahirupan sapopoé. Dina konsép filsafat disebutkeun antara épistémologi jeung aksiologi kudu nurub cupu. Ulah ngan tibang catur tanpa bukur. Téori lain hiji carita anu sifatna ngawang-ngawang, kadituna mah kudu “ngadarah-daging” jeung diri para pamilon atikan.
Poé ieu (5/10), kuring ngajar Basa Sunda di kelas VII, VIII, jeung IX. Jejer anu diajarkeun ka barudak nyaéta sakumaha judul di luhur: kaulinan barudak, sisindiran, jeung kabeungharan. Ka para pamilon atikan kelas VII tangtu baé métodologi ngajarna dibédakeun jeung cara nepikeun jejer atikan ka barudak kelas IX. Ku kuring sok diomongkeun ka para pamilon atikan, “ maranéh mah geus meujeuhna sawawa, geus bisa disebut calon remaja. Pikiran jeung waruga ogé geus tangtu moal daék disaruakeun deui jeung adi kelas maranéh.”
Ngawanohkeun Kaulinan Barudak
Para pamilon atikan kelas VII minangka afirmasi di kelas ku kuring dibéré pancén hareureuy hela, diarahkeun suiteun jeung hompimpah. Saterusna dibéré pancen nyeratkeun lima welas kaulinan barudak anu kawilang tradisional. Aya éta ogé salah saurang budak nyebutkeun ML, Mobile Legend. Cindekna ampir kabéh bisa nyeratkeun ngaran-ngaran kaulinan tradisional. Réngsé nyeratkeun rupaning kaulinan barudak, para pamilon atikan diaping ngalakukeun jinis kaulinan anu disebutkeun di jero kelas. Ngaranna ogé barudak, tangtu baé araratoh jeung motah. Ceuk kuring, henteu nanaon da kitu sakuduna anu ngaran budak mah.
Kaulinan barudak samodél: bébénténgan, galahsin, pérépét jéngkol, sondah, luncat tinggi, béklen, ucing-ucingan, jrrd diaku ku para pamilon atikan geus jarang deui dilakonan boh ku maranéhna ogé ku barudak sahandapeunna. Salah saurang pamilon atikan ngaluarkeun kamandang, jarangna kaulinan tradisional diprakkeun téh kusabab kalindes ku kaulinan modérn, basajan, teu kudu silih téang hela, asal gadgét dipinuhan ku pakét internét. Kaduana, rata-rata barudak ayeuna mémang geus henteu pati raresepeun deui milampah kaulinan tradisional.
Tarékah Anyar
Taun 2010, aya tarékah ti pamaréntah sangkan rupaning kaulinan barudak disosialisasikeun deui. Sababaraha calagara kabudayaan mintonkeun kaulinan barudak dina panggung, malahan aya anu dipasanggirikeun. Sok sanajan éta tarékah kawilang alus, hanjakal anu ngalajoan calagara lolobana para inohong, budayawan, pajabat, jeung jalma anu mikareueus budaya Sunda. Calagara samodél kitu tangtu baé ngan saukur bisa disebut nineung pangalaman anu kungsi karandapan ku para pamilon. Yén kaulinan anu dipintonkeun dina panggung kungsi dilakonan ku urang-urang nalika keur leutik. Barudak mah ngan saukur apal jeung nyaho baé. Buktina, ti saprak tarékah ngenalkeun deui kaulinan barudak nepi ka kiwari angger baé kaulinan tradisional hamo dilakonan ku barudak. Asa ku piraku ari kudu dilakonan deui ku urang-urang mah.
Salian sababaraha faktor anu geus disebutkeun di luhur, aya hal penting anu sok dipopohokeun ku urang nalika ngaguar budaya kasundaan. Kaulinan barudak geus jarang jeung tara dilakonan ku barudak sabenerna lain dilantarankeun ku beuki mahabuna gadgét jeung kamajuan téknologi. Ieu dilantarankeun ku sikep kurang taki-takina urang dina nyanghareupan kahirupan, serangan budaya deungeun. Sikep jongjon urang dina ngamumulé budaya sorangan leuwih loba dipintonkeun ku lobana wacana jeung padungdengan pasualan budaya. Sakapeung –diri urang- boga anggapan nyapirakeun kana kaulinan barudak.
Rohangan Kaulinan Beuki Heureut
Rohangan keur arulin barudak geus hareureut. Buruan imah geus robah fungsi. Nepi ka taun 90-an, fungsi buruan salian mangrupa papaés imah sangkan teu katénjo rupek ogé sok digunakeun ngalakonan kaulinan ku barudak , arulin di buruan saméméh wanci tunggang gunung, arulin di buruan nalika caang bulan . Bandingkeun jeung buruan imah mangsa kiwari, malahan teu saeutik imah anu teu miboga buruan. Pakarangan imah jalma-jalma modérn dieusi ku rupaning tutuwuhan, kekembangan, jukut jepang. Hal éta dilakonan keur nyonto kana paripolah kaum aristokrat abad ka-17 anu resep mapaés kastil, imah, jeung istana/karaton ku tutuwuhan. Haram ditincakna ogé. Kaum aristokrat abad ka-17 leuwih resep ngaluarkeun duit mangpuluh yuta, nyéwa pagawé keur ngurus pakarangan imah anu geus ngawujud jadi taman.
Dina mangsa kiwari, jaman modérn, kabiasaan kaum aristokrat abad ka-17 diconto ku urang, masyarakat lembur, anu sabenerna geus lain hal anéh mikawanoh rupaning tutuwuhan. Transformasi budaya kacida teu karasa. Lamun dina mangsa ka tukang pakarangan imah dipinuhan ku tangkal anu baradag samodél jambu kulutuk, jambu bool, nangka, balimbing, jeung pala, dina mangsa kiwari, pakarangan imah dipinuhan ku kekembangan jeung tutuwuhan anu laleutik. Tujuanna lain alaeun, diala buahna, tapi cukup keur ténjoeun wungkul, anu penting diri jalma modérn ngarasa sugema nalika nénjo kembang eros di pakarangan imah. Sarupaning bungbuahan mah kari meuli di sisi jalan atawa di super-indo. Tangtu baé, kalawan teu sadar, rohangan tempat arulin barudak milu leungit.
Rohangan séjén tempat arulin barudak nyaéta kebon tukangeun imah geus dipager jeung dibénténg. Euweuh deui tempat keur arulin barudak . Henteu bisa disinglar, rohangan tempat alurin barudak pindah ka sisi jalan, warnét, jeung tempat-tempat olahraga modérn. Kusabab rohangan anu pang murahna malahan gratis mah sisi jalan, nya wayahna baé nalika pasosoré, urang bakal leuwih loba nénjo barudak narongkrong di sisi jalan atawa arulin abring-abringan tarumpak motor di jalan. Sok sanajan para inohong gawé rancagé narékahan sangkan kaulinan barudak bisa ngawujud deui dina kahirupan pamohalan kacumponan nalika rohangan arulin barudak geus robah fungsi. Kawas kuring, antukna ngan bisa ngawanohkeun para pamilon atikan kana rupaning jeung jinis kaulinan barudak di kelas, hiji rohangan anu fungsina saukur dipaké ngatik jeung ngajejelan barudak ku rupa-rupa téori keur nyanghareupan kahirupan.
Posting Komentar untuk "Kaulinan Barudak di Sakola"