Niténan sababaraha vidéo dina YouTube jeung média sosial boh anu eusina paguneman jeung naon rupa hal ngeunaan kasundaan tétéla leuwih loba nyual perkara ku basa garihal atawa heureuy. Aya alesan, urang Sunda mah mémang cawokah, ngan tangtu baé kudu loyog waktu, tempat, jeung kontéksna.
Kuring sabenerna teu pati mentingkeun undak-usuk basa jeung tingkatanna anu penting urang Sunda masih daraék ngaromong jeung nulis ngagunakeun basa indung. Ngan tangtu baé, sikep samodél kitu ngan pantes dilarapkeun nalika paguneman jeung wangkongan antara urang jeung jalma-jalma anu sapantar arék dina umur atawa pangaweruh. Basa loma atawa basa sapopoé anu loyog digunakeun, sangkan dina wangkongan teu kaselipan ku sikep kagok.
Tangtu baé kacida béda antara basa loma jeung kecap-kecap garihal. Saha baé jalmana bisa ngabédakeun antara kalimah: ‘manéh arék ka mana?’ jeung ‘sia arék ngajangkor ka mana, njing ?’. Dua kalimah tadi nuduhkeun antara basa loma anu biasa diucapkeun ku urang Sunda dina kahirupan sapopoé jeung basa garihal anu diucapkeun ku urang Sunda anu boga pamadegan : da urang Sunda mah cawokah. Cawokah di dieu kontéksna kudu jelas mangrupa ‘hiburan’.
Ku mindengna basa garihal jeung cawokah dipintonkeun, tuluy dilalajoan ku barudak, geus mawa pangaruh kana tata jeung titi barudak nalika ngawangkong jeung papada baturna. Hiji kanyataan anu teu bisa disinglar, hasil kuring niténan hirup kumbuh jeung cara ngawangkong barudak jaman ayeuna éstu dipinuhan ku kecap-kecap sarkastik/garihal.
Fénoména séjénna, papada barudak dina ngawangkong nuduhkeun sikep pating corowok, patarik-tarik sora, wang-wéng-wong henteu puguh. Jejer anu dicaritakeunna ogé uclag-aclog kamana karep. Bandingkeun jeung jejer wangkongan barudak taun 80-90-an. Aya hiji kacindekkan, bralna cara barudak jaman ‘now’ ngébréhkeun jati dirina kawas kitu jigana kapangaruhan ku beuki ramé jeung kompléksna pasualan hirup ayeuna. Hal samodél kitu teu kaalaman ku barudak wungkul, sok baé lalajoan calagara dina tivi, padungdengan antara saurang politisi jeung politisi séjénna, patarik-tarik dina ngomong, embung éléh komo ngéléhan.
Hal séjén anu jadi pangaruh kaluarna basa garihal jeung pacéntal-céntal dina paguneman nyaéta geus sagulung-sagalangna diri urang hirup di antara pajejelna sora mesin kandaraan. Lolobana jalma, ti barang beunta nepi ka peureum, ceuli geus biasa didedetan ku sora mesin. Sebut baé résiko hirup dina mangsa kiwari. Jauh saméméh kandaraan jadi kabutuhan dina hirup, urang Sunda di mana baé ayana leuwih remen ngadéngé sora manuk, hayam, jeung sato séjénna. Ku mindengna urang ngadéngé sora mesin, sedengkeun dina diri urang mawa génétika yén sifat dasar manusa mah leuwih milih tenang, tiis ceuli hérang panon. Patukang tonggongna antara kanyataan hirup jeung sifat dasar manusa ngabalukarkeun ‘strés’ dina diri urang.
Hésé disinglar, hirup jalma beuki garihal, mikaresep pacéngkadan, nalika sifat dasar jalma teu mucunghul deui dina diri papada urang. Tarékah kudu diusahakeun. Sapoé dina saminggu mah urang kudu niiskeun diri. Lamun ceuk basa téknologi mah, awak urang mangrupa gatgét téh sakali-kali mah kudu dipareuman, di-sleep, dikana mode pesawatkeun. Carana rupa-rupa, bisa ku dzikir, semedi, ulin ka tempat-tempat anu tiiseun, nyinglar paguneman dina diri (galécok batin), jeung ngawangkongkeun pasualan basajan.
Posting Komentar untuk "Sunda Kiwari"