Nepi ka ayeuna ogé jumlah jalma anu kungsi indit ka Mekah, nedunan ibadah haji di masyarakat mana baé geus tangtu masih bisa kaitung ku ramo leungeun. Aya sababaraha hal anu jadi lantaran henteu sakur jalma anu geus mampu bisa nedunan ibadah haji. Kahiji, quota atawa jumlah jamaah anu indit ka mekah geus ditangtukeun ku aturan atawa régulasi, pamaréntah ogé nimbang jeung ngitung ku asas kaadilan, sangkan jumlah jamaah haji tiap wewengkon walatra. Kadua, waragad ibadah haji kawilang mahal, jadi teu kabéh jalma Islam bisa nyumponan ibadah haji.
Nepi ka taun 80-an, di Balandongan baé, jalma anu kungsi ngalakonan ibadah haji teu kungsi nepi ka sapuluh urang. Sebut baé –anu kuring apal ieu mah– di Balandongan Kidul; Wa Haji Kamal, Wa Haji Sopiah, Wa Haji Huro, jeung Wa Haji Ijah. Wa Haji Sambas mah sok sanajan urang Balandongan pituin, tapi da ngumbara ka Cipoho. Ka dieunakeun, di Balandongan wétan mimiti aya anu indit ka Mekah nyaéta Haji Yahya.
Lain jalma samanéa anu bisa nedunan ibadah haji dina mangsa harita, geus pasti jalma-jalma anu miboga sawah mangkotak-kotak, kebon mangare-are, jeung taneuh mangtumbak-tumbak. Malahan urang lembur mah babanda taneuh, sawah, jeung kebon téh lain keur nanaon, tapi keur bekel jaga atawa pagéto susuganan bisa nyumponan ibadah haji.
Kuring moal ngabéjérbéaskeun pasualan prakna ibadah haji dina ieu seratan, da lain ahli agama. Kuring arék ngaguar Wa Haji Kamal, sabenerna lamun nilik kana panca kaki mah masih kénéh baris aki lain uwa. Sangkan dalit, nya ku kuring diuwakeun baé. Maksud jeung tujuan nyerat ieu hal itung-itung keur mépéling ka diri urang, ka generasi ayeuna, sangkan henteu leungiteun teuing tapak lacak rupaning kajadian anu kungsi lumangsung di Balandongan. Keur jalma anu aya di luar Balandongan, tangtu baé pangalaman hirup mangsa puluhan taun ka tukang geus moal jauh béda jeung anu kaalaman ku urang Balandongan.
Wa Haji Kamal geus tilar dunya, ceuk sakaol, jalma anu masih kénéh kumelendang di alam pawenangan keuna ku hukum pamali ngomongkeun jalma-jalma anu geus euweuh di kieuna. Bener, lamun anu diwangkongkeun téh kagorénganna. Ceuk kyai di lembur mah, karunya si Jenat diomongkeun kagorénganna mah bisi kasuat-suat. Ulah kanu geus maot, cacakan kulawarga anu ditinggalkeunna ogé tangtu bakal jamedud nalika kagoréngan jalma anu geus maot diawur-awur.
Wa Haji Kamal nalika jumeneng mangrupa sobat dalit atawa "nyéés" pisan jeung anu jadi aki pituin. Duméh ampir unggal poé nalika indit ka sawah, Wa Haji Kamal ngaliwat ka imah aki. Wanci pecat sawed balik ti sawah, sok uplek ngawangkong nepi ka wanci manceran. Di téras imah aki aya dua korsi, Wa Haji Kamal matuh diuk dina éta korsi nalika ngawangkong jeung aki atawa nalika nyorangan. Jejer anu diwangkongkeun ku kolot-kolot harita tara jauh tina pasualan tatanén. Bubuhan dina mangsa Orde Baru ngawangkongkeun pasualan politik diharamkeun. Aya benerna ogé, asa kurang payus masyarakat basajan urang lembur ngaguar hal anu teu dipikanyaho jujutanna. Politik mah lima taun sakali, peun!
Imah Wa Haji
Barudak generasi 70-80-an tangtu arapal lebah mana imah Wa Haji Kamal. Pernahna hareupeun masjid Jamé, kasapih ku jalan. Keur ukuran harita, imah Wa Haji Kamal bisa disebut weweg, suhunan luhur, lanténa geus ku ubin. Henteu sagawayah jalma bisa ngawangun imah samodél kitu. Imah jalma basajan mah paling banter lanténa diaci ku semen.
Buruan imah lega jeung lalening. Sisi buruan dipager ku rupaning tutuwuhan. Tangkal kadongdong kacida luhur, barudak mindeng caricing handapeun tangkal, sabari ngadago-dago susuganan baé buah kadongdong anu geus asak marurag. Nepi ka aya babasaan, "Manéh mah kawas kadongdong, ari luar lemes, ngan jerona pinuh ku runga/cucuk."
Di gigireun beulah kiwa imah Wa Haji Kamal aya hiji kulah leutik, ditémbok, hanjakal geus mangtaun-taun euweuh caian. Aya kulah di gigireun hiji imah ku masyarakat harita dijadikeun ukuran sugihna jalma anu boga imah. Bisa ogé nuduhkeun stratifikasi sosial masyarakat, di buruan imah ogé aya kulah komo deui di sawah jeung di tempat séjénna tangtu baé balongna loba. Sok sanajan keur anu boga imahna mah lain kitu, bisa baé éta kulah hareupeun atawa gigireun imah dijieun tempat keur kukumbah atawa gégéroh. Tapi tetep baé mangsa harita, ayana kulah mangrupa ukuran stratifikasi sosial masyarakat.
Jigana moal jauh béda antara masyarakat harita jeung kiwari. Ayeuna ogé sarua, hiji imah anu miboga kulah, sebut baé "kolam renang" geus jadi pituduh yén jalma anu boga "kolam renang" di imahna mangrupa jalma jegud. Bédana, ari baheula, kulah téh dipaké kukumbah, kiwari mah digunakeun guyang atawa mandi.
Sakanyaho kuring, kusabab nalika umur opat taun geus biasa diajak ka masigit jamé ku anu jadi aki, Wa Haji Kamal can kungsi katingali suwung solat barjamaah. Disebut dugcir téh lain kawas ayeuna nalika bedug langsung ngacir ti pagawéan, ieu mah dugcir-na nalika bedug disada langsung ngacir ka masigit. Jeung geus jadi kabiasaan dina mangsa harita mah, anu jaradi aki biasa ngajak incu-incuna ka masigit, ngatik barudak ku paripolah téa, lain saukur catur tanpa bukur.
Wa Haji Kamah geus euweuh di kieuna, imahna ogé geus diréhab. Keur barudak anu ayeuna geus narincak umur 40 – 50 taun tangtu baé boga pangalaman séwang-séwangan arék ngeunaan Wa Haji Kamal salaku individu atawa dina diri urang neundeun katineung ka mangsa harita. Ceuk kuring, mangsa harita, taun 80-an, hiji mangsa nalika étika salaku masyarakat Sunda masih nanjeur dina kahirupan. Ceuk basa barudak kiwari mah, hiji mangsa nalika "negara api belum menyerang".
Posting Komentar untuk "Wa Haji Kamal"