Tina salawé urang pamilon atikan, satengahna henteu pati apal kana sééng. Ku ukuran mangsa kiwari kanyataan samodél kieu lain hal anéh. Nalika dicukcruk da geuning mangsa kajayaan sééng jeung batur-baturna kayaning : boboko, aseupan, hawu, jrrd ngan nepi ka tahun 90-an katompérnakeun.
Aya kénéh éta ogé masarakat Sunda anu masih ngagunakeun pakakas di luhur dina usukan-asakan, ngan geus jarang. Pakakas anyar hasil kamotékaran téknologi teu bisa disinglar jeung diembung-embung. Jalma boga pamadegan anu sarua, sagala widang kahirupan kudu diréngsékeun kalawan éféktif, éfisién, jeung sagancang-gancangna. Dina ngasakan sangu henteu kudu capé meulahan suluh, leuheung nalika usum katiga, kacipta moé suluh dina usum ngijih ? Kiwari mah kari ngisikan béas dina wadah méjikom, asupkeun kana tempatna, colokkeun kana listrik, cetrékkeun, tungguan lima welas menit, sangu geus ngebul.
Dina usukan-asakan ogé teu kudu lukat-lékét ku késang. Geus aya kompos gas, ngaranna tabung gas tangtu baé béda jeung suluh, teu kudu dibeulahan heula, teu kudu dipoé, teu kudu dipindahkeun kana para seuneu, lah tararanggel. Jalma modérn kacida hormat kana waktu, moal ngamonyah-monyah waktu, teu pira nyangu, arék naon maké kudu dijagaan bisi seuneu pareum, niupan heula hawu, sakali deui tararanggel. Ayeuna mah sabari nyangu dina méjikom bisa sabari uprak-oprék kana hapé. Teu sieun tutung, da méjikom mah ngarti sorangan, nalika sangu geus asak, otomatis pindah sorangan tina cook kana heat.
Ku kamandang kakiwarian atawa kontémporér hal di luhur aya benerna. Tapi tangtu baé tiap kanyataan anu lumangsung miboga pangaruh jeung ngabralkeun kabiasan-kabiasaan anyar jalma anu asalna can kungsi kaalaman. Urang sebutkeun baé salah sahiji contona, kusabab nyangu bisa dilakonan iraha baé, da anu ngaranna méjikom mah teu apal wanci, antukna dina prakna dahar ogé sarua teu apal wayah. Iraha baé jalma bisa dahar, kari nyiuk sangu tina méjikom. Kecap-kecap mumuluk jeung ngawadang ngan saukur jadi babasaan da dina prakna mah wanci pecat sawed ogé –ku jalma kiwari- bisa dianggap mumuluk.
Hal séjénna, tilu puluh taun ka tukang, jalma miboga sikep lebar kana rupaning kadaharan. Ngamonyah-monyah kadaharan mangrupa pantrangan, pamali dilakonan. Ngaréméh ogé sok langsung dicaré ku indung bapa. Kiwari ? Jalma lain saukur ngaréméh, tapi éstuning ngawur-ngawur kadaharan. Dina piring bisa nyésa saséndok nepika tilu séndok sangu sakali dahar. Geus puguh kadaharan séjén mah. Keuna ku babasaan : Lah, isukan ogé aya deui kadaharan mah.
Dina widang budaya nya anu tadi disebutkeun, barudak jaman kiwari tangtu bakal leuwih apal kana méjikom tibatan sééng. Da budaya kiwari mémang nungtut jalma-jalma miboga méjikom. Hayang apal jeung nénjo sééng ogé kudu ka museum. Dina calagara literasi budaya Sunda sabulan ka tukang, aya saurang pamilon atikan panasaran, nyabakan sééng, tuluy pok, ‘’ini buat masak nasi ya ? Lho nanti berasnya dimasukkan ke dalam benda ini kan ? Wah ini pasti satu kali masak bisa menghabiskan beras sampai 5 liter ?’’.
Kahareup, jigana di Sukabumi kudu diayakeun calagara pasanggiri nyangu ku papakas tradisional, sangkan barudak jaman now apal cangkem kana prakna nyangu ku cara tradisional. Hal penting ngayakeun calagara kieu lain duméh urang salaku generasi boga kapaur barudak bakal jauh jeung budayana sorangan, tapi keur ngamumulé kabiasaan anu kungsi kaalaman tapi geus henteu dilakonan deui.
Tah, naon anu jadi sabab dina mangsa urang leutik sok ponyo jeung kacida nikmat nalika dahar ? Sabab, keur ngahasilkeun sangu ogé bener-bener dibarengan ku tanaga, prosés anu merelukeun waktu, jeung teu bisa ninggalkeun tetekon anu geus ditangtukeun. Aki jeung nini dina waktu nyangu tara ingkal hareupeun hawu atawa di dapur. Nalika arék kaluar sok nitah incuna, ‘’Jagaan hawu, bisi pareum seuneuna !’’.
Posting Komentar untuk "Barudak Leuwih Apal Méjikom Tibatan Sééng"