Kungsi ngadéngé istilah di luhur? Urang lembur pasti kungsi, sabab kahirupan urang lembur teu bisa leupas jeung tempat pamiceunan runtah anu disebut jarian. Jarian hiji tempat kotor, sagala jinis runtah dipiceun ka dinya ku masyarakat. Tapi tangtu baé kacida béda antara jarian mangsa tilu dékade ka tukang jeung jarian kiwari. Runtah ogé masih bisa disebut runtah-runtah anu teu matak ngabahayakeun ka balaréa. Ditambahan ku kecap jurig keur nuduhkeun mahluk anu pikageuleuheun, kotor, jeung kudu dijauhan.
Dina ieu seratan urang guar hela ngeunaan jarian, fungsi, jeung naon sababna masyarakat Sunda nyieun jarian? Masyarakat Sunda ngahaja nyieun jarian, sangkan runtah rumah tangga teu mancawura dipiceun ka mana baé. Jarian biasana dijieun ku masyarakat di sisi lembur atawa di tempat anu jauh ka sisi jalan. Runtah anu dipiceun teu matak ngabahayakeun da lolobana runtah-runtah organik. Runtah anorganik sok langsung dibeuleum di éta jarian ku masyarakat.
Bandingkeun jeung mangsa kiwari, jarian geus ngajirim jadi tempat pamiceunan runtah anu pernahna di sisi jalan, disebut TPSS (Tempat Pembuangan Sampah Sementara), saméméh runtah dipiceun ka jarian komunal anu leuwih gedé nyaéta TPA (Tempat Pembuangan Akhir). Runtah anu minuhan TPSS –kusabab di urang mah kasadaran milih jeung misahkeun jinis runtah masih lemah– rupaning runtah, malah bisa disebut dipinuhan ku runtah anu matak ngabahayakeun (runtah kimiawi, anorganik). Jarian anu dijieun ku masyarakat modérn leuwih rujit jeung pikageuleuheun tibatan anu dijieun ku masyarakat tradisional.
Jarian masyarakat tradisional sok dijadikeun tempat ngala cacing ku jalma anu mikaresep nguseup. Kolot anu budakna katerap tipes ogé sok ngahaja kokoréh di jarian, ngala cacing kalung. Kalolobaan masyarakat percaya cacing kalung, salah sahiji jinis cacing pheretima mangrupa obat panas. Pangna jarian dipinuhan ku cacing jadi tanda yén runtah anu dipiceun ku masyarakat harita matak nyuburkeun taneuh, teu pibahayaeun mahluk séjén.
Masyarakat –malahan jalma anu mikaresep kana nguseup- asa pamohalan dina mangsa kiwari kudu ngala cacing di TPSS atawa jarian masyarakat milenial. Lain cacing anu aya dina TPSS mah tapi rupaning bilatung jeung laleur héjo. Runtah anu metet jeung minuhan TPSS bararau, baruruk, jeung matak pibahayaeun masyarakat. Bisa katitétan ku nalingakeun antara jarian masyarakat tradisional jeung masyarakat kiwari miboga pasualan dasar anu jauh béda.
Jarian anu teu pikageuleuheun jeung teu pati barau hartina masyarakat tradisional dina sikep jeung paripolahna teu mindeng nyieun kabauan. Sabalikna, urang anu ngaku salaku masyarakat modern jeung sok agul salaku jalma anu hirup dina mangsa Révolusi Industri 4.0 sihoréng mindeng pisan hirup jeung midangkeun paripolah bau jeung piomongeun batur. Atuh pantes, runtah anu dihasilkeun ku masyarakat modern leuwih bau tibatan runtah mangsa puluhan taun ka tukang.
Jurig Jarian jeung Jurig Modérn
Istilah jurig jarian dipaké ku masyarakat tradisional keur nyingsieunan barudak. Geus jadi sabiwir hiji ieu istilah diucapkeun. Contona samodél kieu, " Ulah ulin ka dinya, bisi aya jurig jarian!" atawa, " Ngan ulin baé manéh mah kawas jurig jarian!". Dina hiji peuting, di lembur kuring kungsi aya anu kasurupan, ceuk salah saurang inohong, éta dilantarankeun kaasupan ku jurig jarian. Ngomong kitu téh pédah imah anu kasurupan deukeut pisan ka jarian.
Istilah jurig jarian geus jarang diucapkeun deui dina mangsa kiwari. Masyarakat modern geus miboga musuh anu leuwih nyata, nya sebut baé kamiskinan, panyakit, narkoba, jrrd. Kahirupan beuki bau alabatan jarian masyarakat tradisional, ceuk babaturan, jurigna ogé geus kadeuleu ayeuna mah, nyaéta manusa-manusa kénéh.
Posting Komentar untuk "Jurig Jarian"