Dumasar kana sababaraha katerangan, mimit mahabu ayana kagiatan "Remaja Masjid" téh di kota-kota gedé kusabab beuki jarangna pangajian "regular" dilakonan ku para nonoman urban. Nya diinisiatifan ku para aktivis kampus pangajian minggonan anu biasa dilakonan di kampus dipindahkeun ka masigit-masigit di wewengkon dayeuh.
Dina tahun 80-90an, kagiatan Remaja Masjid geus sumebar ampir ka tiap wewengkon, malah bisa disebut salah sahiji calagara paling ngetrén dina mangsa harita. Tiap lembur miboga paguyuban remaja masjid, lain tiap lembur tapi bisa disebut tiap ka-RW-an. Remaja atawa para nonoman biasana barudak anu geus nincak saumuran siswa kelas III SMP kaluhur ngumpul ngariung jeung papada baturna di masigit saminggu sakali. Nyokot waktu sok heuleut sapoé jeung pangajian minggonan bapa-bapa.
Béda jeung pangajian anu diayakeun ku para bapa, para nonoman sok nyempilkeun jejer atawa téma pangajian anu béda-béda tiap minggu. Jejer pangajian kudu loyog sarta rélévan jeung pasualan-pasualan anu keur disanghareupan ku para nonoman. Ngaguar pasualan fiqih ogé tangtu baé kudu fiqih anu loyog jeung kahirupan para nonoman, hiji kelompok masyarakat anu keur ngalaman fase transisi.
Antara paguyuban remaja masid hiji ka-RW-an jeung ka-RW-an séjénna sok silih anjangan sabulan sakali. Jigana lamun ceuk basa kontémporér mah disebutna studi banding téa. Ngan dina mangsa harita aya istilah anu cocog keur éta kabiasaan disebutna "anjang-sana", lamun dibasasundakeun pihartieunna silih anjangan kusabab sono.
Silih anjangan papada paguyuban boga maksud penting nyaéta keur noong kumaha cara ngokolakeun pangajian antara hiji paguyuban jeung paguyuban séjénna, silih tukeuran program, métode, jeung cara ngeusi pangajian. Hal jeung sagala tarékah dilakonan ku para 'pengurus' remaja masjid sangkan pangajian teu nimbulkeun rasa bosen. Tangtu baé béda pasifatan jeung karakter antara nonoman jeung kolot, para nonoman mah katerapan ku sikep labil, leumpeuh yuni, jeung bosenan.
Salah sahiji cara sangkan para nonoman henteu boseun hadir ka pangajian nyaéta para nonoman dibéré waktu keur nepikeun ide, gagasan, pangabisa, jeung poténsina dina tungtung calagara. Tiap minggu digilir, saha anu jadi pamuka catur, girang serat, jeung panyatur. Ku cara kitu, nonoman anu boga pancén minggu hareup geus nyiapkan sagala rupana salila saminggu. Anu teu biasa jadi pamuka catur ogé antukna ngapalkeun hela, ngahaja tatanya ka MC lokal, kumaha cenah cara muka calagara, ngatur waktu, jrrd.
Paguyuban remaja masjid ogé bisa dieusi ku forum diskusi nonoman. Para nonoman nyawalakeun tarékah ngamajukeun lembur, kumaha cara ngaronjatkeun kagiatan kapamudaan, kudu ngayakeun calagara naon dina raraga miéling kamerdekaan, kudu nganyakeun calagara naon keur nambah sumanget nonoman séjén sangkan mikareueus ka lemburna sorangan. Geus jadi hal anu lumrah, ku beuki ngaronjatna remaja masjid sok népa jeung mangaruhan hal séjén umpamana kana olahraga, seni, jeung budaya.
Geledug Cesss!
Aya babasaan, rupaning calagara jeung kagiatan keuna ku sifat geledug cess! Ramé mimiti, lila-lila mah negmpesan kawas ban kacugak paku, antukna teu nunggu waktu satengah taun ogé bubar sorangan. Kariaan para nonoman di lembur ogé kitu, katerap ku panyakit geledug cess! Ramé..ramé.. tiiseun baé.
Loba hal anu ngalantarankeun geledug cess-na paguyuban jeung calagara. Kahiji, paguyuban teu miboga kohési anu kuat di antara para anggotana, kusabab ngawujudna paguyuban biasana dipangarungan ku saukur ilubiung, ula-ilu kusabab keur ngetrén, jeung tuturut munding. Batur nyieu paguyuban nya urang ogé kudu boga paguyuban.
Kadua, paguyuban teu ngawujud jadi pranata sosial anyar, sabab teu meunang pangrojong ti para stakeholders, pamaréntah lokal, jeung tingkat kecamatan. Hal ieu kusabab paguyuban sorangan teu pati apal kumaha cara ngaaksés jeung ngetrok panto kelurahan, kecamatan, jeung para stakeholders. Bisa disebut alus lamun aya paguyuban remaja masjid anu bisa eksis nepi ka genep bulan lamun teu meunang pangrojong di para stakeholders.
Katilu, paguyuban remaja masjid jeung paguyuban séjén kakurangan sumber waragad. Antukna bralna jeung raména paguyuban dumasar kana kajadian-kajadian insidéntal. Umpamana, nalika tahapan kampanye Pemilu (harita mangsa Orde Baru), paguyuban di lembur ti mimiti karang taruna, remaja masjid, nepi ka posyandu biasa dijadikeun andelan ku pamaréntahan désa atawa kelurahan salaku kader anyar Golkar. Bérés pemilu? Nya biasa deui baé, paguyuban jempling deui.
Kumaha mangsa kiwari? Geus lain caturkeuneun, kiwari paguyuban remaja masjid level lembur geus jarang katénjo. Jaman milénial mah paguyuban ogé geus kudu milénial, mengglobal, atawa menasional. Para nonoman geus teu merlukeun deui paguyuban anu sifatna lokal lembur, maranéhna leuwih milih jadi anggahota ormas, OKP, paguyuban, jeung komunitas anu nyakup sa-nasional, sa-provinsi, jeung sa-kota.
Calagara anu diayakeun ogé geus tara nyoal kumaha cara ngamumulé jeung ngamajukeun lemburna sorangan, tapi geus mikiran kumaha carana ngamumulé jeung ngarawat kabanggsaan. Lain mikiran hal anu leutik deui, tapi geus mikiran hal-hal anu mémang pamohalan kahontal ku para nonoman anu cicingna aya di lembur.
Keterangan Photo
Sumber: Singgah Mesjid
Keterangan Photo
Sumber: Singgah Mesjid
Posting Komentar untuk "Remaja Masjid di Lembur"