Huntington jeung Kamunafékan Urang


Dina catur wulan katilu taun 1996, nalika nyuprih pangarti di SMANSA, kusabab kaluar kawijakan atawa régulasi anyar dina widang atikan, SMA kungsi disebut SMU, sistem semester dirobah jadi sistem catur wulan. Guru atawa sakola ngaévaluasi para siswa henteu genep bulan sakali, tapi tiap opat bulan.

Satadina, pamaréntah kalawan diluluguan ku Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan rék nyoba nyaluyukeun sistem pendidikan ti dasar nepika luhur sangkan sajurus. Ngan teu  lila kawijakan atikan anyar geus bral deui dibetuskeun ku pamaréntah.

Nya ari barudak jeung pamilon atikan mah arék model kumaha baé sistem atikan digugu baé. Anu juwet tangtu baé dinas jeung guru-guru di daérah, ganti kawijakan miboga harti ganti deui kurikulum, ganti deui buku, jeung ganti deui pakakas dina ngatik barudak.

Kuring moal nyaturkeun hal di luhur, pasualan anu aya patula-patalina jeung dunya atikan. Dina taun 1996, salah saurang ahli sosial ti Harvard, Samuel Huntington ngaluarkeun hipotésa anyar ngeunaan pasualan sosial kadunyaan, utamana kawijakan Amérika Serikat réngsé Perang Dingin, hiji mangsa nalika nagara-nagara komunis di wewengkon Éropa Timur ngaganti sistem, bentuk, jeung idéoligi nagara tina komunis kana nagara bangsa.

Pihartieunna mah, komunis geus ditumpurludeskeun ku politik liberal nagara bangsa. Amérika tangtu baé ngawujud jadi nagara bangsa super power, euweuh babandinganna. Nagara-nagara séjén kudu ngésto ka Amérika, teu bisa henteu.

Huntington nyebutkeun dina hipotésa-na, The Clash of Civilization, bancang pakéwuh nagara-nagara anu aya di dunya sanggeus Perang Dingin tetep bakal lumangsung lamun Amérika teu ngaluarkeun kawijakan anu sifatna handap asor, dipinuhan ku rasa kamanusaan. Dina ieu hal, Huntington sabenerna teu nyebutkeun, sanggeus Perang Dingin, adurengésna peradaban bakal pindah tina liberal vs komunis jadi liberal vs Islam. Anu diperedih ku Huntington dina hipotésana nyaéta sangkan Amérika bener-bener ngaluarkeun kawijakan anu sifatna handap asor jeung ngahurmat ka nagara séjén.

Di nagarana sorangan, utamana ku para élit politik Amérika, kusabab ngarasa geus pinunjul dina ngawasa ku alesan geus bisa ngaruntuhkeun Soviet,  teu nyatujuan kana hipotésa Huntington. Hartina, politik luar negeri Amérika mah moal robah, kitu jeung kitu baé. Moal ngantep ka nagara-nagara anu nyoba ngahahalang kana niat Amérika.

Kawijakan politik luar negeri Amérika salila lima taun ku ngayakeun agrési ka nagara-nagara teluk antukna manggihan hal anu disebutkeun ku Huntington. Al-Qaeda bral ka dunya  boga pancén merangan jeung ngalawan sakabéh kawijakan Amérika. Islam anu asalna diguar ku para sarjana Barat (kaum orientalis) ngan saukur tina widang atikan jeung pangaweruh mimiti ditalungtik kalawan politis jeung ditilik tina widang kakawasaan. Carita Perang Salib diguar deui, umat Islam anu teu apal cangkem kana nanaon ngahaja diajak ngaguar pasualan-pasualan kurang penting. Naon baé ditilik kalawan politis.

Kajadian 9/11 di Amérika beuki nguatkeun yén hipotésa Huntington mémang bener. Pacogrégan di dunya lain dilantarankeun deui ku pasualan idéologi tapi ku pasualan peradaban. Budaya minangka unsur kamotékaran hirup anu pang dasarna ditaksir ku Huntington bakal jadi biang masalah bralna pacékcokan antara Barat jeung Timur. Kadieunakeun mah domain pacékcokan geus pindah deui tina Barat vs Islam jadi Amérika vs China, sok sanajan lumangsungna dina pasualan ékonomi, tapi mawa pangaruh jeung silih pangaruhan kana hal séjén.

Nagara-nagara anu teu ilibiung tapi gampang kapangaruhan ku politik luar negeri dua nagara: Amérika jeung China kalolobaan rahayatna geus ngawujud jadi rahayat anu sompral, asa bener sorangan, jeung teu ajeg tatapakanna. Conto: masyarakat urang kusabab ngéwa ka China –mandang  salaku nagara komunis– antukna sok ngahubung-hubungkeun kawijakan nagara sorangan ku kekecapan: kawijakan nagara dikawasa ku China! Anéhna, sok sanajan perang pasar atawa perang ékonomi antara Amérika jeung China keur lumangsung tapi lolobana masyarakat di urang ogé bakal ngambek lamun dirina disebut ngarojong Amérika Serikat.

Hal séjén anu pikalucueun, ongkoh arambek ka Amérika jeung China tapi ampir tiap usik , hirup urang teu bisa leupas tina produk éta dua nagara. Atuh pantes ceuk katerangan agama: ngan jalma-jalma marunafék anu hirupna aya di awang-uwung, leumpang kawas anu teu napak, boga ceuli jeung panon tapi teu digunakeun.

Ayat-ayat dina al-Quran Surat Al-Baqoroh éta sabenerna ditujukeun lain keur pasualan politik tapi nuduhkeun kana sikep kalolobaanna urang (umat Islam) ayeuna anu geus marunafék dina kahirupan, ti mimiti kyai nepi ka umatna nya karitu kabéh, mikaceuceub ka batur tapi mikaresep kana produk batur (anu biasa disebut kafir). Sangkan teu disebut munafék nya gampang, paké ku urang barangna sabari teu kudu mikaceuceub ka nagara anu nyieun éta barang.

The Clash of Civilization tug nepi ka kiwari masih rélévan diguar lain keur ngadurengéskeun jalma ti hiji nagara jeung nagara séjénna. Leuwih ti éta keur mosisikeun diri urang sangkan leuwih merenah aya di beulah mana pernahna diri urang téh? Miboga budaya jeung peradaban anu mana? Arék ngagunakeun jeung ngamumulé budaya jeung peradaban anu mana? Atawa arék angger cicing matuh dina budaya munafék sakumaha anu tadi disebutkeun?

Posting Komentar untuk "Huntington jeung Kamunafékan Urang"