Pancer Budaya



Rebun-rebun geus muka situs BBC versi Basa Indonesia, aya hiji iber anu asa neunggeul kana hulu angen, matak seueul. Dumasar kana panalungtikan hiji lembaga,  nagara urang nempatan nomer ka-6 panungtung dina tabel "Kamotékaran Pamilon Atikan dina Widang Maca, Matematika, jeung Pangaweruh (sains)", sahandapeun Malaysia, sok komo jeung Singapura.

Peun, kuring moal ngaguar pasualan dunya atikan di ieu nagara, da aya hancenganna saha anu bisa ngaguar éta pasualan. Mending urang guar baé pangalaman sababaraha taun ka tukang, nalika mangsa SMA. Urang sebut baé, itung-itung ngamumule madzhab romantisme.

Geus jadi hiji trén dina taun 90-an katompérnakeun, barudak saentragan mikaresep kana lagu-lagu Barat. Harita mah K-Pop jeung sabangsana can pating pucunghul dina kahirupan. Kusabab can aya rupaning aplikasi –da puguh hénpon ogé acan dijual kalawan massal kawas kiwari- barudak saentragan pada harayang bisa ngagitaran lagu-lagu Barat anu keur meujeuhna kakoncara.

Harita, lagu-lagu génré alternative anu paling dipikaresep ku barudak jeung para nonoman. Paduli henteu pati ngarti kana eusi lagu jeung basana, anu penting ngeunaheun kana ceuli. Kasét masih kawilang mahal, lolobana barudak sok ngadon ngadéngékeun lagu dina radio galura FM. Kuring sorangan ngahaja meuli antene FM sangkan galura radio  luar kota (Bandung jeung Jakarta) bisa "katéwak".

Saméméh indit sakola, antara jam 6.00 nepika jam 6.30, galura MS3 atawa Hardrock FM pasti digeder. Kabeneran MS3 jeung Hardrock FM anu biasa nyetél lagu-lagu alternative unggal isuk. Geus langgana, lagu-lagu anu diputer dina éta waktu biasana Follow You Down (Gin Blossom), Turn My Head (Live), Don't Look Back in Anger (Oasis), jrrd. 

Kajaba ti radio, MTv ogé remen dilalajoan ku barudak saentragan, ngan hanjakal, lamun teu ngagunakeun parabola, siaran MTv diwatesan ngan kana dua jamna. Chord lagu mah bisa dicatet tina majalah-majalah khusus lagu, medalna sabulan sakali. Sakapeung sok ngahaja motocopy atawa ngahaja diserat dina buku. 

Lagu Doméstik

Lagu doméstik lain teu dipikaresep, justru dina taun 90-an katompérnakeun band-band doméstik saperti Dewa 19, Gigi, rif, jsb geus muka deui celah pinunjulna musik doméstik di nagarana sorangan sanggeus ampir sawindu ti awal taun 90-an dunya musik Indonesia diserang ku lagu-lagu Malaysia (Melayu). Duméh nalika ngalagu jeung ngadéngékeun lagu Barat mah asa "kerén", nya barudak leuwih mikaresep kana lagu-lagu Barat.

Lagu-lagu doméstik dipikaresep utamana ku para nonoman di lembur dina tungtung taun 90-an. Calagara anu mintonkeun lagu-lagu Indonesia dina RCTI, unggal poé Saptu geus pasti dilalajoan. Di lembur tatangga (Ciwaringin) aya anu ngahaja ngadegkeun radio FM Amatir, ti wanci sareupna nepi ka tengah peuting nyetél lagu-lagu Indonesia. Kertas aténsi keur ngarequest lagu ngahaja dibeulian, salambarna 100 pérak.

Saméméh réformasi jarang kacaritakeun jalma paraséa alatan pasualan politik jeung béda pamadegan dina widang 'kamandang hirup'. Paséana barudak harita biasana dilantarankeun ku sikep géngsi, perang antara hiji lembur jeung lembur séjénna ogé biasana dilantarankeun ku géngsi. Barudak leuwih anteng ngagugulung radio, tv, jeung lalajo maén bal saminggu sakali.

Lamun dititétan kalawan kacamata makro, pucunghulna réformasi (pasualan pulitik) teu leupas dina kurang taki-takina bangsa urang kénéh dina maca pasualan global. Réngsé "Perang Dingin" dumasar kana panalungtikan Huntington, kawijakan Amerika anu dikokoncoan ku para politisi geus teu bisa dibéré papagah deui ku para ahli, antukna para politisi Amérika nganggap nagara-nagara anu aya di wewengkon ASEAN kudu dijadikeun conto bralna résési ékonomi. Balukarna karasa nepi ka ayeuna, kusabab pasualan ékonomi, masyarakat gampang diadu-rengéskeun ku pasualan séjén; sosial, budaya, utamana pulitik.

Réngsé réformasi, cindekna dua nepi ka opat taun réngsé résési ékonomi kahirupan rahayat jadi mancawura teu kakandalikeun ku kawijakan pamaréntah. Stress lain saukur dialaman ku saurang individu, tapi geus kaalaman ku hiji bangsa. Togél mahabu, ampir lolobana masyarakat hayang ngalap untung ku cara gampang. Riungan nonoman jeung barudak lain ngaguar deui lagu, tapi dipaké ngodeu (coding) angka-angka anu bakal kaluar dina tiap malem Kemis. 

Geus mah kaayaan di masyarakat samodél kitu, der di puseur dayeuh, para politisi ramé ngawangkong, silih cakar ucapan, hambur bacot, dilalajoan ku masyarakat sagemblengna. Dina kaayaan modél kieu kacida wajar, binih-binih HTI (Hizbut Tahrir Indonésia) jeung kelompok-kelompok fundaméntalis nepi ka radikalis ngawurkeun solusi jalan kaluar kahirupan, anu sabenerna ngawang-ngawang. Nya teu jauh béda jeung PKI dina mangsa sababaraha taun ka tukang anu bisa nyebarkeun pahamna kusabab kaayaan nagara keur meujeuhna geunjleung.

Sapuluh taun lilana, ti taun 2000-2010, kasét jeung radio-tape geus jarang disetél ku masyarakat. VCD jeung CD ogé ngan saukur disetél keur nyinglar kakesel wungkul. Teu soson-soson ngaji jeung ngajiwaan kana kahirupan. Pasualan politik anu terus-terusan digederkeun, tina hiji jejer kana jejer séjén intina mah éta-éta kénéh.

Barudak leungiteun tapak jeung cecekelan budaya. Kusabab distorsi jeung infiltrasi anu dilakukeun ku agén-agén fundaméntalis dina kahirupan kacida kuat, "alam bawah sadar" barudak kapangaruhan ku hal-hal anu ku para agén fundaméntalis disangka aturan ti Alloh, padahal "maqosidus-syar'i"-na lain kadinya. Teu paduli, anu penting bisa mangaruhan barudak sangkan beuki loba "follower". 

Disrupsi dina kahirupan kiwari beuki mahabu dilantarankeun, jalma geus pada naringgalkeun akar jeung pancer pondasi budayana sorangan. Budaya disebut agama, ari kayakinan (jati) diapilainkeun. Nya wayahna, dina dunya atikan ogé bangsa urang bakal tetep katinggaleun ku nagara séjén, sakumaha hasil panalungtikan PISA (International Student Assessment) anu disebutkeun di luhur.
--
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Pancer Budaya"