Dina taun 1994 –harita kuring keur sakola di kelas tilu SMP–, salah sahihi band alternative Live medalkeun “single” pang anyarna Selling The Drama. Dina kaset anu dikomérsilkeun khusus di Amerika dieusi ku dua lagu iwal ti Selling The Drama nyaéta Lighting Crasher.
Dina waktu harita, éta dua lagu can kungsi diputer ku stasiun radio di ieu nagara. Kuring ogé bisa ngadéngékeun éta lagu duméh dina BBC galura SW sok ngahaja muter lagu-lagu anu kawilang anéh boh dina eusi ogé maksud éta lagu. Calagarana ogé ngan saminggu sakali.
Dua taun sanggeus “single album” Live dirilis, karék lagu-laguna bisa diputer di stasiun radio di ieu nagara. Bubuhan antara taun 1996-2000 génré alternative geus nepi kana mangsa kadigjayaanna.
Jilid atawa sampul kasétna midangkeun lukisan aliran surealisme, hiji aliran dina seni, sosial, jeung budaya anu ngébréhkeun hal-hal di luar nalar jeung réalitas, ngandung fantasi, saolah tiap jalma dibawa kana alam impian. Sebut baé, ngawang-ngawang.
Dina pangajaran élmu seni rupa SMP kelas hiji, rupaning aliran lukisan kungsi diguar, salah sahijina aliran surealisme anu dikokojoan ku Guillaume Apollinaire, Picasso, jeung saurang seniman ti Spanyol, Salvador Dali.
Dina buku seni rupa SMP sababaraha lukisanna dijadikeun ilustrasi, hanjakal dina buku harita henteu dicitak kalawan “full-color”, nya antukna obyék dina lukisan ogé kurang pati écés.
Aliran surealisme bral ka alam dunya mangrupa balukar beuki mahabuna pasualan-pasualan anu disanghareupan ku masyarakat di alam dunya.
Beuki kompléksna obyék jeung jejer dina kahirupan, sanggeus sajarah kahirupan ngaliwatan sababaraha mangsa ti jaman jahiliyah (dark ages), aufklarung, klasik, romantisme, nepi ka surealisme.
Kadieunakeun dibetuskeun ku Albert Camus, hiji kaayaan anu disebut absurd, anéh, jeung teu wajar.
Gambar dina “single album” band Live ngébréhkeun saurang jalma anu keur jamedud, ceuk kamandang kuring mah kusabab sikep bosen kana nalingakeun pasualan kahirupan anu dipinuhan ku adegan-adegan dramatis, sagala rupa pasualan bisa diciptakeun, dijual, dibeuli, jeung dipesen.
Hayang model kumaha jejer carita kahirupan di alam dunya, bisa diciptakeun ku saha baé anu keur nyekel kakawasaan.
Politik jeung Agama
Dua jejer anu silih ganti dina ngawasa kahirupan jalma sanggeus kahirupan manggihan alam sajarah museur kana dua hal: politik jeung agama.
Hal-hal séjénna saperti; ékonomi, sosial, jeung budaya bisa kagerus ku dua hal anu dianggap penting tadi.
Hartina, sing saha baé kelompok anu bisa ngandali jeung ngokolakeun politik miwah agama bakal ngawujud jadi pangawasa kahirupan, bakal bisa ngaréka-réka kahirupan boh ku cara “ngatasnamakeun” raja dina widang politik atawa “Gusti” dina widang agama.
Silih gantina dua éntitas antara politik jeung agama anu paling kuat pangaruhna mangrupa hiji hal anu biasa.
Di wewengkon Éropa, ti saprak agama Kristen dijadikeun agama resmi karajaan (Romawi abad ka-3 M), widang-widang kahirupan tara leupas dina jejer kaagamaan.
Lembaga agama anu dikokojoan ku para agamawan bisa mangaruhan kawijakan raja/kaisar ku dalil-dalil kayakinan sok sanajan dina cara nafsirkeunna teu rélévan jeung kahirupan dina mangsa harita.
Kamandangna dina cara nafsirkeun sagala rupa asal meunang nyatut tina kitab suci dianggap hal anu mutlak, teu bisa dirobah, teu bisa diusik-usik, komo dirempak. Kaayaan kitu ku para saintis jelas baé disebut mangsa poékna akal jeung nalar jalma.
Kurang leuwih 1500 taun lilana, masyarakat di wewengkon kulon bener-bener mintonkeun kahirupan anu dipinuhan ku pacogrégan dumasar kana hal anu teu sapira.
Jalma ngabralkeun kamandang panon poé mangrup puseur tata surya (Copernicus,jrrd) bakal manggih balitungan ku cara dibui, disiksa, nepi ka di duruk dirina.
Ngaguar rupaning pangaweruh, padahal asal-muasalna tina akar budayana sorangan diharamkeun. Saha baé teu meunang ngaguar pangaweruh anu dihasilkeun ku sarjana-sarjana Yunani Kuno.
Antukna, pangaweruh jeung pangaruh Yunani kuno leuwih dijaga jeung diulik ku para sarjana Islam abad pertengahan.
Nya lila-lila mah jalma-jalma anu aya diwewengkon kulon (Éropa) ogé mikir. karasa capéna, 15 abad lilana kahirupan ngan dieusi ku pasualan khurafat, sedengkeun kakuatan anyar anu asalna ti wewengkon Arab beuki pinunjul kusabab bener-bener museurkeun kana panalungtikan, ngaguar kitab-kitab klasik Yunani, jeung misahkeun antara politik jeung agama.
Penting dicatet, Islam jeung masyarakatna manggih kajayaan dilantarankeun ku hiji perkara anu penting, para sarjana museurkeun kana urusan kaélmuan, keun pasualan kakawasaan diurus ku jalma-jalma anu bener-bener konsérn kana politik.
Dina abad ka 17, Éropa nyidekkeun, widang kaélmuan kudu diserep deui ti para sarjana Islam anu geus boga jasa ngenalkeun kamandang-kamandang para filsul Yunani Kuno.
Seraphim jeung Cherubim salila 1500 taun dihartikeun kalawan tékstual mangrupa dua malaikat anu boga pancén ngajagaan karaton Alloh mimiti dibéré harti kalawan kontékstual.
Dua malaikat dina tradisi Yudaisme éta kudu bener-bener diaplikasikeun mangrupa dua hal anu bisa mawa kahirupan kana kamajuan: seraphim mangrupa pangaweruh, cherubim mangrupa hasil atawa prakték tina pangaweruh anu disebut téknologi.
Salila 3 abad, ti abad ka-18 nepi ka abad ka-20, wewengkon Éropa jeung Amérika bisa disebut bener-bener manggih kamajuan dina kahirupan.
Réngsé révolusi Industri disusul ku Révolusi Prancis, sagala hal anu dianggap kuno jeung khurafat ditinggalkeun, Éropa bener-bener kudu museurkeun kana pasualan kumaha carana sangkan jalma bisa ngandali alam sakumaha anu kungsi diucapkeun ku para sarjana Yunani Kuno.
Teu cukup nepi ka dinya, kamajuan dina widang pangaweruh jeung téknologi anu dihasilkeun ku sababaraha saintis (sarjana Éropa) dimangpaatkeun ku para politisi dina dékade ka dua abad ka-20 keur nyumebarkeun kakawasaan ku cara ngalindes nagara séjén.
Ngajajah bangsa séjén anu aya di wewengkon luar Éropa teu kudu dilakonan deui, hal anu penting nyaéta hiji nagara bisa meruhkeun nagara anu boga pangaruh ka nagara-nagara jajahan. Teu kungsi nunggu 4-5 abad, Éropa manggihan kaayaan anu leuwih rongkah tibatan mangsa abad pertengahan.
Lamun dina abad pertengahan loba jalma anu tilar dunya (kurang leuwih 40 juta urang) dilantarankeun ku panyakit (black-death, cacar, TBC, jrrd) dina abad modérn, 60-80 juta jalma perlaya dilantarankeun ku perang, silih cakar, jeung bom anu dibeledugkeun.
Salila Perang Dunia I jeung II, seraphim diwujudkeun jadi barang anu bener-bener dilingkung ku seuneu. Cherubim ngawujud jadi rudal jeung nuklir anu nandasa sasama.
Kalawan teu rumasa salah, dina taun 1940-an nagara-nagara anu geus numpurludeskeun kahirupan ngaluarkeun kamandang: STOP WAR! Eureunan perang.
Kahirupan bener-bener mangrupa hiji drama sakumaha anu disebutkeun ku Live dina Selling The Drama. Kaayaan éropa salila abad pertengahan dina mangsa kiwari keur kaalaman ku bangsa urang. Arék diaku atawa henteu.

Posting Komentar untuk "Seraphim Jeung Cherubim"