Masyarakat Manunggal Teu Nyembah Panon Poe


Sabenerna ieu pasualan kungsi diserat sababaraha taun ka tukang, hiji kaayaan anu ngébréhkeun yén karuhun urang teu boga pamadegan, sok komo kayakinan migusti kana barang anu aya di ieu alam. Ngan kusabab kiwari geus remen jul-jol jalma anu ngaguar kasundaan ku cara pabéja-béja bari teu dileunyepan atawa henteu dibeuweung diutahkeun antukna boga anggapan saolah karuhun urang téh kungsi ngagem dinamisme.

Ngalenyepan kahirupan miboga harti sagala rupa kudu diténjo kalawan asak sasar. Sok komo nalika ngamandangkeun hiji kayakinan, ulah nepi ka urang nyirénkeun pisan salaku jalma anu keur mabok ku kayakinan. Sakali mangsa kudu bisa mosisikeun diri, urang hirup dina mangsa buhun tuluy korélasikeun jeung kahirupan ayeuna. Da mesin waktu ngan saukur aya dina film Time Machine, nya keur nyusud kahirupan mangsa ka tukang kari niténan kanu aya kiwari. Contona, masyarakat Baduy Dalam mangrupa prototipe kahirupan masyarakat Sunda Buhun teu kungsi kacaritakeun yén maranéhna ngagem kayakinan migusti ka panon poé. Masyarakat adat anu aya di ieu wewengkon anu masih nyekel pageuh tali paranti karuhunna asa can kacaritakeun maranehna migusti kana srangéngé (Sol Invictus atawa Amun Ra).

Ku hal samodél kitu ogé geus bida kapanggih laratan, yén karuhun urang mah lain masyarakat anu migusti ka alam. Sabalikna, karuhun urang mangrupa masyarakat anu mupusti alam. Sababaraha literatur di Nusantara arék dina prasasti, buku-buku buhun, jeung relief candi teu kungsi kacaritakeun ayana ageman atawa bentuk pamujaan kana panon poé dilakonan ku masyarakat urang.

Sawatara urang Sunda aya anu katalikung ku sababaraha térma, umpamana Rama, Ratu, jeung Rasi. Majar éta tilu kecap téh dicokot tina ngaran déwa Ra. Kecap Rama miboga dua engang Ra jeung Ma, Ra hartina déwa panon poé jeung Ma hartina ngaping. Padahal geus jelas, tilu kecap tadi mangrupa konsép tri-tangtu dina kahirupan. Euweuh patula-patalina jeung Amun Ra. Keur masyarakat Sunda buhun, kecap Ra lain harti panon poé, ieu leuwih nuduhkeun kana pasifatan; bodas, caang, jeung beresih. Kecap Sunda euweuh gantar kakaitanna jeung Sunday (poé disembahna panon poé). Nya ari saukur nyocok-nyocokkeun atawa cocokologi mah saha baé ogé bisa. Jeung moal aya anu ngulahkeun salila keur cekelan sorangan.

Jadi dina lebah ieu, kecap Ra ngalaman peyorasi, tina pasifatan kana hal-hal fisik malah bisa disebut robah harti tina anu sakuduna. Naha atuh masyarakat Mesir Kuno migusti ka déwa Ra? Kayakinan Mesir Kuno ngalaman morfologi, maranéhna ngalaman fase-fase kayakinan nepi ka ngalaman kudu ngarobah ogé kana naon jeung ka saha kudu migusti. Ti kakawasaan hiji Fir’aun ka Fir’aun séjénna, kayakinan jeung ageman urang Mesir Kuno ngalaman robah. Akhnaton kungsi ngajak masyarakat Mesir Kuno sangkan nyekel pageuh ajaran monotheis, kadieunakeun dirobah deui ku turunannana sangkan ngagem deui polytheisme.

Panon Poé Salaku Sol Invictus

Masyarakat buhun salian ti Sunda bisa disebut wajar migusti kana srangéngé sabab jauh saméméh pangaweruh astronomi diagem ku jalma, masyarakat leuwih tiheula ngembangkeun astrologi jeung mitologi. Hal-hal anu aya di langit dipigusti dumasar kana kamangpaatanna. Panon poé tangtu baé leuwih gedé mangpaatna ka manusa, cahaya panon poé dianggap salaku sumber kahirupan. Panon poé mangrupa Surya anu moal aya tandinganna. Panon poé leungit, kahirupan di bumi tangtu milu sirna. Di wewengkon beulah wétan, bral kayakinan anu sarua, di Jepang mah panon poé dijadikeun simbul nagara. Aya anggapan yén kaisar mangrupa teureuh déwa panon poé. Kayakinan ieu sumebar ka sakuliah dunya anu aya di wewengkon kulon samodél Mesir. Saheuteuna, di masyarakat buhun geus nyekel kayakinan yén di luar diri manusa aya hiji kakuatan rongkah jadi sumber kahirupan di bumi.

Masyarakat Arab buhun ngalap mangpaat tina cahaya bulan. Kaum Bedewi jeung masyarakat nomad kacida merlukeun hadirna cahaya bulan nalika maranéhna indit-inditan dina wanci peuting. Maranéhna milih indit-inditan dina wanci peuting lantaran kudu ngaliwatan sagara keusik anu kacida leuga keur nepi ka tujuan. Pamohalan dilakonan dina wanci tengah poé, keur meujeuhna panon poé manceran. Teu saeutik masyarakat Arab buhun anu ngajadikeun bulan salaku gusti anu kudu disembah. Henteu béda jeung masyarakat Mésopotamia, astrologi dicekel pageuh ku kaum agamawan jeung ilmuwan Mésopotamia. Posisi béntang dijadikeun anceran keur ngitung usum. Nya antukna maranéhna migusti kana béntang sabab geus méré mangpaat leuwih ka maranéhna.

Kayakinan di luhur saterusna ngalaman fase robah sakaligus beuki sumebar jeung dijadikeun hiji kayakinan ku mayoritas jalma nepi ka abad ka 5 M. kaayaanna henteu jauh béda jeung mangsa kiwari nalika séwang-séwangan anu ngagem agama nyumebarkeun pangaruh ka sakuliah dunya. Agama jeung kakawasaan ti mangsa ka mangsa saolah teu bisa misah. Ku kaum modérnis abad ka-17, kayakinan-kayakinan masyarakat buhun disebut paganisme.

Mupusti Alam

Iwal ti golongan anu migusti alam, dina mangsa rébuan ka tukang aya ogé masyarakat anu leuwih milih ngagem konsép mupusti alam. Hartina, antara kahirupan manusa jeung alam silih rojong, aya simbiosis mutualisme. Kadieunakeunna bral kayakinan: jagat ageung jeung jagat alit, dua hal anu pamohalan bisa dipisahkeun. Jalma salaku jagat alit boga kawajiban mupusti alam salaku jagat ageung. Hubungan duanana sarimbag atawa horisontal lain vertikal. Jadi kawajiban jalma ngan ukur nyieun tarékah kumaha cara mupusti ieu alam lain kudu migusti. Cara mupustina ku rupaning hal, di antarana alam diraksa jeung diriksa sakumaha diri manusa ngajaga kana dirina sorangan.

Masyarakat  agraris samodél di ieu wewengkon, nyiapkeun sasajén, meuleum meunyan, jeung mapatkeun jampé lain maksud migusti tapi mupusti alam. Nganggap antara diri jalma jeung alam sabobot sapihanéan. Sangkan leuwih nyata, masyarakat buhun merlukeun simbul. Nya sarua jeung masyarakat modérn anu teu bisa jauh tina rupaning simbul. Contona  urang, sangkan diaku salaku umat anu ngagem hiji kayakinan, urang diperedih kudu mintonkeun simbul-simbul anu aya patula-patalina jeung kayakinan anu keur diagem.

Kayakinan anu dicekel pageuh ku golongan kadua ieu, maranéhna percaya yén alam dunya aya anu nyiptakeun jeung mulasara. Hal anu moal kahontal ku akal, moal karampa ku indra, jeung moal bisa diwatesan ku matéri. Perkara anu disebut “tan kena kinaya ngapa”, moal katerap ku ayana sabab jeung akibat.

Kumaha cara masyarakat buhun bisa nepi kana pamikiran samodél di luhur? Mangrupa hiji papastén dina tiap mangsa jeung masyarakat bakal aya jalma-jalma anu linuhung ku pangaweruh. Jalma-jalma anu geus masrahkeun dirina kana galura kahirupan. Jalma-jalma anu geus bisa mukakeun hahalang antara dirinya jeung Gusti Alloh. Sok komo dirojong ku kaayaan alam di wewengkon Nusantara, bisa disebut nurub cupu keur menekung kanu Maha Agung. Jauh saméméh monotheisme diagem ku masyarakat di Timur Tengah, karuhun di ieu wewengkon geus leuwih tiheula ngedalkeun konsép: hyang tunggal. Lain hal anéh nalika agama-agama séjén anu mawa kayakinan monotheis asup ka ieu wewengkon bisa katarima ku masyarakat.

Masyarakat Tauhid (Manunggal)

Agama naon baé anu asup ka ieu wewengkon saolah ngalaman heula filtrasi, cara keur misahkeun mana anu disebut ajaran jeung hal naon anu disebut budaya. Hindu jeung Budha anu diagem leuwih tiheula ku masyarakat buhun ditarima saripati ajaranna. Teu sagemblengna diteureuy buleud. Masyarakat Hindu jeung Budha di ieu wewengkon keukeuh nyeukeul pageuh yén maranéhna ngan sumujud ka hyang widi, hal anu ngersakeun sagala perkara. Islam sumebar di ieu wewengkon sarua ngalaman filtrasi, malahan para wali jeung ulama anu asalna ti wewengkon Arab ngaganti ngaran ku landihan anu loyog jeung budaya di ieu wewengkon.

Budaya anu geus dicekel pageuh ku masyarakat tetep nanjeur. Konsép agama salaku rahmat keur alam dunya éstuning dijadikeun pancer ku para wali dina nyumebarkeun Islam sagulung-sagalang jeung masyarakat anu geus leuwih tiheula nyekel kayakinan buhun. Sumebarna Islam di ieu wewengkon henteu dirorocét ku cara maksa sangkan budaya anu jadi pancer kahirupan masyarakat dileungitkeun tuluy diganti ku budaya deungeun anu euweuh chemistrina jeung masyarakat di urang. Para wali boga pamikiran, Islam mangrupa béas: bisa diasakan jadi naon baé, bisa jadi sangu, wuduk, bubur, ranginang, jrrd. Para wali boga anggapan, Islam datang ka ieu wewengkon lain keur meupeuh budaya masyarakat tapi keur nyipuh masyarakat sangkan dina dirina dipinuhan ku welas jeung asih. Sikep anu mémang geus jadi cekelan masyarakat di urang.

Cindekna, bisa disebut gagabah nalika aya golongan anu  boga anggapan yén karuhun urang mangrupa masyarakat anu migusti ka panon poé. Sarua jeung gagabahna jeung jalma-jalma anu keukeuh boga pamadegan hayang ngaganti budaya di ieu wewengkon ku budaya deungeun. Kecap Bhineka Tunggal Ika geus nuduhkeun yén konsépsi katauhidan, manunggalna jalma kalawan rupaning dedeg, pangadeg, tagog, jeung eusi sirah geus ngawujud jeung diwujudkeun ku karuhun urang di ieu wewengkon.          

Posting Komentar untuk "Masyarakat Manunggal Teu Nyembah Panon Poe"