Tiap lembur, wewengkon, mangsa, jeung jaman miboga ciri séwang-séwangan dina mapag jeung ngeusi bulan puasa. Malahan lamun jaman kudu disapih ku dua kaayaan, tradisional jeung modérn, kaayaan puasa ti mangsa ka mangsa tangtu baé miboga ciri anu kawas béda.
Alam jeung kaayaan pilemburan masih kentel ku kabiasaan tradisional. Ngan ku ukuran kiwari mah geus jarang deui lembur anu éstu bisa disebut masih nyekel pageuh kabiasaan tradisional. Kabiasaan tradisional boga ciri utama, dina usukan-asakan masih ngagunakeun pakakas-pakakas tradisional di antarana; hawu, sééng, aseupan, dulang, boboko, jsb.
Nyangu mangsa kiwari anu ngagunakeun pakakas modérn tangtu jauh pisan bédana jeung usukan-asakan ku cara tradisional. Nyangu ku magic jar mah awak henteu kudu lukut-lékét ku késang balas mirun seuneu, meulahan suluh, jeung kudu nungguan hawu anu ruhay bisi pareum seuneuna.
Kiwari mah, kari ngisikan béas, caian sameujeuhna, asupkeun kana magic jar, colokkeun kana setrum, tinggalkeun, asak wéh. Enya da kudu kitu, ngaranna ogé magic jar (sihir jaman kiwari). Lamun teu kitu nya ulah magic disebutna.
Masyarakat tradisional pilemburan, nepi ka taun 80-an lolobana masih ngagunakeun pakakas tradisional dina usukan-asakan. Teu héran nalika bulan puasa, anu jadi kolot –dina usukan-asakan téh– sok pajanari-janari. Babakuna jadi kabiasaan, dahar sahur ogé pajanari-janari di lembur mah.
Udaganna lain kusabab ngarempak salah sahiji hadits Rosul anu ngajelaskeun: dahar sahur mah kudu dipandeurikeun, ieu mah éstuning sangkan nyalsé baé. Sahur pajanari-janari téh sangkan teu gura-giru, teu kabeurangan, jeung laluasa dina ngokolakeun waktu saméméh subuh.
Kabiasaan (custom) masyarakat tradisional samodél di luhur geus tangtu béda jeung masyarakat modérn. Iwal geus pada apal kana hadits kudu ngaahirkeun dahar sahur ogé geus henteu kudu riweuh deui ku usukan-asakan sieun sangu teu asak tuluy wanci kaburu subuh. Kiwari mah ngasakan sangu bisa dilakonan sabari facebook-an, médsosan, atawa lalajo tivi.
Kabiasaan anu henteu jauh béda antara alam tradisional jeung modérn tug nepi ka kiwari nyaéta masigit dipinuhan ku jamaah anu nedunan solat tarawéh dina minggu kahiji bulan puasa. Masigit haneuteun jeung ramé lain kusabab pepekna jamaan wungkul, ditambah ku barudak anu ngadon maroyég jeung heureuy nalika solat tarawéh. Ngucapkeun amin ogé apanan sok patarik-tarik jeung papanjang-panjang.
Mangsa kiwari ogé henteu jauh béda dina pasualan éta mah. Ngan tetep baé, geus masyarakat anu geus kasebut generasi baby boomers jeung generasi x mah, loba pisan kabiasaan tradisional salila puasa anu teuing iraha bisa kaalaman deui. Jaman kiwari mémang keur mihak ka generasi milenial.
Iwal kabiasaan dahar sahur pajanari-janari, teu saeutik ogé masyarakat anu boga anggapan, waktu awal puasa téh lamun sora manuk piit geus ricit di sawah. Anggapan samodél kitu bisa waé dilantarankeun masih can nepi pedaran definisi atawa harti puasa ceuk fikih ngeunaan puasa.
Sok komo lamun ku urang dititénan kalawan daria, kumaha cara jeung prakna wali songo dina nyebarkeun ajaran Islam ka masyarakat anu bener-bener can kungsi apal kana ajaran Islam. Tangtu baé merelukeun tanaga jeung pikiran anu genuin jeung pohara sangkan Islam bisa katarima jeung ngawujud jadi ajaran anu disebut wijaksana ka manusa.
Munggahan
Geus jadi babasaan masyarakat di urang, sapoé saméméh bulan puasa disebut munggahan. Kalawan letterlijk, kecap mungguhan miboga harti “pindah ka tempat anu leuwih luhur”, hal ieu dumasar kana kanyataan yén anu disebut munggahan geus pasti lumangsungna dina tanggal panungtung bulan Rewah atawa Syaban. Kadieunakeun mah, kecap unggah ieu digunakeun dina istilah téknologi informasi keur méré harti kana kecap upload.
Dina munggahan, masyarakat geus tatahar jeung nyiapkeun sagala rupa kaperluan dina raraga mapag bulan puasa. Geus biasa dina ieu poénan sarupaning ingon-ingon dipeuncit, lamun teu kitu biasana sok ngahaja meuli daging kiloan di pasar. Udaganna lain nanaon, poé kahiji bulan puasa mah kudu dahar atawa sahur jeung daging. Geus puguh ku ukuran mangsa bihari mah anu disebut ngonsumsi daging kacida jarang.
Bisa kaitung iraha baé waktuna masyarakat ngonsumsi daging; poé kahiji puasa, lebaran, nalika dibagi rapot di sakola, jeung nalika gering. Sakapeung sok mikir, naha anu gering maké kudu dibéré jeung dititah dahar jeung daging, apanan sakuduna mah ngadahar daging hayam mah ngeunahna nalika awak séhat? Nya, ambéh gancang séhat deui meureun, kitu pikiran kolot-kolot mangsa harita.
Dina wanci lingsir ngulon, kaperluan keur usukan-asakan geus sayagi. Daging hayam, munding, jeung sapi geus dibersihan. Samara geus kumplit, kari ngaréndos dina coét, lamun kiwari mah ngaréndosna ku blender. Hawu geus ruhay ku seuneu, kaayaan lembur sareungit pacampur bau antara haseup suluh anu masih garing jeung olahan. Barudak ogé ilubiung ngaramékeun lembur, biasana arulin di lapang sakola agama atawa di kebon handapeun tangkal gombong.
Biasana récét jeung réangna barudak lumangsung nepi ka wanci kalangkang satangtung, waktu nuduhkeun manjing asar. Barudak anu can mandi atawa kuramas saméméh puasa sok dibawélan kunu jadi nini atawa indungna ku ucapan: rék nyanghareupan puasa, diri urang kudu beresih lahir jeung batinna!
Bener, mandi kuramas saolah geus jadi kawajiban dilakonan ku urang lembur saméméh nedunan ibadah puasa. Kuramas nyaéta beberesih, mandi, adus, diangir, diroskam ku batu, cindekna awak kudu bersih. Henteu jauh béda sabenerna jeung tradisi umat Hindu susuci ku titha (cai). Tina kecap suci ieu ngabralkeun kecap turunan “cuci”, tah dina mangsa sasalad korona kawas ayeuna mah “cuci tangan” nyucikeun leungeun diwajibkeun ku aturan 3M. Ampir kabéh kayakinan miharep ka umatna sangkan jadi jalma anu suci lahir jeung batin, sok komo nalika arék nyanghareupan hal-hal anu diperedih pisan ku ajaran agama, umpamana arék puasa.
Atuh nalika awak geus beresih, reugreuh haté da pangbeubeurat diri geus leupas. Iwal mandi, kabiasaan anu wajib dilakonan saméméh puasa nyaéta silih lubarkeun tina kasalahan. Hal ieu mangrupa tarékah keur ngaberesihan batin. Aya éta ogé anu boga anggapan, silih lubarkeun tina kasalahan mah engké baé dina mangsa lebaran. Padahal anu diperedih ku ajaran mah justru silih lubarkeun tina kasalahan mah sakuduna dilakonan saméméh prakna puasa. Tapi da sakuduna ari silih hampura mah unggal poé.
Geus sagala disiapkeun, kadaharan keur sahur ogé sayagi, mandi jeung beberesih réngé dilakonan, kari siap-siap ngalaksanakeun solat tarawéh. Kolot budak, lalaki awéwé ngabring ka masigit jamé, jalan ogé haneuteun, pangeusi lembur saruka bungah ngabagéakeun kadatangan bulan puasa.
Cag.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur (Hanca Kahiji)"