Dua taun ka tukang, saurang pamilon atikan nanya: Bapa, naha anu dijadikeun lambang nagara téh Garuda? Apanan seueur sasatoan sanésna anu aya di ieu nagara?
Lamun nilik kana mitologi, Garuda mémang hiji manuk anu bisa disebut mahluk mitologi. Di Bali mah diilustrasikeun kana hiji patung anu katelah Garuda Wisnu Kencana (garuda mangrupa manuk anu diandelkeun ku Dewa Wisnu).
Ampir kabéh nagara, malahan karajaan-karjaan kuno geus biasa ngagunakeun mahluk mitologi keur simbul jeung lambang nagara atawa karajaan. Hartina, memang anu disebut lambang jeung simbul mah kudu kawilang ahéng sok sanajan hiji hal jeung anu dimitoskeunna bisa baé béda.
Alesan pentingna mah karuhun-karuhun urang Indonesia mémang permana tinggal, asak sasar, jeung bisa nganjang ka pagéto. Saolah geus jadi hukum jeung papastén tug nepi ka kiwari can aya jalma atawa hiji kelompok anu mintonkeun manuk Garuda dina calagara sirkus. Gajah, singa, maung, jeung sato séjénna mah mindeng pisan kalalajoan diperuhkeun ku jalma/pawang sato.
Sok sanajan lolobana jalma nyebut Garuda mangrupa mitos, ngan ceuk kuring sorangan Garuda memang kungsi aya di kieuna. Alam ide jalma moal bisa nyebutkeun hiji hal anu can kungsi aya. Plato nyebutna dunya ide, hiji dunya anu kungsi karandapan ku tiap jalma. Ngan kusabab jalma mah loba kakeunaan ku sipat pohoan, antukna nya poho kana alam anu kungsi kaalaman ku dirina sorangan. Kadieunakeun mah, wanoh ka diri sorangan di alam marcapada ogé kacida hésé.
Ceunah mah, alam marcapada mémang mangrupa pangbérokan anu nalikung jalma ku rupaning hal anu katénjo (matéri). Jalma moal waka pati percaya kana rupaning hal anu can kaalaman ku dirina sorangan, karampa, jeung katénjo ku panon lahir. Bener, disebutna ogé marcapada (sagala nyata), bruk-brak, jeung kongkrit.
Dina mangsana mah Garuda bakal mébérkeun deui jangjangna, ngapung ngajomantara, taya karingrang. Lain saukur simbul atawa lambang kaagungan nagara wungkul. Carana? Nya urang kudu siap balik deui ka alam anu kungsi kasorang ku para karuhun urang miliaran taun ka tukang.
Di alam marcapada (matérialis), anu dijéntrékeun di luhur bakal disebut hal anu ngawang-ngawang jeung pamohalan bisa kasorang jeung kaalaman. Hartina, urang mémang kumpulan jalma anu gampang putus harepan, gampang pisan kabongroy ku rupaning anu –saolah- kaharti ku pikir jeung kahontal ku akal.
Sarua héséna jeung ngawujudkeun ide-ide anu aya dina dada Garuda kana dunya nyata jeung kahirupan sapopoé.

Posting Komentar untuk "Garuda"