Sistem Atikan di Nusantara





Saméméh masyarakat ngagunakeun kecap sakola di ieu wewengkon, masyarakat Sunda béh ditu bisaa ngagunakeun kecap iskola keur nyebut sakola anu diadegkeun ku Walanda. Arék Iskola atawa sakola mangrupa kecap serepan tina Basa Latén, scolae, pihartieun saujratna mah ngalakonan hiji hal keur ngeusi waktu. Hartina, sakola dilakonan ku masyarakat réngsé migawé hal anu leuwih penting.

Iskola atawa sakola anu diadegkeun ku Walanda bisa disebut ngan salah sahiji sistem atikan di ieu wewengkon. Aya sababaraha sistem atikan di Nusantara anu kungsi kacatet dina sajarah jeung henteu éléh ku sistem atikan modérn. Malah lamun dibandingkeun antara sistem atikan tradisional jeung modérn, jigana leuwih pinunjul sistem atikan tradisional sabab geus mampu nyitak jalma-jalma anu miboga pangarti jeung pangaweruh.

Salah sahiji hal anu ngabédakeun sistem atikan tradisional jeung modérn nyaéta métode anu diajarkeun ku pranata atikanna. Sistem atikan tradisional henteu saukur ngatik pamilon ku pangarti wungkul, ogé dibarengan ku kaweruh. Saimbang antara ningkatkeun kakuatan akal jeung ruhani (haté). Sistem atikan modérn ogé sabenerna kitu, ngan kusabab tungtutan jaman, antukna leuwih meredih pamilon atikan sangkan ningkatkeun préstasi ku kakuatan akademik, kapinter anu dipangaruhan ku angka atawa peunteun.

Saméméh medar leuwih jauh ngeunaan sistem atikan tradisional, kudu diguar heula alesan utama Walanda ngadegkeun sakola. Walanda ngadegkeun sakola di Nusantara dipangaruhan ku kawijakan politik étis atawa politik “balas budi”. Sok sanajan antara wawales ku ngadegkeun sakola jeung sikep sarakah Walanda ti saprak ngajalankeun usaha di ieu wewengkon, ngeruk sumber daya alam jeung sumber daya manusa, mémang moal sabanding. Ngeruk sumber daya alam ku kedok impérialisme mangrupa kajahatan teu bisa ditutup ku sikep alus (politik étis). Hartina antara politik étis jeung kajahatan Walanda mangrupa dua hal anu béda.

Di sagigireun éta, politik étis ku ngawangun sakola-sakola modérn, asalna mémang digunakeun ku Walanda keur ngatur barudak jeung nonoman di Hindia Belanda sangkan bisa ditalukkeun, diperuhkeun, jeung dijadikeun badéga anu barisa maca, nulis, jeung ngitung. Ngawanohkeun budaya Éropah ka barudak di Nusantara ngaliwatan dunya atikan, salah sahijina nyaéta aksara latén anu digunakeun ku urang nepi ka danget kiwari.

Sakola anu diwangun ku Walanda ogé mangrupa tarékah sangkan rahayat di Hindia Belanda barisa maca kana aturan-aturan anu dijieun ku Walanda. Ku ayana masyarakat anu bisa maca, hartina Walanda geus henteu kudu deui nyosialisasikeun aturan hirup produk maranéhna ka bangsa urang. Walanda kari nulis, tuluy aturan-aturan anu dijieun ku maranéhna dibaca ku rahayat. Malahan sakola mangsa harita dijieun keur nyitak rahayat anu siap digarawé, jadi ambteenar (pamong) keur ngabantu masalah administrasi Walanda.

Jigana, kusabab sistem atikan produk Walanda masih kuat mangaruhan kahirupan masyarakat nepi ka danget ayeuna rata-rata jalma boga pikiran sakola nepi ka paguron luhur téh sangkan ka hareupna henteu hésé-hésé teuing dina néangan pagawéan. Malahan, sakola dina mangsa harita dibédakeun dumasar kana status sosial. Sihoréng, anu disebut sakola unggulan jeung teu unggulan téh mémang geus aya ti jaman Walanda kénéh.

Tuluy, kumaha ari sistem atikan tradisional–kuno? Sistem atikan kuno geus lumangsung sababaraha taun saméméh maséhi di ieu wewengkon. Jinisna nyaéta padépokan jeung padukuhan. Dua pranata atikan ieu dibédakeun ku pamilon atikanna, padukuhan mangrupa sakola tingkat dasar, ngatik masyarakat di alam bébas, bisa di imah, di buruan, atawa di mana baé. Henteu béda jeung calagara sosialisasi, pangajian, seminar, kuliah umum, ngan dilakonanannana lain di hiji rohangan. Ku sistem padukuhan, rahayat di Nusantara diwanohkeun kana aksara. Anu matak kacida anéh waktu Walanda ngaklaim yén rahayat di ieu Nusantara masih tuna aksara ku perspéktif budaya maranéhna (Eropah anu ngagunkeun aksara latén).

Iwal ti padukuhan, sistem atikan kuno di ieu wewengkon ogé ngadegkeun padépokan. Lain saukur pangarti, pamilon atikan dibekelan ku kaweruh. Para pamilon atikan diperedih ku maharesi sangkan jadi jalma paripurna. Hasil nyata tina sistem atikan padépokan nyaéta ngadegna sababaraha candi jeung sistem sosial di ieu wewengkon. Hal lainna anu geus ngawujud ku sistem atikan padepokan tradisional nyaéta karuhun urang bisa nyiptakeun hal penting anu karasa manfaatna dina hirup umpamana kalénder jeung aksara.

Hanjakal, sanggeus bangsa-bangsa deungeun utamana Walanda datang ka ieu wewengkon, sistem sosial, budaya, jeung titinggal karuhun dianggap kuno jeung katinggaleun jaman. Bangsa urang antukna boga sifat éra ngagunakeun titinggal karuhunna sorangan, da boga anggapan tradisional jeung teu loyog dina kahirupan. Bangsa urang leuwih ngawaro kana ucapan Walanda anu nyebut animisme jeung dinamisme kana sistem religi anu geus dijieun ku lulusan padépokan.

Sistem atikan tradisional pada naringgalkeun ku masyarakat iwal pasantrén, sanggeus Walanda ngadegkeun sakola, ti tinggkat dasar nepi ka paguron luhur. Masyarakat diwanohkeun kana budaya dengeun anu teu boga iketan organis lahir batin jeung jati dirina. Dina diri masyarakat urang diciptakeun sikep leutik burih jeung éra ku dirina jeung budayana sorangan, padahal bukti anu nyata aya dina kongkolak mata lamun karuhun-karuhun urang mangrupa jalma-jalma pinunjul.

Nepi ka tahun 1500-an, bangsa deungeun kacida héran ku sistem sosial di Nusantara sabab nempatkeun bangsa deungeun (asing) aya dina kelas sosal ka-6 atawa mleccha. Bangsa deungeun teu dibéré lolongkrang atawa gerak keur ngurus nanaon ari lain urusan dagang mah. Ku sistem sosial samodél kieu, kaciri luhur ajén jeung inajénna karuhun ieu bangsa sabab teu boga sifat ngarasa aya handapeun bangsa deungeun. Sistem atikan tradisional geus nempatkeun jalma salaku jalma anu boga wiwaha jeung wibawa.

Sistem sosial anu geus dihasilkeun ku jalma-jalma kaluaran padépokan jeung padukuhan diancurkeun ku sistem sosial deungeun anu dijieun ku Walanda. Sistem sosial tradisional nempatkeun jalma-jalma anu kasipuh ku pangaweruh jeung kaeusi ku pangarti aya dina tingkat kahiji, sistem sosial anu diciptakeun ku Walanda mah kelas sosial kahiji ditempatan ku jalma anu boga harta jeung pangkat (ménak). Di masyarakat Nusantara kuno, jalma bakal dipihormat lamun beuki linuhung élmuna, sabalikna dina mangsa Walanda kumawasa, jalma anu loba harta jeung boga pangkat anu kudu dipihormat.

Sangkan bener-bener jadi bangsa anu “minder”, bangsa urang ditempatkeun ku Walanda dina tingkat ka-3 sanggeus bangsa deungeun. Balukarna, bangsa deungeun bisa sangeunahna nyeceléh jeung rumasa aing. Sémah bisa meulian taneuh, ngajago, jeung unghak campelak ka bangsa urang anu geus diturunkeun darajatna. Dina sistem sosial Nusantra kuno, bangsa deungeun salian ditempatkeun dina kelas mleccha ngan bisa buburuh jeung teu bisa unghak campelak ka bangsa urang.

Naon au geus dihasilkeun ku sistem atikan modérn? Ngan saukur sikep minder ka bangsa deungeun, tug nepi ka kiwari. Saleuwihna sikep tuturut munding kana budaya deungeun, ninggalkeun budaya sorangan.

Paguron luhur anu ngajarkeun téknik mesin naha bisa nyieun mobil jeung pakakasan séjénna? Henteu. Sistem atikan tradisional teu ngaluarkeun sertifikat jeung ijazah tapi geus ngahasilkeun alumni-alumni anu bisa ngawujudkeun dirina salaku “bangsa besar” ku karya nyata anu bisa katénjo nepi ka kiwari. Candi Borobudur émangna dijieun ku jalma-jalma bodo, kitu? Wanguna anu weweg tur miboga arsitéktur “ruwet” geus pasti dijieun ku jalma-jalma anu ngarti kana géométri. Lain digawéan ku saurang atawa dua urang.

Sakali deui, naon anu geus dihasilkeun ku sistem pendidikan modérn salian ti ngaluarkeun ijazah? Aya henteu lulusan paguron luhur, ceunah keur asup ka paguron luhur éta ngaliwatan seléksi, bisa nyiptakeun produk samodél Candi Borobudur? Aya henteu hasil sakola modérn anu ngaronjatkeun ajén jeung jati diri bangsa sangkan teu jadi bangsa anu “minder” jeung éra lamun teu bisa ngomong ku Basa Inggris?

Naon anu geus dihasilkeun ku sistem atikan modérn iwal ngan saukur geus méakkeun mang triliun-triliun duit saukur dipaké keur ngabiayaan ngaganti kurikulum?

Posting Komentar untuk "Sistem Atikan di Nusantara"